Sanggar Sastra Purwakarta Magelarkeun Bengkel Sastra Riak Sajak Purwakarta
Alhamdulillah ku pihak panatacalagara dipasihan kapercantenan di poto pamilon nu kahiji (Kang Rudi Aliludra sinareng Ali Novel Magda)*
PURWAKARTA - Grup Warta Sunda,-
Sanggar Sastra Purwakarta, gawé bareng jeung Pusat Pengembangan dan Pelindungan Bahasa dan Sastra, Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Kemendikbudristek RI, ngayakeun kagiatan apresiasi-kreasi sastra keur warga Purwakarta anu judulna "Apresiasi Jeung Kreasi Sastra: Ngahargaan Jeung Ngamumule Kabeungharan Budaya". Ieu kagiatan téh boga tujuan pikeun ngamajukeun budaya lokal jeung ngajaga warisan sastra Sunda supaya tetep hirup tur nerekab ka generasi salajengna. Kajian sastra, workshop kreatif, jeung diskusi interaktif baris jadi bagian penting dina acara ieu, ngarah warga Purwakarta bisa leuwih ngarasakeun tur ngartos kabeungharan budaya sorangan.
Kegiatan ieu dimaksudkeun kanggo ngaronjatkeun rasa cinta warga ka sastra Sunda, ngamekarkeun bakat-bakat anyar dina widang sastra, jeung ngajaga warisan budaya Sunda supaya teu leungit ku jaman.
Dina acara ieu, warga bisa ngiring aub dina rupa-rupa kagiatan sapertos kaya lomba nulis carita pondok, baca puisi, jeung diskusi sastra, nu sadayana dibalut ku suasana anu santai jeung inspiratif.
Kagiatan ieu ogé jadi ajang silaturahmi sarta tuker pikiran antara sastrawan jeung warga, ngarah bisa silih ajarkeun jeung ngamekarkeun sastra Sunda di Purwakarta.***
0 Response to "Sanggar Sastra Purwakarta Magelarkeun Bengkel Sastra Riak Sajak Purwakarta "
Posting Komentar