MUTIARA ISLAMI : Tobat ka Allah SWT Jadi Cara Mungkas Akhir Taun
MUTIARA ISLAMI : Tobat ka Allah SWT Jadi Cara Mungkas Akhir Taun
Khutbah I الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا ، عَسَى رَبُّكُمْ أَنْ يُكَفِّرَ عَنْكُمْ سَيِّئَاتِكُمْ وَيُدْخِلَكُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Tipayun, haru urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT anu maha gofur. Alhamdulillah, kalayan kucuran rohmat sareng inayah-Na, urang sadayana masih dipaparin kasempetan tur rupi-rupi kani‘matan, terutami ni‘mat iman sareng Islam. Teu aya kajabi ni‘mat sehat oge ni‘mat kakiatan, sahingga dina danget ieu urang masih kapanggil ngajalankeun parentah Allah, nyaeta ibadah jumah. Sabab geuning masih aya wargi-wargi urang anu kuat jeung jagjag fisikna, tapi teu kiat ngangkatkeun dua sampeannana ngabujeng kana ieu patempatan. Mugia urang sadayana sapapaosna dipaparin kakiatan sareng hidayah kanggo istiqomah ngabakti ka Mantenna. Amiin ya robbal alamin. Baca Juga Khutbah Jumat Singkat: Bertaubatlah Sebelum Datangnya Dua Waktu Teu hilap oge solawat sinareng salam mugia sing dikucurkeun ka Panutan Alam, nyatana Nabi Muhammad SAW. anu mangrupikeun sosok istimewa taya padana anu nganteurkeun urang sadayana kana jalan kaimanan miwah katakwaan. Solawat miwah salam oge mugia sing dikucurkeun ka kulawargina, para sahabatna, tabiin tabiat-na, dugi ka urang sadayana anu miharep diangken umatna kalayan jaga kenging syafaatna. Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun wasiat ka diri pribadi umum ka sidang jumah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt.
Tangtosna, ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan di zaman repot sapertos ayeuna, sanes perkara anu gampang. Nanging, sakirang-kirangna anu tos aya sareng anu tos diraih teu kenging leupas deui ku godaan ni‘mat duniawi semata. Sabab, teu aya deui musibah pang ageung-ageungna anging maot teu nyandak iman. Naudzu billlah.
Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Salaku manusa biasa, urang tangtos moal luput tina kalelepatan, oge teu aya anu gaduh jaminan leupas tina dosa jeung kasalahan. Nanging, kaayaan ieu parantos diantisipasi ku Alloh subhanahu wata’ala, Dzat anu maha nyiptakeun sareng maha uninga kana kaayaah makhluk dadamelannana. Ku hal sakitu, Alloh marentahkeun urang sadayana keur midamel tobat, sakumaha dina surah at-Tahrim ayat 8 anu ku khotib diaoskeun dina muqodimah tadi: Baca Juga Khutbah Jumat Singkat: Introspeksi Diri di Akhir Tahun يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا Anu hartosna, “He jalma-jalma anu iman, tararobat anjeun ka Alloh, kalayan tobat anu nasuha, harti tobat anu saleres-leresna,” (QS. At-Tahrim [66]:8). Sanajan teu dijelaskeun, ngalangkungan ayat anu nembe, Alloh peupeujeuh yen Mantenna tos mukakeun panto panghampura keur hamba-hamba-Na. Sabab, teu mungkin pami Alloh miwarang tobat, tapi nutup panto panghampura. Nanging, panghampura teu kitu wae dibikeun ka hamba-Na samemeh maranehna usaha sataker kebek ngengingkeunnana. Salah sahijina ngalangkungan tobat nasuha tadi. Lajeng ayat di luhur nguningakeun: عَسَى رَبُّكُمْ أَنْ يُكَفِّرَ عَنْكُمْ سَيِّئَاتِكُمْ وَيُدْخِلَكُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ Anu hartosna, “Mudah-mudahan Pangeran anjeun nutupan kasalahan-kasalahan aranjeun sareng ngasupkeun aranjeun ka surga anu ngalir wahangan-wahangan di handapna.” Dina ayat di luhur Alloh ngagunakeun lafadh [‘asa] anu hartosna ‘mudah-mudahan’. Kecap mudah-mudahan nunjukkeun ka urang sadayana yen Alloh henteu mastikeun panghampura ka hamba-Na anu tobat. Teu pasti di dieu dima’naan ku para ulama, sanes hartos urang sia-sia migawe tobat, tapi dipahami supaya urang bener-bener dina ngajalankeun tobat sareng ngayakinkeun diri yen urang bener-bener hamba anu pantes kenging panghampura ti Mantenna. Baca Juga Khutbah Jumat Singkat Jelang Akhir Tahun: Enam Sifat yang Dibenci Allah SWT Kitu pisan Alloh nawiskeun panghampura anu janten hak preogatifna, tapi benangna ditangtukeun ku irodah-Na sareng kasungguhan hamba kanggo ngengingkeunnana. Ku hal sakitu, tugas urang mah usaha anu saleres-leresna ngalaksakeun parentah Alloh nyaeta taubat nasuha sareng nunjukkeun diri yen urang hamba anu layak kenging panghampura mantenna.
