WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Paturay Tineung Siswa Kelas 12SMAN 1 CampakaTahun Pelajaran 2023/2024




Paturay Tineung Siswa Kelas 12SMAN 1 CampakaTahun Pelajaran 2023/2024

PURWAKARTA - Grup Majalah Warta Sunda,-
Tanggal 1 Juni lian ti Hari Kesaktian Pancasila, keur warga sakola SMAN 1 Campaka minangka titimangsa poé panungtungan keur siswa kelas 12. Paturay tineung Tilu taun pihak sakola Ngatik jeung ngadidik aranjeun (para siswa), nu datang nyiar élmu, nu mulang mawa élmu. 

Bray anaking geura sorang sagara kahirupan anyar, tong hilap jaga almamater SMAN 1 Campaka. Anjeun baris mawa Komara sakola lajuning mapay sagara kahirupan. Anjeun geus waktuna némbongkeun jati dirina. Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa. Pileuleuyan-pileuleuyan paturay patineung patepang deui di kaanggangan.
Pangantén upacara adat Sabrina Salsabila salaku pangantén awéwé, sinareng Teguh Muhamad Putra pangantén lalaki. Dijurung laku ku Kepala Sakola.*

Sambung du'a ti kulawedet SMAN 1 Campaka, mugia aranjeun sing sarehat jagjag waringkas, tinemu kabagjaan pinanggih kasuksesan, tinekanan pamaksadan. Soleh tur solehah. Aamiin Yaa Robbal Alamin. Kitu ditembrakeun ku Kepala SMAN 1 Campaka, Kusnawijaya, S.Pd., M.Pd., ka Grup Majalah Warta Sunda, sabada acara Paturay Tineung Siswa Kelas 12 Tahun Pelajaran 2023/2024, dilokasi acara Gedung STT Wastu Kencana, Babakancikao, Purwakarta, 1/6/2024.
Kepala SMAN 1 Campaka, Kusnawijaya, S.Pd., M.Pd., nalika biantara dipayuneun siswa-siswina.*

"Acara pelepasan siswa ieu téh, taun ayeuna mah ngahaja lumangsung di Gedung STT Wastu Kencana Purwakarta, acarana dimimitian jam 08.00 WIB. Pelepasan siswa kelas 12 taun 2024 nu témana “Present by Caturdasa Arutala”, pokna.

Lian ti éta, nu kasauran Kusnawijaya, pihakna ngayakeun acara Paturay Tineung Siswa Kelas 12 Tahun Pelajaran 2023/2024. "Ayana resepsi Upacara Adat Sunda, Cirining teu mohokeun kana budaya Sunda nepika aya acara sembah sungkem." Pokna deui.
Sembah sungkem panganten istri*

Nu janten ciri dina upacara adat éta, perwakilan sapasang pangantén upacara adat nyatana Sabrina Salsabila salaku pangantén awéwé, sinareng Teguh Muhamad Putra pangantén laki-laki. Ieu téh minangka bentangna SMAN 1 Campaka.

Lain halna ceuk Sabrina Salsabila, acara ieu téh, detik-detik perpisahan, pisah sareng nu janten guru nyatana ibu bapa guru nu parantos masihan élmu sinareng piwuruk katuy pitutur.

Sedengkeun saur Teguh Muhamad Putra, sim kuring ngarumaoskeun seur kalepatan, kukituna ngawakilan rerencangan seja nyuhunkeun samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Majalah Warta Sunda, yén 310 siswa siswi kelas 12 SMAN 1 Campaka siswana lulus 100 persen téh dipaturaytineungkeun ku rengren tenaga pendidik sastra tenaga kependidikan SMAN 1 Campaka Purwakarta.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Paturay Tineung Siswa Kelas 12SMAN 1 CampakaTahun Pelajaran 2023/2024"

Posting Komentar