Kadisdik Purwakarta, Ngajomantara keun Sosialisasi Kurikulum Muatan Lokal Bahasa & Sastra Sunda Purwakarta
Sosialisasi Kurikulum Muatan Lokal Bahasa & Sastra Sunda Purwakarta
Balé Sawala Yudistira - Grup Warta Sunda
Uar pangajak Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta dina kagiatan Sosialisasi Kurikulum Muatan Lokal Bahasa & Sastra Sunda Purwakarta, inyana miharep sangkan guru sinareng Kepala Sekolah pikeun ngawanohkeun perda muatan lokal Basa Sunda.
Dr. H. Purwanto, M.Pd ngeceskeun yén kaparigelan MGMP Basa Sunda nu parantos ngarumuskeun perda muatan lokal. Malah Mandar perda ieu téh, kedah di rojong ku para kepala sekolah katut guru-guruna.
Dina hal ieu, yén muatan lokal bahasa Daérah di Purwakarta tos terintengrasi jeung merdeka belajar, malah dina episode 17 ngeunaan Revitalisasi Bahasa Daérah.
Kadis Pendidikan, miharep pisan yén muatan lokal ieu téh geus ti beh dituna, saperti di Kabupatén Purwakarta ayana program 7 Poé Atikan, Tatanen di Balé Atikan. Poma Purwakarta geus boga ciri tina bangunan filosofi kasundaan, ngaran-ngaran tempat OPD, malah widang atikan mah ngaran sakolana ogé nyoko kana ngaran tokoh Sunda jeung nu sanésna.***
0 Response to "Kadisdik Purwakarta, Ngajomantara keun Sosialisasi Kurikulum Muatan Lokal Bahasa & Sastra Sunda Purwakarta"
Posting Komentar