Kiprahna Komite Sekolah Gedé Mangpaatna keur Nyamen
Kiprahna Komite Sekolah Gedé Mangpaatna keur Nyamen
Ku : Anto SukantoNitenan usum Samen di sakola, acara paturay tineung siswa geus kabiasaan tradisi adat istiadat di unggal sakola tangtuna méakeun waragad anu kalintang gedéna teu cekap ku artos sakedik.
Saperti sawatara waktu katukang ti mimiti jenjang tingkat SLTA/MAN/SMK, SMP/MTs nu geus ngagelar acara paturay tineung siswa kelas 3 atawa kelas 9/12. Ayeuna di jenjang PAUD/RA katut SD/MI/MD keur tatahar ngayakeun samenan.
Nilik tina ku kaparigelan Komite Sekolah dedikasina pikeun ngabantu pihak sakola ngalumangsungkeun acara paturay tineung siswa. Ti mimiti ngayakeun rapat internal komite jeung orang tua wali murid pikeun kasapukan ngayakeun rereongan ngaluarkeun waragad. Sangkan acara nu dikemas dina samenan siswa.
Keur mah Samenan téh ti beh ditu kénéh geus aya, kabiasaan kolot baheula sok biasa ngareuah-reuah.
Samen téh kecap injeuman tina basa Walanda. "Lamun nilik kana kamus basa Walanda, samen hartina babarengan. Bisa jadi geus aya pergeseran harti di masarakat Sunda, ku kituna samén téh dihartikeun minangka acara promosi atawa wisuda barudak sakola.
Acara samen ogé biasana dieusi ku saniskara kagiatan, saperti: pintonan kreasi tari has Sunda, Pertunjukan seni siswa, seperti kabaret, teater, atawa dance. Ngan anu langkung anten deui nyaéta Pembagian rapor pon kitu deui Penghargaan ka guru-guru
Nepi ka ahir taun ajaran, kagiatan naék kelas atawa resepsi perpisahan dilaksanakeun ampir di sakumna sakola. Pikeun masarakat Sunda, kagiatan upacara naék kelas jeung ngabébaskeun wisuda téh leuwih katelah samen atawa samenan.
Samen sigana momen husus keur barudak sakola. Lantaran dibéré lolongkrang pikeun mintonkeun kaparigelanana di panggung, boh nyanyi, jogét, maen musik, maca sajak, kabarét jeung sajabana. Salian ti éta, umumna mangsa samén barudak bakal dibéré duit saku leuwih, saolah-olah pikeun ngalengkepan euforia lulus atawa naék ka kelas.
Ibarat silaturahmi, acara samen dibarung ku kabingahan sarta dirangkep jadi acara seremonial. Barudak riweuh, kolot-kolotna riweuh nyiapkeun, sakola nyiapkeun acara, jeung padagang datang neangan nafkah.
Samen téh istilah basa Sunda pikeun ngamulyakeun budak anu geus lulus atawa maju ka kelas.
Nurutkeun data ti Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset, dan Teknologi (Kemendikbud Ristek) menegaskan kegiatan atau prosesi wisuda di sekolah tidak bersifat wajib.
Kuhal éta ogé geus tertuang di laman Peraturan Menteri Pendidikan, Kebudayaan, Riset, dan Teknologi (Permendikbud Ristek) Nomor 75 Tahun 2016 dan Surat Edaran Sekretaris Jenderal Kemendikbud Ristek Nomor 14 Tahun 2023.
Jadi ku mahabuna budaya samen nu dilakukan oleh satuan pendidikan, sesuai Sekretaris Jenderal Kemendikbud Ristek Nomor 14 Tahun 2023 dan Permendikbud Ristek Nomor 75 Tahun 2016, Kemendikbud Ristek menegaskan bahwa kegiatan itu tidak bersifat wajib," ieu data ti sumberna resmi ti Kemendikbud.***
0 Response to "Kiprahna Komite Sekolah Gedé Mangpaatna keur Nyamen"
Posting Komentar