Peluncuran Buku Riak Sajak Antologi Puisi Warga Purwakarta Jilid 3
Peluncuran Buku Riak Sajak Antologi Puisi Warga Purwakarta Jilid 3
Ku : Kiwarta
Kagiatan ieu téh minangka saniskara kagiatan nu dikemas ku Bengkel Sastra Riak Sajak Purwakarta sawatara waktu katukang. Dina hal ieu mah, kagiatan geus ngahasilkeun parade antologi puisi warga Purwakarta nepika jilid ka tilu.
Saperti ayeuna nepika ayana Peluncuran Buku Riak Sajak Antologi Puisi Warga Purwakarta Jilid 3. Ku rancagéan Bengkel Sastra Riak Sajak Purwakarta. Malah Mandar dina eusi buku ieu téh, aya kaparigelan tokoh puisi karahot.
Ku kaparigelan éta, tangtu mawa pangaruh ka para nonoman atawa warga Purwakarta nu mikaresep kana puisi Mandar nepika bukuna ogé di bedah ku para ahli, komo ieu Nara sumberna ogé nu Marasih anom. Saperti kang Dian Hardiana sareng Zulfa Nasrulloh nu di pandu ku néng Sinta Ghisti pikeun mawa aura kana dunya sastra.
Dina kasempetan éta, pupuhu Sanggar Sastra Purwakarta Kang Rudi Aliludra dina biantarana téh, hayang kagiatan atawa buku-buku sastra warga Purwakarta langkung nanjeur kalayan daria.
Kalih ti éta, mugia kapayunna muncul para nonoman anu mikacinta dunya sastra. Sok sanajan ayeuna nyieun buku kakara jilid ka tilu. Tapi enjing jaga ning geto langkung anteb buku-bukuna hususna anu dipedalkeun Bengkel Sastra Riak Sajak Purwakarta.
Lain haln ceuk Kepala Dinas Pemuda, Olahraga, pariwisata dan Budaya (Disporaparbud) Kabupatén Purwakarta, Abah Muhammad Ramdan, inyana miharep kapayunna tiasa nganggarkeun keur medalkeun buku Sastra.
Kagiatan peluncuran buku ieu eusina euyeub ku para sastrawan warga Purwakarta. Ngeunaan kaayaan Purwakarta mangsa harita manga kiwari. Tangtos ieu janten emuteun urang saréréa.****
Nuhun wartana ,mugia acara bengkel sastra sajak di pikawanoh ku nonoman kiwari
BalasHapusHaturnuhun, kana antensina. Aamiin
Hapus