Korwil VIII Sukatani - Plered Ngajurunglaku Guru-guru Workshop Kurikulum Basa Sunda
Korwil VIII Sukatani - Plered Ngajurunglaku Guru-guru Workshop Kurikulum Basa Sunda
SUKATANI - Grup Warta Sunda,-
Korwil VIII Sukatani - Plered geus ngalengkah ku paniatan nindak lanjuti kkagiatan Workshop Implementasi Kurikulum Merdeka, pada Kurikulum Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Sunda di Purwakarta Korwil VIII Kecamatan Sukatani dan Kecamatan Plered, Selasa, 18 Juli 2023 tempatna di UPTD SDN 1 Malangnengah, Sukatani, Purwakarta.
Ungkara di luhur éta téh, dieceskeun ku Kasi Kurikulum & Penilaian, Dede Supendi, M.Pd nalika muka acara Workshop Implementasi Kurikulum Merdeka, pada Kurikulum Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Sunda di Purwakarta.
Dina hal ieu mah, H. Sunarya, S.Pd, M.Pd (Korwil VIII Kecamatan Sukatani dan Kecamatan Plered), acara ieu téh rék ditindaklanjuti ka guru-guru nu sanés, malah mandar rék ditalepakeun ku guruna di kelas sewang-sewangan.
Dina kasempetan éta, pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Éffendi, S.Pd, M.Pd ogé salaku Nara Sumber ngarasa reugreug yén juru atik SD di Sukatani - Plered téh gedé haté/percaya diri rék ngatik jeung ngadidik basa Sunda.
Malah mandar uar pangajakna yén tiap guru nu ngiring aub kagiatan ieu téh, dipiharep juru atik, tiasa langkung ngantebkeun kana hirup-huripna kalumangsungan Basa, Sastra jeung aksara, Budaya Sunda. Lian ti éta miara tur ngamekarkeun Basa, Sastra jeung aksara, katut budaya Sunda. Anapon kitu ngamekarkeun ajen-inajen kasundaan.
Lain halna ceuk wawakil pamilon ti SDN 1 Palinggihan, Plered, acara ieu téh
Workshop implementasi Kurikulum Merdeka pada kurikulum Muatan Lokal Bahasa Jeung Sastra Sunda di Purwakarta anu dilaksanakeun dilingkungan Korwil VIII Kecamatan Sukatani sareng Plered kaping 18 Juli 2023. Numutkeun pamadegan simkuring salaku guru Sakola Dasar SDN Palinggihan ieu kacida saéna, ogé ageung mangpaatna, margi salami ieu simkuring ngajar masih kénéh ngagunakeun krikulum ka 13 kadang osok ogé nganggo materi kurikulum KTSP. Kukituna ku Ayana kurikulum merdeka ieu dipiharep guru tiasa masihan pangajaran sakumaha mistina anu luyu sareng tujuan, eusi, bahan sareng cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran basa sinareng sastra Sunda di kabupatén Purwakarta.
Asép Supriatna, S.Pd, Kepala SDN 3 Panyindangan.*
Lain halna ceuk Asép Supriatna, S.Pd, Kepala SDN 3 Panyindangan ka Grup Warta Sunda dina lolongkrang waktu di SDN 1 Malangnengah, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bapa kalih Ibu Guru nu parantos ngiring aub dina raraga ngahudangkeun jati diri urang salaku urang Sunda, anu kalintang peryogina kalayan mangpaatna husus kanggo marurangkalih didik disakola kanggo ngemutan deui kana pakaya kasundaan anu henteu ngan saukur dianggap babalagonjangan, kedah reueus, kedah bingah yén Sukatani parantos gawé bareng sareng Plered dirojong ku para Panatacalagara parantos ngayakeun Workshop Implementasi Kurikulum Merdeka, pada Kurikulum Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Sunda di Purwakarta.
Supados janten mangpaat, mangga urang sasarengan ngawujudkeun Jati diri anu sajati ogé léngkah - léngkah anu nyata dina ngalaksanakeunnana eusi-eusi kasundaan.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén kagiatan ieu téh dihadiran Kasi Kurikulum & Penilaian, Dede Supendi, M.Pd, Korwil VIII Kecamatan Sukatani dan Kecamatan Plered), Perwakilan Kepala Sekolah SD Plered - Sukatani, MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Éffendi, S.Pd, M.Pd.***
0 Response to "Korwil VIII Sukatani - Plered Ngajurunglaku Guru-guru Workshop Kurikulum Basa Sunda"
Posting Komentar