Pangkalan SDN Rawasari, Magelarkeun Perkemahan
PLRÉRÉD - GRUP WARTA SUNDA
Gerakan Pramuka Pangkalan SDN Rawasari Kwartir Ranting Plered Kwartir Cabang Purwakarta ngagelar Perkemahan Gabungan jeung Gerakan Pramuka Pangkalan SMPN Satap Rawasari, poé Juma'ah, 16/06 nepika poé Saptu 17/06 2023 di lingkungan SDN Rawasari.
Kagiatan perkemahan ieu téh dina raraga ngistrénan Anggota Pramuka Penggalang Ramu, Rakit, Terap nyoko kana Syarat Kecakapan Umum.
"Lain saukur perkemahan wungkul di tingkat penggalang téh, tapi aya kagiatan perkemahan sapoé pikeun tingkat siaga sarta bakti sosial," kitu ditetelakeun pembina putri Ai Rahmayani.
"Tadina mah rék ngagelar upacara pelantikan wungkul, supados langkung sederhana, tapi pikeun ngarengsekeun syarat kecakapan umum tingkat penggalang, Aya salah sawios syarat aya dina perkemahan, antukna jadi 2 poé, mun seug taya perkemahan ieu, tangtu perdik teu acan tiasa dilantik," pokna.
Pamilon nu milu aub dina éta kagiatan téh jumlahna aya kana 62 urang siswa, ngawengku ti 46 urang siswa SD sarta 18 urang siswa SMP.
Dina kasempetan éta, Ketua Pengurus Kwartir Ranting Pléréd Amir Suryana via ponselna, inyana teu tiasa hadir. Malah Mandar ngirimkeun perwakilan ti Dewan Kerja Ranting (DKR) pikeun ngabantu panata calagara dina ngalaksanakeun kegiatan éta.***
0 Response to "Pangkalan SDN Rawasari, Magelarkeun Perkemahan"
Posting Komentar