Anapon anu dimaksud tobat nasuha nyaeta tobat anu dijalankeun kalayan maksimal. Henteu satengah-satengah. Lain heuheureuyan. Lain ayeuna milampah dosa, isukan tobat, isukna milampah deui dosa nu sarua. Tuluy isukna tobat deui. Kitu saterusna. Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Langkung paosna, para ulama parantos ngawincik sababaraha syarat tobat nasuha. Kahiji, niat tobat urang kudu tulus jeung ikhlas, murni karena Alloh, sanes hayang katanggar ku jalma, oge lain hayang katingal soleh jeung nyantri. Kadua, para ulama tos nyebatkeun, syarat taubat nasuha eta ngarasa hanjalakal kana dosa anu tos dilakukeun. Di dieu hesena tobat ka Alloh, sabab hate urang kaseringan hese diajak haneueul kana padamelan salah nu geus kaliwat. Katilu, syarat taubat nasuha teh nyaeta ngeureunan samampu mungkin sagala padamelan dosa, ageung atanapi alit. Sabab teu aya dosa alit lamun dilakukeun terus-terusan, jeung moal aya dosa ageung lamun ditungtungan ku tobat nasuha.
Salian ti ngeureunan, syarat tobat nasuha oge nekadkeun hate yen moal rek ngulangi deui pagawean dosa sarupa dina waktu nu bakal datang. Nyakitu deui dosa-dosa sejenna. Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Para ulama oge negeskeun, salian ti nekadkeun moal migawe deui dosa nu sarupa, urang oge satekah polah ngaganti atawa nebus kasalahan anu geus kaliwat. Contona, lamun urang pernah ningalkeun hiji kawajiban, maka ganti atanapi diqodo. Nyakitu keneh nalika urang ngagasab hak batur, kedah dipulangkeun atawa nyuhunkeun dihalalkeun kalawan ditungtungan menta dihampura dugika eta jalma anu dirampas hakna ngahampurana. Tah kitu parentah tobat nasuha sareng syarat-syaratna anu teu meunang ditotolerkeun. Sabab, teu pati-pati Alloh marentahkeun hiji perkara anging keur kamaslahan hamba-Na. Teu pati-pati Alloh marentahkeun tobat anging keur kahadean hamba-Na keneh supaya nyadari kasalahan anu geus pernah dipigawe sakaligus jadi salah sahiji cara keur ngomean kaayaan. Sabab, bisa jadi, karusakan, bencana, musibah, malapetka, anu keur nimpa urang atawa nimpa dulur-dulur urang teh akibat kesalahan, buah perbuatan oge pelanggaran urang kana larangan Alloh sareng rosul-Na. Hal ieu lain tanpa dasar, sabab Alloh parantos ngadawuh dina salah sawios ayat Al-Quran:
فَلْيَحْذَرِ الَّذِينَ يُخَالِفُونَ عَنْ أَمْرِهِ أَنْ تُصِيبَهُمْ فِتْنَةٌ أَوْ يُصِيبَهُمْ عَذَابٌ أَلِيمٌ
Hartosna, “Sakedahna jalma-jalma anu nyulayaan kana perintah rasul, sieun yen ditibanan fitnah atanapi ditibanan adzab anu peurih,” (QS. an-Nur [24]: 63). Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu Dirahmati Allah SWT, Maka nutup lemaran tahun 2023, hayu urang introspeksi sareng nata diri urang sadayana. Hayu urang bersihkeun diri, urang jernihkan hate ku milampah taubat. Oge urang sambut waktu nu bakal datang sareng tahun anyar 2024 anu langkung optimis. Insyaallah, ku ngalangkungan tobat sareng panger kana tuntunan Alloh, kahormatan agama, jiwa, akal, turunan, sareng harta urang bakal langkung kajaga sareng hirup urang langkung tertata.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ Khutbah II اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ اَللّٰهُمَّ مَا عَمِلْتُ مِنْ عَمَلٍ فِي هٰذِهِ السَّنَةِ مَا نَهَيْتَنِي عَنْهُ وَلَمْ أَتُبْ مِنْهُ وَحَلُمْتَ فِيْها عَلَيَّ بِفَضْلِكَ بَعْدَ قُدْرَتِكَ عَلَى عُقُوْبَتِيْ وَدَعَوْتَنِيْ إِلَى التَّوْبَةِ مِنْ بَعْدِ جَرَاءَتِيْ عَلَى مَعْصِيَتِكَ فَإِنِّي اسْتَغْفَرْتُكَ فَاغْفِرْلِيْ وَمَا عَمِلْتُ فِيْهَا مِمَّا تَرْضَى وَوَعَدْتَّنِي عَلَيْهِ الثَّوَابَ فَأَسْئَلُكَ أَنْ تَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَلَا تَقْطَعْ رَجَائِيْ مِنْكَ يَا كَرِيْمُ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
Penulis: Ustadz M Tatam Wijaya, Sumber: NU Online
Sumber: https://jabar.nu.or.id/khutbah/khutbah-jumat-singkat-bahasa-sunda-tobat-ka-allah-swt-jadi-cara-mungkas-akhir-taun-QF3ne
___
Download NU Online Super App, aplikasi keislaman terlengkap! https://nu.or.id/superapp (Android/iOS)
0 Response to "MUTIARA ISLAMI : Tobat ka Allah SWT Jadi Cara Mungkas Akhir Taun"
Posting Komentar