WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

HAYU MICATUR KU BASA INDUNG, NYARITA KU BASA SUNDA

 

Kang Rudi Iskandar salaku nara sumber

HAYU MICATUR KU BASA INDUNG, NYARITA KU BASA SUNDA

SUKATANI – www.wartasunda.id  

Basa téh ciciren bangsa nu merdeka. Taya deui cara, sangkan basa Sunda ngalalana di unggal jaman, nya kudu dipaké dina paguneman sapopoé. Pangpangna dina média digital. Pikeun ngareuah-reuah Poé Basa Indung Sadunya 2025, hayu nyebarkeun basa Sunda. Trét nulis, prak nyarita.

Korwil VIII Sukatani – Plered geus ngalengkah ku paniatan nindak lanjuti kagiatan Workshop Implementasi Kurikulum Merdeka, pada Kurikulum Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Sunda di Purwakarta. Korwil VIII Kecamatan Sukatani jeung Kecamatan Plered, dina poé Juma’ah ping 21 Pébruari 2025, tempat kagiatanna di dua tempat saperti di UPTD SDN 1 Cianting Utara, Sukatani, sarta UPTD SDN Babakansari Plered Purwakarta.

Malah Mandar dina poéan mieling Basa Sunda sadunya ieu téh, Korwil VIII Sukatani - Plered Widang Pendidikan Ngajurunglaku guru-guru ngiring aub Workshop Kurikulum Basa Sunda.

Kagiatan ieu minangka Workshop Basa Sunda pikeun mere pangaweruh ka juru Atik ti narasumber ogé praktisi basa nu kawentar ahlina.

Kagiatan éta, samemeh na dibuka langsung ku Kepala Bidang Pembinaan Ketenagaan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Dodi Winandi, S.Pd,. MM.,

Dina biantarana yén nyawalakeun kagiatan éta téh, tangtu keur Dinas Pendidikan mah ngiring reueus tur reugreug yén tarékah jeung patéah Korwil Sukatani – Plered nepika ngayakeun kalumangsungan hirup kumbuhna basa Sunda ku cara worshop basa Sunda.

"Tong keueung jeung tong melang, mending ti ayeuna HAYU MICATUR KU BASA INDUNG, NYARITA KU BASA SUNDA poma ngagunakeun basa sapopoé basa Sunda di lingkungan sakola jeung kulawarga," pokna Dodi.

Dina kasempetan éta, Kang Rudi Iskandar salaku nara sumber dina kagiatan éta téh, ngarasa reugreug yén juru atik SD di Sukatani - Plered téh gedé haté/percaya diri rék ngatik jeung ngadidik basa Sunda.

Kukituna uar pangajakna yén tiap guru nu ngiring aub kagiatan ieu téh, dipiharep juru atik, tiasa langkung ngantebkeun kana hirup-huripna kalumangsungan Basa, Sastra jeung aksara, Budaya Sunda. Lian ti éta miara tur ngamekarkeun  Basa, Sastra jeung aksara, katut budaya Sunda. Anapon kitu ngamekarkeun ajen-inajen kasundaan.

Sedengkeun pihak Korwil VIII Sukatani – Plered, H. Sunarya, S.Pd, M.Pd basa dipenta kamandangna ku www.wartasunda.id, inyana ngahaja ngajurunglaku guru-guru di Kecamatan Sukatani katut Plered sangkan ngiring aub dina Workshop Kurikulum Basa Sunda.

Lian ti kitu acara ieu téh rék ditindaklanjuti ka guru-guru nu sanés, malah rék ditalepakeun deui ku guruna di kelas sewang-sewangan.

Lain halna ceuk wawakil pamilon ti SDN 4 Panyindangan, Sukatani, Ruhiana, S.Pd acara ieu téh, kalintang saéna komo ngeunaan Workshop implementasi Kurikulum Merdeka pada kurikulum Muatan Lokal Bahasa Jeung Sastra Sunda di Purwakarta  anu dilaksanakeun dilingkungan Korwil VIII Kecamatan Sukatani. Numutkeun pamadegan simkuring salaku guru SD hadir di SDN 1 Cianting Utara ageung mangpaatna, margi salami ieu simkuring diajar tetembangan hususna pupuh 17 diajar dina youtube. Tapi ari ayeuna mah diajar langsung jeung prak-prakanana tetembangan pupuh 17 dipandu ku ahlina.

“Insya Alloh, kapayunna élmu ieu rék ditalepakeun deui ka barudak didikna disakola.” Pokna Ruhyana.

Lain halna ceuk Asép Supriatna, S.Pd, Kepala SDN 3 Panyindangan ka www.wartasunda.id dina lolongkrang waktu di SDN 1 Cianting Utara, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bapa kalih Ibu Guru nu parantos ngiring aub dina raraga ngahudangkeun jati diri urang salaku urang Sunda, anu kalintang peryogina kalayan mangpaatna husus kanggo marurangkalih didik disakola kanggo ngemutan deui kana pakaya kasundaan anu henteu ngan saukur dianggap babalagonjangan, kedah reueus, kedah bingah yén Sukatani parantos gawé bareng sareng Plered dirojong ku para Panatacalagara parantos ngayakeun Workshop Implementasi Kurikulum Merdeka, pada Kurikulum Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Sunda di Purwakarta.

Supados janten mangpaat, mangga urang sasarengan ngawujudkeun Jati diri anu sajati ogé léngkah - léngkah anu nyata dina ngalaksanakeunnana eusi-eusi kasundaan.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén kagiatan ieu téh dihadiran Kasi Pendidikan dan Tenaga Kependidikan PAUD PNF, Rudi Iskandar, S.Pd, Ade Suryadin, S.Pd. M.Pd (Pupuhu Pangauban Kawih Sunda Purwakarta) salaku narasumber ieu kagiatan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HAYU MICATUR KU BASA INDUNG, NYARITA KU BASA SUNDA"

Posting Komentar