NYAWANG GURU TI JAMAN KA JAMAN Ku: Abah Unang Sumarna
Sirah, leungeun, atawa bitis, beu… nimat. Malah sok tangka katara aya ngageleng beureum tapakna, da jaman baheula mah budak SD/ SMP téh tara aya nu maké calana panjang. Saragemna calana pondok waé. Tah mun jaman SMP atawa SMA mah, salian ti dikaprot atawa diciwit kulit beuteung tangka murilit, téh dilumpatkeun ngurilingan lapang baskét. Can utah ranyay konéng tetempoan mah can eureun. Oh enya deui, ieu kaalaman jaman SD. Lamun jam kahiji sanggeus ngucap salam jeung maca du'a, sakabéh murid dikudukeun nyimpen leungeunna kana luhur méja jiga nu keur ngadakom.
Éta bapa/ibu guru nu ngawulang jam kahiji téh biasana ngurilingan heula hiji-hiji méja murid pikeun mariksa kuku leungeun murid. Mun aya nu hideung atawa panjang teu antaparah deui celeprét diceprét. Leuheung basa mun diceprétna ku nyéré, palebah ku tungtung jidar atanapi panunjuk awi beu tangka geuneuk tah leungeun. Mun teu kitu ngarorisna bari baris saacan asup ka kelas. Bari ngabar-ngabar panyeprét téh bapa/ibu guru ngaroris kaayaan siswa nu seja asup ka kelas ti mimiti buuk, kuku, nepika baju saragem nu dikaluarkeun. Lamun teu saluyu jeung aturan sakola, habek waé tah nyéré kawung tèh panyeprétna keuna kana leungeun atawa bitis. Isukna kuku leungeun murid nu kajebrét teh sok jadi bérés, pondok, tur beresih. Lain nanaon da sieun dikaprot deui. Kapok.
Kungsi deui kuring dijiwir ceuli nepika rambisak, gara-gara naon cik? Gara-gara nunjukeun hiji hal ka guru maké curuk. Pas ditanya kumaha kuduna ku guru kuring teu bisa ngajawab. Ari sakuduna nunjukeun ka saluhureun mah pan ku indung leungeun bari rengkuh. Na aya kénéh murid jaman ayeuna nu mibanda étika atawa unggah-ungguh kitu mun nyanghareupan guru?
Na hal éta diajarkeun kénéh ka murid jaman ayeuna? Atawa dapon cerdas dapon pinter? Ah teuing.
Sakali deui kajadian-kajadian saperti kitu jaman harita mah teu jadi pasualan kawantu harita mah can aya HAM. Saliwat katarana biadab. Tapi buktina loba produk atikan kolonial nu jadi pamangku kawijakan di ieu nagri lantaran di sagédéngeun boga élmu boga jiwa disiplin nu luhur.
Tah kuring bisa ngarang ku basa Sunda gé jigana bati digalakan ku guru basa Sunda keur jaman SD. Mugia élmu nu dipaparinkeun ku anjeunna kapungkur sing janten panya'ang di poé panjang nagara tunjung sampurna alias alam barjahna! Aamiin Yaa Robbal'alamin.
Sakali deui sok sanajan katarana kejem, harita mah kolot tara turut campur, komo mangadu ka nu berwajib mah mun seug anakna meunang hukuman fisik ti guru lantaran bangor, nu aya mun budak laporan kalah ditambahan dikaprot paling henteuna ditambahan disentak dicarékan ku kolot.
Jaman harita mah kolot bener-bener geus mercayakeun ngadidik budak téh ka sakola. Rék dibeureum rék dihideung mangga nyanggakeun sadaya-daya ka pihak sakola!
Teu cara ayeuna. Pabeulit jeung HAM. Pabeulit jeung pasal 54 UU No. 35 tahun 2014 ngeunaan larangan kekerasan ka peserta didik ku hukuman nu sok sanajan cenah saluyu jeung porsi tindakanna tapi bisa ngahasilkeun hukuman ti mimiti 3 taunan di pangbérokan nepika denda puluhan yuta.
