WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Raga Ibarat Kalakay...



*Raga ibarat kalakay...*


Milang léngkah ti mangsa ka mangsa,

ngitung umur ti waktu ka waktu.

Raga nyirorot... beuki lila beuki kolot.

Panon melong hésé nenjo, ceuli rebing beuki kurang denge... tangginas malik limpeuran, leumpang beuki mindeng salah nincak.


Teuing sabaraha waktu deui nyaksian beurang,

Teuing sabaraha usum deui nungkulan peuting.

Urang kari nimbang-nimbang ringkang, urang kari ngitung-ngitung léngkah

Kalakay pinasti murag..

Daun garing muguran,

teuing dina patok anu mana suku dieureunkeunana...

Duka dina renghap nu ka sabaraha napas nepi ka akhirna.


Raga bakal dirungkup ku padung, diurug ku lemah beureum, dicirian tutunggul daun hanjuang,  diawuran siksik pandan kémbang eros katut campaka...


Duhh Gustii... rumasa hirup pinuh ku dosa. Meungpeung masih aya kénéh kala, hayu urang tobat heula jeung urang silih hampura ka papada sasama, ka putra garwa katut sobat-sobat sadaya.


Mugia Allah Swt ngaijabah do'a urang sadayana;

Robighfirlii dzunubii watub alaya innaka anta tawabbur rohiim...


Kalayan nyebat asmaNa Allah anu Rahman anu Rahim, sagala puji kagungan Gusti anu murbeng alam, anu Maha welas anu Maha asih.

Mung ka Salira Gusti abdi sadaya nyembah sareng mung ka salira Gusti abdi sadaya neda pitulung.

Mugi Gusti maparin pituduh kana jalan anu lempeng leres, nyaeta jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat karunia ku Gusti. Sanes jalan  jalmi jalmi sasar anu dipaparin bebendu ku Gusti.

Aamiin yaa Robbal'aalamiin.


Salam sehat raga tur batin

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Raga Ibarat Kalakay..."

Posting Komentar