WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ahirna Pangurus PWI Purwakarta Diistrénan tur Disaksian ku Ambu Anne Ratna Mustika

Rengrengan Pangurus PWI Purwakarta poto bareng sareng Ketua PWI Jabar katut Forkopimda Purwakarta 

PURWAKARTA - GRUP WARTA SUNDA
Istrénan pangurus Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta dina jejer temana "Pers Selalu Mangawal Demokrasi Yang Bersih" masa bakti 2022 - 2025.

Kagiatan éta téh lumangsung Castle Café Cikao Park, Désa Cisalada Kecamatan  Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta, Rebo (14/06/2023).

Dina biantarana Bupati Purwakarta ngawilujengkeun ka para pangurus nu parantos diistrénan, mugia tiasa ngalaksanakeun tugas ku pinuh tanggungjawab sarta gawé rancagé anu Daria.

Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika ogé netelakeun yén Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) minangka ujung tombak dina nepikeun informasi ka masarakat.


"Purwakarta nu harita dianggap kota sepi, kota kecil, tapi ku ayana Pers di Purwakarta jadi daéarah anu éndah pon kitu deui kakoncara ku mayarakat luas," pokna.

Dina kasempetan éta, Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupatén Purwakarta Asep Yadi Sobana, ngeceskeun yén istrénan pangurus ieu téh rada elat, sakumaha mistina.

Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupatén Purwakarta Asep Yadi Sobana.*

"Inyana neda hapunten nembe tiasa ngalaksanakeun istrénan ayeuna. Alhamdulilah dina danget ieu tiasa lumangsung kalayan aman tur lancar," pokna.

Sajeroning kitu, yén Eksistensi PWI Kabupatén Purwakarta, pihakna ngupayakeun ayana pamageuh jeung sabeungkeutan insan pers husus na anggota PWI, kayaning yén media atawa insan pers téh ngarupakeun mitra pamérintah nu ilu biung dina pangwangunan Kabupatén Purwakarta nu dipikacinta.

"Malah mandar, pihakna miharep sangkan wartawan anggota PWI dina ngawartakeun data sinareng fakta, tong dugika dijero PWI ayana pers abal-abal," pokna.


Inyana ogé miharep organisasi PWI Kabupatén Purwakarta jadi leuwih hadé. Anapon kitu ngahaturkeun kana dedikasi nu geus dicurahkeun tulisanna katut, partisipasina.

Lain halna ceuk Ketua PWI Provinsi Jawa Barat, Hilman Hidayat, S.Sos, M.Si. Inyana wanti-wanti ka anggota PWI Purwakarta sangkan tong nepika nyieun berita hoax, tapi dipiharep nyieun warta anu akurat luyu sareng kode etik jurnalis tur Undang-undang Pokok Pers No.40/1999.

Ketua PWI Provinsi Jawa Barat, Hilman Hidayat, S.Sos, M.Si.*

Hadir dina acara éta téh, Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika SE; Kapolres Purwakarta AKBP Edward Zulkarnain S.I.K, SH, MH; Dandim 0619/Purwakarta, Letkol Arm Andi Achmad Afandi, S.Sos., M.Si; Ketua Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) Provinsi Jawa Barat, Hilman Hidayat, S.Sos, M.Si. (REDAKSI)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ahirna Pangurus PWI Purwakarta Diistrénan tur Disaksian ku Ambu Anne Ratna Mustika"

Posting Komentar