WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SASARAN KINERJA PEGAWAI (SKP) JEUNG PMM, ADU MANIS ATAWA ADUH ALAH IEUNG?


SASARAN KINERJA PEGAWAI (SKP) JEUNG PMM, ADU MANIS ATAWA ADUH ALAH IEUNG?

     Mimiti taun ieu, 2024, sakumna ASN boh PNS pon kitu deui PPPK, diwajibkeun migawé Sasaran Kinerja Pegawai (SKP) ngaliwatan aplikasi Platform Merdeka Mengajar (PMM) nu disadiakeun Kemendikbud ngagésér tehnik ngeusian SKP  nu taun-taun kaliwat. PMM nu diayakeun ku pamaréntah pikeun ngaronjatkeun kamampuh atanapi kompeténsi guru na widang atikan ieu geus aya ti sababaraha taun ka tukang, sabot usum Kurikulum Merdéka, kalawan nyadiakeun saniskara kontén atawa matéri nu tumali jeung kabutuhan dunya atikan hususna guru. Di sakola diwajibkeun kabéh guru utamana nu ASN aktif di aplikasi PMM éta jang nambahan pangaweruh.
       Keun urang tinggalkeun saniskara kontén, matéri nu tumali jeung dunya atikan na PMM, ayeuna sakali deui urang bahas waé perkara ngeusian SKP dina PMM.
     Di luhur geus disebutkeun yén kabéh Aparatur Sipil Negara, dina hal ieu kapala sakola jeung guru , wajib hukumna nyieun SKP ngaliwatan PMM. Ari nu honoér atawa GTY mah sifatna anjuran. Tah loba nu murang-maring nyanghareupan pasualan ieu. Nu biasa nyieun tehnik kamari ieu, (sttt...
malah aya nu dibantuan ku pihak operator atawa tata usaha), kiwari dipamrih migawé sorangan lantaran tumali jeung rarancang nu kudu dihontal ku hiji guru disaluyukeun jeung karakteristik guru éta pribadi. Hiji guru jawabanna bisa béda jeung guru lianna. Sakali deui kumaha kasanggupan meureun malah kahayangna. Jang ajuan ka kepsek. Nu gapték campur kebluk  mah sakali deui rada ngeuleuweuh. Tong boro migawé SKP dalah migawé saniskara pelatihan na PMM gé geus arang dicabak. Komo nepika aksi nyata meunang sértifikat mah pimanaeun.  Malah aya nu pohoeun-pohoeun acan alamat jeung password guru belajar id jang asup kana PMM-na gé. Nya antukna mah ngariung wé migawéna di sakola ngagulung guru ngora nu pinter IT-na.  Cul budak di kelas kalan-kalan. Na android hésé, jadi wé kapaksa maruka  léptop. Keun urang simpen perkara si gapték jeung si kebluk mah nu penting kumaha waé carana kudu dipigawé nepika rapih.
      SKP na PMM aya dina fitur penilaian kinerja ngajajar jeung fitur séjénna kayaning pelatihan mandiri, vidio pembelajaran, refléksi, jsté. Tah klik waé penilaian kinerja. Urang bakal disuguhan 5 fitur nu kudu dipigawé ti mimiti noong raport sekolah nepika resume atawa rangkumanna. Tahap kahiji urang tinggal klik raport pendidikan, terus wé tempo raport éta bagian mana nu panggoréngna. Tah ké gé aya rékoméndasi jang ngahadéanna. Klik wé pilih fitur nu mana nu sakirana cocok. Ti dinya urang bakal disuguhan pananya nu brasna mah rarancang atanapi rencana pikeun ngaronjatkeun kompeténsi urang salaku guru. Biasana mah dipamrih meunang point 32 saguruna. Tah dina patanyaan éta aya jawaban nu kudu dipilih ku urang geus maké bobot nilai, atawa ajén peunteun. Klik wè nepika sahenteuna jumlah rarancang nu ku urang dipilih poinna 32. Geus kitu mah simpen jadi draft nu bakal jadi pertimbangan atanapi ajuan ka kapala sakola.
    Tah éta nu ku urang dipilih jadi jawaban téh sakali deui mangrupa rarancang nu kudu dihontal ku urang salaku guru dina   jangka waktu  saseméster. Tah misal urang butuh angka poin 12 tina seminar. Sahenteuna dina saseméster urang kudu miluan seminar 3 kali jang nyumponan point éta. Da jadi pamilon seminar poinna opat. Teu aneh lamun pasulabreng wawar kagiatan seminar pendidikan di unggal grup medsos kiwari. Jeung réa-réa deui. Panggedéna mah tina jadi guru penggerak. Bisa 128 point langsung kaleuwihan poin kakuduan téh.
     Tah ari nu ngaranna rarancang tangtu waé can kalaksanakeun kakara rék disorang. Kumaha hég lamun teu katepi? Manusa mah pan darma ngarancana, angger hakékatna mah balik deui kana kersa Mantenna. Urang diajak nyawang pikahareupeun. Hal nu bakal kasorang. Enya sih alus jang méré  motivasi kana kamajuan. Tapi asa kumaha kitu? Teu kabayang mun gagal dan gagal lagi apa yang aku cari (kawas lagu Ébiét wkwkwk). Ulah kuméok méméh dipacok. Bener éta téh. Tapi naha kumaha konsékuénsina mun rarancang éta teu kaudag?
    Pikeun ngabuktikeun hasil henteuna urang ngudag rarancang atanapi istilahna rencana hasil kinerja éta, urang kudu ngaplodkeun bukti fisikna saperti sértifikat jeung SK jabatan kayaning SK wakasek, pembina ékskul, wali kelas, pengurus komunitas belajar tingkat kabupatén, jeung sajabana, nu titimangsana ti Januari nepika Juni 2024 jang tahap 1. Da cenah sataun dua kali aya béja mah palaksanaana. Tah nu jadi pasualan deui, loba nu luh lah, naha sértifikat hasil diajar taun 2023 teu kaarah. Asa kumaha kitu, capé ngumpulkeun sértifikat tina pelatihan mandiri dina PMM salila sataun bet teu kaarah pisan dina SKP mah da kudu nu 2024. Mémang sih taya rugina ari néangan élmu mah, tapi gimana gicuh, sakitnya tuh di sinih, di dalam PMM, wkwkwk. Mani asa taya tinimbangan pisan. Cikan atuh berlaku wéh kituh nu taun 2023 gé, da capé atuh ngudag éta téh. Hihi
      Tah kacindekanna saéstuna mémang kawijakan migawé SKP ngaliwatan PMM ayeuna  téh aya alus goréngna ogé.  Alusna meureun ngalatih saréréa teu gapték, bisa nyawang ngararancang ihtiar nu arék disorang. Goréngna éta sértifikat pelatihan PMM nu diusahakeun sataun ka tukang teu kapuluk kagunaanna dina sakadang SKP. (Jiga nu neuteuli). Tungtungna salianti adumanis SKP-PMM téh bisa ogé jadi aduh alah ieung sértifikat uing taun kamari teu payu. Cag ah.
  Ku: Abah Unang

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SASARAN KINERJA PEGAWAI (SKP) JEUNG PMM, ADU MANIS ATAWA ADUH ALAH IEUNG?"

Posting Komentar