Waktu terus maju. Jaman terus robah. Kiwari geus asup ka jaman milénial nu kawentar ku produk pangajaran abad 21. Kompeténsi jeung kualifikasi sakola guruna gé geus béda.
Baheula mah cukup ku SG-A, SG-B, SPG, jsté, hayang jadi guru téh, ayeuna mah teu bisa. UU guru jeung dosén nétélakeun yén guru paling copel kudu ngantongan ijasah sarjana. Mun hayang diaku guru profésional kudu mibanda ijasah nu liniér. Teu cukup kitu wungkul, tapi kudu diuji deui ku saniskara program kawas PLPG jeung PPG, lir nu cangcaya kana kualitas paguron luhur nu medalkeun sarjana éta nepika kudu diuji deui. Poma ayeuna guru kudu ngatik jeung ngadidik nyoko kana Kurikulum Merdeka.
Salianti éta, sarana, kaayaan psikologis, kondisi sosial, nepika kawijakan politik gé geus kacida ngiserna. Baheula aya istilah guru pahlawan tanpa tanda jasa ari ayeuna naha masih luyu kénéh éta cacandran?
Pan ayeuna mah guru nu ASN mah geus mibanda tanda jasa na taktakna. Pan ayeuna mah guru téh geus dibales jasana ku nagara ku mangrupa saniskara tunjangan ti mimiti fungsional nepika profésional alias sértifikasi guru nu jadi panyileukan kabéh guru boh PNS pon kitu deui sukwan sakola nagri jeung swasta.
Mangga ah muhasobah wé éta mah!
Asana lagu Guru Umar Bakri nu geus dipedar di luhur, nu ngagambarkeun PNS guru jaman baheula, nu ukur wasa kabeuli sapédah kumbang téh kiwari geus teu saluyu deui. Nu aya figur-figur marapan. Sapédah kumbang geus jleg jadi mobil méwah, motor hadé, gedong sigrong tanda guru geus malamur hirupna, meunang pangjait ti nu kawasa jeung Nu Kawasa.
Lagu éta mah paling copna jang honorér wungkul ayeuna mah, atawa bisa ogé diganti jadi lagu Incu Umar Bakri ti Belengep Grup nu rumpakana: Incu Umar Bakri, guru sukwan nu sajati, miharep pagawé nagri, tapina teu jadi-jadi, sabab cenah loba nu ngantri...
Jaman baheula mah guru téh asana jejem nyanghareupan siswa di kelas. Kabéh daya jeung tarékah, pamikir jeung kréatifitas téh museur kana KBM. Asana béda jeung ayeuna. Waktu jeung pamikiran guru téh méh béak jang mikiran kawajiban nu sifatna administrasi nu ti waktu ka waktu beuki loba, beuki numpuk, ku alesan jang ngaronjatkeun ajén kompeténsi guru. Cul kelas, milu pelatihan ieu, diklat itu. Workshop anu, bimtèk anu. Zoommeet ieu, wébinar itu, seminar ieu. Cilakana kabéh éta ditambahan deui ku aya kesan pulitis.
Unggal ganti pamaréntahan unggal ganti kawijakan. Can ajeg ngalaksanakeun hiji kawijakan der geus ganti deui da nu ngawasana ganti. Pangawasa téh lir nu hayang nyieun prasasti keur mangsa kajayaanna. Sakali deui alesanna pikeun ngaronjatkeun kompeténsi guru. Muhun kitu éta téh juragan?
Sanés kelas nu janten korban da mindeng jamkos lantaran juragan guruna kedah bimték jeung sabangsana? Ah nyao. Lieur mikiran nu karitu patut mah. Teu kataékan.
