WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KAJEMBARAN BASA SUNDA


Urang Sunda mah ngabogaan salah sahiji tradisi unik dina méré atawa nerapkeun ngaran pikeun jadi "idéntitas diri" hiji jelema (utamana kolot baréto mun méré ngaran ka budakna) sok néangan ngaran nu (kacirina) siga sederhana (simpel) tur ringkes, bari teu ngurangan kana makna atawa maksud nu dituju kunu nyieun ngaranna. Salah sahiji kaunikanana nyaéta ku ayana "pengulangan" atawa malénan kecap boh dina sakalimat mimiti pon kitu deui dina kalimat séjén nu ngantét satukangeunana (papanjangna). Atuh leuwihna ti kitu ieu "bentuk" unik ngaran kieu téh bisa jadi ciri ogé némbongkeun "idéntitas asal" yén nu boga ngaranna bisa dipastikeun (lumrahna atawa ilaharna) asalna ti Sunda atawa aya turunan Sunda.

Geura urang tengetan conto ngaran-ngaran basajan, simpel tur ringkes urang Sunda di handap ieu (nu tangtuna teu ngurangan kana harti "istiméwa" nu aya di satukangeun éta ngaran), diantarana:


A. "Pengulangan" Atawa Malénan Kecap Dina Sakalimat:

1. Malénan Kecap Gembleng (Murni):

Aa, Ii, Uu, Éé, Oo, Caca, Cici, Cucu, Cécé, Ceuceu, Cancan, Cuncun, Dada, Didi, Dudu, Dédé, Dodo, Dindin, Déndén, Gangan, Gingin, Gungun, Hénhén, Jaja, Jéjé, Juju, Jojo, Junjun, Jonjon, Kaka, Kiki, Kéké, Koko, Keukeu, Kénkén, Kinkin, Lala, Lili, Lulu, Mimi, Mumu, Momo, Nana, Nini, Nunu, Nono, Pupu, Popo, Rara, Riri, Réré, Roro, Ranran, Rinrin, Rénrén, Sasa, Sisi, Sansan, Sénsén, Tata, Titi, Tété, Toto, Tantan, Tintin, Téntén,Tonton, Wawa, Wiwi, Wowo, Yaya, Yuyu, Yéyé, Yoyo, Yanyan, Deudeu, Geugeu, Teuteu, Usus, jrrd.

2. Malénan Kecap Gembleng (murni) + Rarangken Akhir Hurup Séjén:

Aab, Aah, Aam, Aan, Aar, Aas, Aat, Aang, Iim, Iin, Iip, Iis, Iit, Iing, Uum, Uun, Uus, Uut, Éém, Één, Éép, Éét, Ééng, Ooh, Oom, Oon, Oop, Oos, Oot, Babas, Baban, Bibin, Bubun, Bébén, Babang, Bibing, Cucun, Cécép, Cicih, Cucum, Cucup, Cécéng, Dadan, Didin, Dédén, Dadah, Didih, Duduh, Dédéh, Dodoh, Didim, Dadang, Diding, Dudung, Dédéng, Dodong, Gagan, Gigin, Gugun, Gégén, Gogon, Gagah, Guguh, Jéjén, Jujun, Jojon, Jajang, Kikin, Kékén, Kékéy, Kokon, Kokom, Kakang, Kiking, Lalam, Lalan, Lilis, Maman, Mimin, Mumun, Momon, Mamang, Miming, Nanan, Ninin, Nunun, Nonon, Nanang, Nining, Nunung, Nénéng, Nonong, Pipin, Pupun, Pépén, Popon, Pipih, Pépép, Piping, Pupung, Pépéng, Popong, Raras, Riris, Ririn, Ririt, Ririp, Tatan, Titin, Tétén, Tétép, Titim, Titis, Totoh, Titih, Tétéh, Tatang, Titing, Téténg, Totong, Wawan, Wiwin, Wiwit, Yayan, Yayat, Yiyin, Yuyun, Yuyum, Yuyus, Yéyén, Yéyét, Yoyon, Yayang, jrrd.


B. Pengulangan Atawa Malénan Kecap Tina Kalimat Awal, Dina Kalimat Saterusna (Papanjangna):

1. Malénan kecap AWAL tina kalimat mimiti, di AWAL kalimat kadua:

Cucu Cupnara, Déri Dériansyah, Duduh Durahman, Nana Narasa, Nunun Nurul Zaétun, Nunung Nurhasanah, Nunu Nugraha, Ganjar Gandara, Wawan Wahyudin, Tata Tajudin, Pupu Purnawati, Résti Réspitasari, Ririn Risnawati, Susi Susilawati, jrrd.

2. Malénan kecap AKHIR tina kalimat mimiti, di AWAL kalimat kadua:

Agus Gusnadi, Akun Kuntadi, Babas Basarudin, Bubun Bunyamin, Cucun Cunayah, Didim Dimyati, Dadan Daniswara, Gigin Ginanjar, Gugum Gumbira, Gugun Gunadi, Jaja Jakaria, Juju Juwariah, Jujun Junaedi, Kinkin Kintamani, Kokom Komalasari, Lilis Lisnawati, Mimin Mintarsih, Mumuh Muhtar, Réré Réinawati, Uun Unayah, Wawan Wanisar, Yayan Yanuar, jrrd.

