SMPN SATU ATAP CIAWI MAGELARKEUN LDKS 2024
WANAYASA – Grup Warta Sunda,-
P |
oé Kemis jeung Juma’ah ping 21 - 22 Nopember 2024 nu tempatna dilingkungan SMPN Satu Atap Ciawi, Wanayasa magelarkeun kagiatan Latihan Dasar Kepemimpinan Siswa (LDKS) 2024.
Kagiatan éta téh diiluan kurang leuwih 40 urang pamilon nu ngawengku 20 urang ti Kelas 7 sarta 20 urang ti Kelas 8. Sarta dihadiran rengrengan pangurus OSIS, Kepala Sekolah katut rengrengan juru atik sinareng Staf Tata Usaha. Malah mandar para Guru jeung Staf Tata Usaha ogé dilibatkan lian ti aya nu janten pemateri ogé mantuan kegiatan. Kitu ditetelakeun Kepala SMPN Satu Atap Ciawi Wanayasa, Yuni Sundari, S.Pd ka Grup Warta Sunda, Juma’ah, 22/11/2024.
Kepala SMPN Satu Atap Ciawi Wanayasa, Yuni Sundari, S.Pd, nalika mere arahan ka pamilon LDKS 2024.*Kegiatan LDKS ieu minangka agenda taunan di SMPN Satu Atap Ciawi, malahan ayueuna lumangsung di bulan Nopember, poma cuaca usum ngijih, yén pamilonna masih sarumanget nepika acara réngsé kalayan daria.
Disagedengeun éta, kiprah OSIS di sakola mawa kaparigelan pikeun ngawadahan para siswa dina ngamekarkeun katerampilan kapamingpinan, lian ti kitu ogé ngalatih sipat tanggungjawab, sarta gawé bareng di kalangan siswa. Malah mandar pikeun ngabenbentuk anggota OSIS anu cakap, siswa kedah ngiringan LDKS.
Ceuk Ketua OSIS SMPN Satu Atap Ciawi, Siti Salwa (siswa Kelas 8) nu direncangan Wakil Ketua Naila, “Alhamdulillah, para pamilon antusias ngiring kagiatan ti mimiti pembukaan dugika penutupan. Haladir saratus persen,” saur Siti Salwa.
Materi-materi nu ditepikeun dina LDKS 2024 ieu diantarana : mengenai kepemimpinan, etika Kepemimpinan, keorganisasian, praktik kepemimpinan, teknik persidangan, pembuatan dokumen (surat, proposal, LPJ) dan pengarsipan, dinamika kelompok, serta internalisasi nilai-nilai buku panduan.***
0 Response to "SMPN SATU ATAP CIAWI MAGELARKEUN LDKS 2024"
Posting Komentar