Di luhur sabagéan geus kasabit naon bédana guru jaman baheula jeung jaman ayeuna. Yap geura cuang pedar deui saeutik-eutikeun mah perkara éta. Hal-hal nu ngabédakeun guru baheula jeung ayeuna di antarana waé kieu.
Gaya ngajar guru jaman baheula mah dikawasa ku sistim teacher centered learning. Guru nu jadi puseur kagiatan. Matak tong ahéng saupama aya istilah juragan guru ngabamblam dugika ngabudah payuneun kelas medar matéri pangajaran. Murid mah ukur ngahuleng ngaregepkeun guru. Murid pasif ukur sidakep na mèja bari mencrong guru nu ngabuis caramah hareupeun kelas.
Guru super power nu teu meunang dilawan diprotés. Teu jarang daya kritis murid leungit. Tapi poin alusna mah guru jadi sagala bisa alias kudu masagi pangaweruhna dina sagala widang kahirupan. Murid ajrih sikepna sok sanajan awalna sieun nu brasna tumuwuh ajén disiplin tur ngahargaan ka jalma utamana saluhureun.
Sedeng guru kiwari mah leuwih ka student centered learning. Guru mah ukur jadi fasilitator jeung motivator. Matéri mah ngan saulas dibikeunna malah teu jarang siswa nu néangan sorangan ti mimiti manggihan pasualan nepika ngungkulan atawa ngajawabna. Lolabana murid nu ngabedah matéri pangajaranna dina wangun kagiatan sawala kelas. Murid leuwih dibéré kakawasaan pikeun mintonkeun pangabisana, pikeun ngagali kamandangna, pikeun ngéksplorasi daya kritisna, dina forum diskusi kelas éta.
Guru mah ukur ngalelempeng saupama aya masalah nu buntu alias deadlock. Ngan hanjakal ku sawatara oknum guru mah sok disalah gunakeun pikeun nyalsé. Metode cara belajar siswa aktif alias CBSA bet kalah robah jadi cul budak sina anteng. Budak hoghag di kelas, guru mah anggur ngaléos, ngadon ngopi di kantin sakola. Ninggang di budak badeur jeung leudeur, nempo guru ngaléos kaluar téh bet atoh, rerencepan milu kaluar. Guru ka warung milu ka warung. Beu...
Saterusna, guru jaman baheula mah dina mapatahan atanapi nindak budak bangor, budak caliweura tèh teges. Kawas digambarkeun saacanna, hukuman badan teu jarang dilaksanakeun da jaman baheula mah can aya HAM. Komo pan harita mah sistim dunya atikan téh nganut sistim disiplin jeung hukuman, béda jeung jaman ayeuna nu sistimna pujian jeung panghargaan. Jaman ayeuna mah murid ku guru teu sirikna diaplén-aplén,dipuji-puji. Bororaah aya hukuman badan. Sentak sengor gé asana diwatesan. Wani kitu, hukuman kurungan nganti di pangbérokan. Mapagahan teu weléh ku cara lemes. Ninggang di budak nu bedang teu bisa ku cara lemes, papagah asup ti ceuli kénca kaluar ti ceuli katuhu. Malah anggur wani ngalunjak ka guru da ngarasa guru moal wani ngahaok ngagaplok ieuh ka manéhna. Tungtungna loba guru nu ngabatin nyanghareupan kajadian kitu.
Dilématis téa. Di hiji sisi hayang ngadegkeun disiplin ku cara rada keras, di sisi séjén sieun ku ancaman pidanana. Da éta sakadang HAM teu weléh jadi riwan keur kalolobaanna guru dina nanjeurkeun disiplin siswa.
