WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PSSP Tingkat Kecamatan Sukatani, Parantos Digelar

SUKATANI – Grup Warta Sunda,-
Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih (PSSP) Tingkat Kecamatan Sukatani, dina poé Salasa parantos dipagelarkeun di SDN 1 Cianting Utara, (20/2). Masih dina beungkeutan LOMBA KREATIVITAS SISWA
TINGKAT KECAMATAN SUKATANI 

Tim Juri Maca - Nulis Aksara Sunda*

Pasanggiri nu dilombakeun téh diantarana pasanggiri  Ngarang Carpon, Maca Sajak , Biantara, Ngadongeng, Pupuh Buhun , Maca Nulis Aksara Sunda, jeung Borangan.


Kagiatan éta téh, ngaronjatkeun tali mimitran siswa SD sakacamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta jeung ngukur kamampuhan kompetensi siswa mata Muatan Lokal (Basa Daerah). Kitu ditetelakeun ku Koordinator (PSSP) Tingkat Kecamatan Sukatani, Asep Supriatna, S.Pd ka Grup Warta Sunda dilokasi.

”Alhamdulillah dina taun ayeuna mah sakola nu ngiring aub  dina Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih téh aya kana 21 SD tina jumlah 31 SD nu aya,” pokna.

Hasil Pangayak 4 Besar pamilon PSSP - Maca & Nulis Aksara Sunda.*

Lain halna ceuk Ibu Neneng (Képala SDN 4 Sukatani), dirina kungsi janten bagian panatacalagara husus dina widang Maca jeung Nulis Aksara Sunda, taun-taun katukang mah pamilonna sok sakedikan. Ayeuna nyaksian langkung tilu sakola, ieu aya kamajengan. Mugia taun-taun nu bakal datang langkung seueur.” pokna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PSSP Tingkat Kecamatan Sukatani, Parantos Digelar"

Posting Komentar