MUNGGAHAN, KIRATA JEUNG FILOSOFINA
MUNGGAHAN, KIRATA JEUNG FILOSOFINA
Munggahan. Hiji kecap nu geus mo bireuk deui pikeun urang Sunda hususna, pangeusi nagara urang dina umumna. Munggahan hiji kecap nu nuduhkeun pagawéan riung mungpulungna sadulur-dulur, ngambah baraya, kanca mitra, sobat-sobat, nu dieusi ku pasamoan balakécrakan dahar dina mapag bulan suci Romadon. Nya munggahan geus jadi tradisi di nagara urang, ngariung saacan ngalaksanakeun ibadah puasa. Pasamoan boh di lingkungan gawé, jeung tatangga, jeung dulur, jeung sobat, nu tempatna bisa di kantor, di sakola, di kebon, di buruan imah, malah di réstoran méwah, jsté. Saréréa nyacapkeun kabungah, duméh rék panggih jeung bulan suci. Tapi teu jarang nu sok makmak mekmek, teu cukup ku milu sakali, di rombongan ieu milu, di grup itu ngiring, di kelompok ieu ikut, mani jiga nu mangpang- meungpeung da bulan puasa mah can karuhan bisa dahar beurang kieu. Komo ayeuna mah jaman canggih, sagala kagiatan téh diaraplod pagaya-gaya kana média sosial keur lalajoaneun batur. Atuh beuki loba waé nu munggahan da sieun disebut teu gaul, teu kabedag botram, teu boga babaturan, jsté. Tapi kadé kétang ieu mah lain riya, mugia waé ieu bener nyacapkeun kabungah nepikeun rasa syukur duméh rék panggih jeung bulan suci. Tapi keun wé lah da mémang éta geus ngabaju di bangsa urang. Taya rugina ieuh. Justru alus manjangkeun silaturahmi, mayukeun nu keur usaha. Bener teu?
Munggahan sakali deui geus jadi istilah dina basa Indonésia ngaliwatan prosés interférénsi. Basa Sunda aslina, diserep kana basa Indonésia tur antukna dipaké di sakuliah nagri. Keun ulah sok bedegong hayang dikeukeuweuk ku sorangan, urang salaku urang Sunda kudu ngaridokeun kecap munggahan jadi basa nasional. Lumayan jang ngeuyeub-ngeuyeub. Jaba bisa ngadatangkeun kareueus basa Urang dipaké ku sélér lian. Keun itung-itung sodakoh budaya wé. Ulah medit.
Munggahan ceuk étimologi mah asalna tina kecap unggah nu hartina naék. Mun maké semiotika mah meureun bisa disebut alégori malah métafor nu hartina naék darajat, unggah kabiasaan hirup kana tingkatan nu leuwih hadé.
Munggahan aya ogé nu ngahartikeun unggah katakwaan lantaran rék naék tina bulan biasa kana bulan nu pinuh ku hikmah tur pinuh ku kabarokahan nyatana bulan Romadon. Malah apan dina Romadon mah aya hiji peuting nu leuwih mulya manan saréwu bulan. Tah ieu pisan meureun nu jadi kasang tukang munggahan dijadikeun kabiasaan mapag Romadon téh .
Saéstuna, di Sunda téh beunghar pisan ku budayana. Budaya nu euyeub ku filosofi kahirupan contona waé dina sastra lisan. Sastra lisan nu sifatna réluri, gethok tular, alias nyebarkeunna ku tatalépa tina obrolan hijib jalma ka hiji jalma lianna, tapi taya nu apal saha nu mimiti ngawanohkeun atanapi pangarangna. Tah salah sahijina meureun seni kirata. Nya Ki Sunda mibanda kirata alias dikira-kira tapi nyata. Contona jelema merejel tina beuteung ema, korsi cokor di sisi, sirah disisir gagah, korong dikorék ngagorolong, jsté. Sakali deui, saha nu apal éta istilah-istilah téh urang mana nu ngawanohkeun jadi kirata? Asana taya. Éta mah sumebar ti jaman karuhun mula bari taya prasastina.
Balik deui ka pasualan kecap munggahan. Sabenerna kecap munggahan téh bisa disebut kirata tina miang unggah ngudag kabarokahan. Pihartieunna mah nya teu jauh jeung nu dipedar di awal. Mibanda filosopi ngarubah diri tinu kurang jadi punjul, ngundakeun darajat tina nu goréng jadi alus, héngkér jadi kuat, nu tangtuna dina harti kana kaalusan utamana katakwaan.
Tah kitu, nu bisa dipedar ngeunaan kirata tina munggahan jeung filosopina. Urang pulung nu alusna, utamana itung-itung miara budaya nu méh kaluli-luli, dipahing pisan tumpur.
Eh nitip, ulah munggah jeung lauk puasa teu kaduga! Omat dak! Cag ah.
Ku: Abah Unang Sumarna
0 Response to " MUNGGAHAN, KIRATA JEUNG FILOSOFINA"
Posting Komentar