Nu katilu, interaksi atawa hubungan komunikasi antara guru jeung murid baheula mah karasana kaku. Asa rengkeng. Di luhur gé geus disabit kumaha kudu ajrihna hiji murid pareng panggih, ngobrol jeung guru. Béda jeung jaman ayeuna. Murid jeung guru téh kawas ka babaturan ulin waé. Heureuy babarengan. Ngomong kalan-kalan ku basa loma dina sikep nu teu éléh loma. Geus ampir ilang rengkuh mah. Teu jarang ngaliwat ka hareupeun guru gé nongtoyod teu punten-punten acan kawas hayam. Ayang-ayangan mun leumpang, jsté. Asa can kabéjakeun jaman baheula mah guru tepak toél jeung murid. Na ari ayeuna? Naha ieu tèh kaasup sikep interpersonal guru ka murid? Malah aya nu nyebutkeun mun hiji prosés pangajaran hayang alus hasilna, guru ulah maksa murid asup ka dunyana, tapi guru nu kudu asup ka dunya muridna. Maksudna? Naha guru jadi kudu bubudakeun, conggah jeung murid? Ah, nyao teuing.
Saterusna bisa disebutkeun guru jaman baheula mah struggle alias mibanda daya juang nu luhur. Maksudna sagala matéri pangajaran kudu kakawasa da ku minim atawa saeutikna bahan jeung sumber pangajaran. Di awal gé geus disebutkeun yén baheula mah paling nu maturan guru téh ukur kapur jeung bor. Ayeuna mah béda. Boardmarker jeung white board geus aya. Acan laptop nu bisa nyuguhkeun power point nu disorotkeun ngaliwatan proyéktor. Demi ayeuna éta sakabéh disampurnakeun deui ku fasilitas internét nu dianggap cocok jeung karakteristik pangajaran abad 21.
Sabenerna mah guru jaman ayeuna mah geus teu kudu capé. Sagala matéri pangajaran aya na internét. Acan ditambah ku aplikasi nu bisa mantuan prosés diajar daring saperti Googleclassroom, Googlesite, Modle, jsté, nepika aplikasi WA nu pangsaderhanana. Internétna? Méh kabéh suklak-sikluk nagri geus katepi ku internét. Pék wé sakséni ambu tani jaman ayeuna mah bari ngoréd kebon suuk di pasir gé kanjat bari sélfi terus diupload kana status médsos. Wkwkwk. Sakali deui éta bisa mantuan ngénténgkeun tarékah guru ngajar. Acan ku dibantuanna ku sumber diajar digital. Wéb, situs, laman, kawas Ruang Guru, mantuan murid diajar mandiri. Guru tinggal mernahkeun, nunjukeun, jeung memenerna. Barudak salaku generasi milénial mah tangtu bungah da kitu jamanna, kitu karesepna. Pajar internét mah guru na tara ambek, geus lain buku deui nu meunang prédikat kitu téh. Karakter generasi milénial nu leuwih resep nyorangan, ngeusian rohang-rohang kosong jeung suni bari ngoprék gadgét ngarojong pisan kana kamekaran budaya diajar digital atanapi pangajaran dina jaringan ieu.
Sakali deui guru sabenerna mah tinggal memernah jeung ngalelempengna. Ngan nu jadi pananya, naha guru geus mibanda kompeténsi digitalisasi éta? Boa-boa leuwih loba nu bengékna manan nu melékna dina nyanghareupan panéka jaman éra digital 4,0 ieu?
Awas ah ulah nepika guru éléh ku murid! Kawasa IT! Bisi kalindih ku jaman. Sahébat-hébatna gé meunang nyieun jelema moal aya nu sasampurna uteuk ciptaan Mantenna. Pasti bisa ditalukeun. Salianti kitu urang kudu bisa ngondisikeun sangkan fungsi guru teu kaandih kalindih ku internét! IT tetep jadikeun ukur sawates ngabantu, sésana mah tetep inovasi guru nu utama.
Nu pamungkas nu rék dipedar téh bédana dina méré peunteun dina rapot murid. Jaman baheula mah bener-bener objéktif. Mun budak mémang bangor atawa bodo habek waé dibéré angka beureum na rapot malah nepika teu naékna. Ari ayeuna kumaha?
