Sisindiran Poé Basa Indung Ku: Abah Unang Sumarna
Sisindiran Poé Basa Indung
Ku: Abah Unang Sumarna
Digendiran digendiran
Digendiran da borangan
Sisindiran sisindiran
Nyindiran diri sorangan
Asana mah tumpak kuda
Mawa tali dicindungna
Kamarana urang Sunda
Méh lali basa indungna
Rambosbos bulu na leungeun
Hanggasa méré kaéra
Was wés wos ku basa deungeun
Pangrasa modéren téa
Geus réa meureun gayana
Nyarita mawaan peda
Geus éra meureun jigana
Nyarita ku basa Sunda
Kadupak lebah matana
Ditotogan ku nu duda
Budak kiwari nyatana
Talégtog mun ngomong Sunda
Komo taktak duh karasa
Méh campur mawaan paré
Komo undak usuk basa
Méh tumpur teu kapaliré
Komo ulah ngabedahkeun
Nulis hésé tiseureuleu
Komo titah ngabédakeun
Nulis é e eujeungna eu
Rajeun wasa ngala toké
Direumbeuy ngasaan angeun
Rajeun basa diparaké
Direumbeuy ku basa deungeun
Molotot asa ku peureus
Asa laér ieu leungeun
Kolot gé sok leuwih reueus
Budak mahér basa deungeun
Pajar dosol handap dada
Jajalaneun pulas paul
Pajar ngobrol basa Sunda
Tinggaleun jaman teu gaul
Deudeuh hansip mawa roda
Ati-ati sieun kunti
Deudeuh nasib basa Sunda
Jati kasilih ku junti
Yap bawa ka barayana
Ulah teuing kudu ngari
Yap piara sing ayana
Ulah nepika lastari
Rék saha éta nu néké
Mun isin geus kagésérna
Rék saha deui nu makè
Mun lain sékésélérna
Pan limun ngeunah rasana
Bapana gé ngala heulang
Pan lamun ilang basana
Bangsana gé bakal ilang
Ka situ ka tangkal kolé
Ngahakan tulang karunya
Ku kituna yap mumulé
Sangkan teu ilang ti dunya
CaféGaluh, 190224
Sae pisan eta sisndiran teh, ngageuing ati, ngahudang rasa, keuna kana mamaras mangsa
BalasHapus