WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

AKSI NYATA P5 SORA DEMOKRASI DI SMPN 5 CIAMIS, PILKETOS/WAKETOS



CIAMIS - Grup Warta Sunda

SMPN 5 Ciamis (18/1) ngayakeun kagiatan pamilihan ketua jeung wakil ketua OSIS pikeun masa bakti 2024-2025. Kagiatan ieu dilaksanakeun lantaran  masa bakti pangurus OSIS taun 2023-2024 geus lekasan.

Kagiatan ieu diiluan ku opat pasang calon pupuhu jeung wakil pupuhu OSIS. Paslon kahiji nyaéta Sidki Edgina Nuh Zarli ti kelas  8F jeung Keyra Maulida Anindita ti kelas 7C, paslon nomber 2 Nurul Uswotun Wahidah ti kelas 8F jeung Nafis Febriyansyah kelas 7B, paslon nomber 3 Ivana Adelina Azmi ti kelas 8C jeung Alfath Rafi Fauzan A ti kelas 7D, jeung paslon nomber 4 Nazilla Pamungkas 8C jeung Rizaldi Fikri kelas 7F.

Kagiatan ieu lumangsung di buruan kampus SMPN 5 Ciamis kalawan kapaniciaan ti réngréngan pangurus OSIS heubeul. Kagiatan ieu diiluan ku sakumna siswa, déwan guru, jeung stap tata usaha di lingkungan SMPN 5 Ciamis.

Dina bubukana kapala sakola, Elan Suherlan, S.Pd., nétélakeun yén ieu ieu téh mangrupakeun pangajaran nyata, miniatur démokrasi, nu dipalar siswa sahenteuna geus boga bekel dina hirup kumbuh nyata di masyarakat jaga dina hal démokrasi hususna pemilu. Siswa teu ngan ukur dibéré tiori di kelas wungkul tapi ogé ku aksi nyata. Ku kituna  kaayaan jeung prosédur kagiatanna ogé sina ciples pemilu mun keur milih caleg atawa pilprés.

Kapala sakola ogé miharep, kagiatan ieu bisa dijaga kondusifitasna, kaamanan, katartiban, kajujuran, jeung  kalancaranna. Saha waé paslon nu kapilih sing bisa mawa kamajuan pikeun SMPN 5 Ciamis hususna OSIS-na.



Runtuyan kagiatan pilketos/waketos ieu dimimitian ku seléksi calon kandidat, masangkeun calon kandidat,  ngawangun tim suksés unggal paslon, kampanyeu sakabéh paslon boh nu mapay ka unggal kelas pon kitu deui nu sifatna di ruang publik nu leuwih gedé nyatana di lapang upacara. Kagiatan saterusna nyaéta uji kelayakan calon ku tim peniléy ti kesiswaan jeung guru liana. Aya kagiatan ngabedah visi misi ti unggal-unggal paslon nu terus dikoméntaran, dibéré kamandang ku para guru nu ditunjuk jadi tim pangajén paslon.

Kagiatan dina poéan nyoblos dimimitian ku ngalantik panicia pamilihan nu langsung ngucapkeun sumpahna dipingpin ku pupuhu  sakola. Saterusna panicia mimiti tatahar jang palaksanaan kagiatan pamilihan. Ngecék deui ti mimiti  tempat tunggu, kaayaan kotak suara,  surat suara, absén bukti tas nyoblos, ngecék data pamilih, ngabagi tugas panicia sina nempatan pos séwang-séwangan,  jsté.

Pamilihan dimimitian ku pupuhu  sakola, ditéma ku para guru, terus siswa. Téhnikna perkelas. Dimimitian ku kelas 9A, 8A, 7A. Bérés éta diteruskeun ku 9B, 8B, 7B, jeung saterusna nepika kelas F.

Rérés éta diselang ku acara hiburan nu mangrupa pintonan seni wawakil ti unggal kelas bari nungguan panicia bėbérés TPS jang sési ngitung hasil pamilihan. Bada lohor diteruskeun ku ngitung sora kalawan nu meunang  paslon nomber 1. Kagiatan saterusna mah nyaéta pléno jeung biantara ti paslon nu meunang pamilihan.

Kagiatan ieu ogé  sakaligus jadi bahan atawa matéri kagiatan P5 pikeun kelas 8 nu mawa jejer suara démokrasi. Kabeneran SMPN 5 Ciamis mangrupakeun salah sahiji sakola penggerak di Kabupaten Ciamis nu pangheulana maké kurikulum Merdèka. Dina hal ieu siswa kelas 8 dipamrih maham konsép, kagiatan, jeung prosés demokrasi di nagara urang umumna, di sakola dina hususna tina aksi nyata ieu. Siswa kelas 8 ogé dipamrih nyieun vlog tumali jeung kagiatan pilketos waketos ieu pikeun nerapkeun pangajaran abad 21 nu diadumaniskeun jeung matéri projék.***

Kintunan ti : Abah Unang Ciamis

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "AKSI NYATA P5 SORA DEMOKRASI DI SMPN 5 CIAMIS, PILKETOS/WAKETOS"

Posting Komentar