3. Malénan kecap AWAL tina kalimat mimiti, di TENGAH kalimat kadua:

- Gembleng: Awat Muliawati, Lia Muliahati, Rina Nurinawati, Sari Nursariningsih, Tia Setiasih, jrrd.

- Sabagéan/Robahan:

Babas Subarna, Hari Suharyadi, Pipih Sopiah,  jrrd.

4. Malénan kecap AKHIR tina kalimat mimiti, di TENGAH kalimat kadua:

Aas Prahastuti, Aép Saépudin, Éép Saépul Malik, Oop Sopandi, Iip Saripudin, Dadan Sundana, Gagan Sugandi, Iman Firmansyah, Jaja Sujarwadi, Lilis Sulistiawati, Maman Somantri, Nénéng Sunéngsih, Pupud Latipudin, Wiwit Nurwitasari, Yayan Suryana, jrrd.

5. Malénan kecap tina kalimat mimiti, di AKHIR kalimat kadua:

- Gembleng: 

Ajat Sudrajat, Héri Suhéri, Ihat Muslihat, Lina Nurlina, Mila Karmila, Nandar Kusnandar, Parman Suparman, Ria Sabaria, Tati Hartati, Udin Tajudin, Yana Suryana, jrrd.

- Sabagéan/Robahan: 

Aam Muharam, Béti Nurbaéti, Dada Rosada, Dédi Junaédi, Didin Saprudin, Dudi Wahyudi, Iman Faturohman, Jaja Miharja, Maman Suherman, Nono Suwitno, Nana Suhana, Tati Rohayati, Tita Juwita, Tata Suhata, Wawan Setiawan, Yayan Sopyan, Yayat Sudaryat, jrrd.


PANAMBIH:

Aya ogé ngaran-ngaran anu geus jadi kailaharan (Khas) dalit pisan jeung ngaran Urang Sunda, nu ogé bisa dijadikeun kailaharan cicirén (idéntitas) asli kasundaanana atawa aya rundayan ti Sunda, diantarana:

- LALAKI:

Aang, Anang, Nanang, Nandang, Unang, Undang, Onang, Aom, Abing, Bibing, Acép, Cécép, Encép, Ucép, Docép, Cép, Asép, Dasép, Dusép, Cécé, Cé, Usép, Sésép, Apép, Pépép, Empép, Apét, Pépét, Aceng, Cécéng, Ucang, Aca, Ucu, Cucu, Icang, Agus, Adang, Dadang, Adé, Dédé, Dodé, Dudé, Udé, Dadan, Dian, Dédén, Édén, Dén, Adén, Didin, Udin, Ujang, Jajang, Ajang, Enjang, Ijang, Jang, Jéjén, Ujén, Éjén, Ojén, Engkos, Engkus, Tata, Tatang, Atang, Utang, Otang, Oting, Entang, Ita, Itang, Édi, Ajat, Aos, Adi, Ayi, Alo, Maman, Aman, Yaya, Tata, Ita, Momo, Omo, Tisna, Iim, Oom, Opik, Ook, Oyok, Ocid, Omod, Omon, Elon, Engkan, Engkun, Éman, Oman, Oyon, Apud, Nana, Nono, Nunu, Endang, Ending, Dadah, Didih, Duduh, Dadih, Ohim, Ucid, Imid, Dase, Daslim, Tarmid, Tarya, Tahya, Naryo, Ulé, Ocim, Acim jrrd.

- AWÉWÉ:

Ai, Ayi, Ani, Ari, Acah, Icih, Acih, Ocah, Ucah, Cicih, Cacih, Adé, Dédé, Cucu, Ucu, Cucun, Ucun, Cuncun, Juju, Uju, Deuis, Euis, Iis, Élis, Lilis, Eulis, Enung, Nunung, Unung, Enok, Dénok, Nénok, Épon, Édoh, Eutik, Éém, Nyai, Nyi, Dédéh, Endéh, Édéh, Éndah, Néndén, Endén, Énén, Néng, Nénéng, Enéng, Onéng, Onya, Éntang, Yayat, Yuyu, Yati, Yani, Tati, Téti, Éti, Ati, Oti, Uti, Atih, Yayah, Émi, Imi, Mimi, Mimin, Emin, Ésih, Asih, Isah, Tétéh, Étéh, Entit, Mamah, Amah, Imah, Emah, Ook, Oyok, Piah, Enur, Yoyok, Yoyoh, jrrd.

Tah kitu diantarana kejembaran tur kaahéngan (kaunikan) "ngaran-ngaran" Urang Sunda..

Hapunten kanu kasebat asma kasabit nami dina ieu catetan mugi teu janten éwuh kana manah tur rengating panggalih, ieu mah mung sakadar masihan gambaran atanapi conto tina kajembaran Basa Sunda nu patali sareng nami atanapi asma, mugia aya mangfaatna kanggo nu hoyong nambihan kabeungharan (khazanah) pangaweruh ngeunaan Basa Sunda dina umumna, khususna ngeunaan kailaharan "nami-nami" Urang Sunda.

Cag..


#SalamHémanTiTutugan

#MaDéGar

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KAJEMBARAN BASA SUNDA"

Posting Komentar