Tara kabéjakeun asana aya budak peunteunna beureum na rapot masing sakumaha barutut nilai pangajaranna. Teu bisa hayang sasangkleng méré peunteun kitu téh kiwari mah. Komo ngateunaékeun atawa teu méré peunteun siswa. Bisa -bisa guru dicap teu bisa ngajar. Bisa-bisa guru dianggap teu ngalakukeun ihtiar maksimal jang kamajuan murid. Guru teu daèk méré pangayaan atanapi rémidial ka murid nu kurang jsté. Dicarékan ku pingpinan. Pokona kudu paling henteu nepi kana wates KKM nu geus ditangtukeun ku sakola.
Inget dongéng guru kuring keur SMP puluhan taun ka tukang, wali kelas teu sirikna nyembah ceuril cimata getih pikeun mélaan siswa badeur nu ceuk saréatna bakal teu lulus dina sidang palulusan. Ayeuna mah jigana taya nu kitu. Kabéh siswa sakumaha belet jeung badeurna kudu naék kudu lulus waé sok sanajan peunteunna pas KKM. Sakali deui lamun teu kitu guruna dianggap teu bisa ngajar.
Leuwih parnana lamun geus disangkut-pautkeun jeung nu sifatna pulitis ti pingpinan. Lamun peunteun siswa barutut komo nepika aya nu teu naék sumawonna teu lulus, tangtu krédibilitas, peunteun sakola bakal anjlok di masarakat kaasup dina akréditasi sakola.
Ulah nyarakolakeun budak ka sakola éta da peunteun muridna gé sok barutut, barudakna balangor, loba nu teu naék, loba nu teu lulus, guruna teu bisa ngajar, guruna garalak, jsté, tah anggapan ti masarakat luar bisa waé kitu. Balukarna tangtu waé animo atawa kahayang kolot murid pikeun nyakolakeun budakna ka sakola éta bakal leungit. Sakola bakal kakurangan murid. Kakurangan murid sarua jeung kurang duit da hubunganna jeung BOS. Kapala sakola tangtu murang-maring. Acan meureun ké kapala sakola ditegor dinas. Lantaran rata-rata peunteun budak sakola sacara global di hiji wewengkon bisa nurun. Dinas ogé sabalikna bisa disalahkeun teu bener ngabinana ku atasanna. Beu. Hésé san nya hayang idéalis téh.
Tapi leupas tina sakabéh pasualan di luhur, tetep guru téh jalma nu gedé jasana keur minterkeun generasi bangsa. Guru figur nu mulya nu geus daék bajoang nerapkeun élmu jeung atikan ahlakna keur saeusi bangsa. Lain guru di sakola formal wungkul, tapi kabéh lembaga atikan kaasup pasantrén jeung PKBM. Komo ayeuna mah guru téh lain minterkeun murid dina harti barudak wungkul, tapi ogé bisa jang minterkeun, ngaaktifkeun, 'ngagerakeun' sasama guru sangkan ngaronjat kompeténsi boh pédagogikna pon kitu deui profésionalna.
Malah mah lain ukur sacara individu tapi ogé bisa mantuan lambaga dina hal ieu satuan pendidikan nu kurang préstasi, kompeténsi, atawa konditeuna jadi ngaronjat ngaliwatan program guru penggerak. Tah kurang naon deui cikan jasa guru keur balaréa?
Yap ah cuang mulyakeun guru urang! Mun taya aranjeunna can karuhan urang bisa aya dina kaayaan kawas ayeuna!
Umar Bakri Umar Bakri, profesor Doktor pun jadi… banyak ciptakan menteri.
Wallohualambissawab.
(Wilujeng Hari Guru! Guru terus makarya, guru terus jadi tuladan, guru terus jadi panutan, guru jaya salalawasna!)
Café Galuh, 231123
0 Response to "NYAWANG GURU TI JAMAN KA JAMAN Ku: Abah Unang Sumarna"
Posting Komentar