WAJIB BELA NEGARA
WAJIB BELA NEGARA
S |
ahéng warta
ngeunaan wajib béla nagara. Cenah, sakur warga nagara Indonésia, nu umurna 30
taun ka handap, baris dilatih militer salila 30 poé. Kitu cék Menhankam
Ryamizard Ryacudu.
Puguh wé
harénghéng. Sora panuju jeung teu panuju, hoghag sili témpas.
Pikeun jalma nu ti barang gubrag ka dunya, nepi ka tokroh-tokroh, hirup di
padésaan, ngadéngé béja wajib béla nagara, teu anéh teu sing. Malah ujug inget
ka mangsa ka tukang. Jaman “teu diwajibkan” béla nagara, rayat geus hideng
tandang makalangan. Ngabéla banjar karang, nangtayungan lembur tina
pangrogahala karaman. Utamana dina jaman “gorombolan”. Nyaéta, sabada Agustus
1949, di Tatar Jabar, lumangsung proklamasi “Nagara Islam Indonesia” (NII)
atawa “Darul Islam” (DI) ku Sekarmaji Marijan Kartosuwiryo. NII ngabogaan
Tentara Islam Indonesia (TII), nu engkéna adu hareupan jeung Tentara Nasional
Indonesia (TNI). Campuh tarung salila 13 taun. NII/DI/TII bubar katawuran
sanggeus Kartosuwiryo kacerek di Gunung Rakutak, Majalaya, Kabupatén Bandung,
Méi 1962, ku pasukan “barét coklat” Batalyon 328/Kujang II Siliwangi, pingpinan
Letda Suhanda (“Siliwangi dari Masa Ke Masa”, 1969).
Kajadian tragis akibat Bung Karno (Presiden RI) paséa jeung Mas Karto
(Presiden NII), ari nu jadi korban Kang Karna dan Mang Karta. Tapi deui kungsi
ngalahirkeun kader-kader “béla negara” (minimal “béla désa”) nu militan.
Maranéhna nu panghareupna nyanghareupan serangan pasukan DI/TII, saméméh
tentara datang. Lantaran ngabantu. Lantaran deuih markas TNI perenahna di kota
kacamatan. Ari nu diserang, réréana pakampungan nu anggang ti kacamatan.
Éta para pajuang “béla nagara”, terusna resmi diorganisir. Mimiti
dingaranan “Pertahanan Desa” (PD), dina taun 1950. Taun 1958, PD dirobah jadi
Organisasi Keamanan Desa (OKD). Anggotana dilatih ka militer alakadarna.
Dipercaya nyekel bedil “dorlok”. Lumayan keur ngajaga lembur lamun
diserang “gorombolan”.
Taun1960, OKD dirobah jadi Organisasi Pertahanan Rakyat (OPR). Dipingpin
langsung ku Komandan Bintara Onder Distrik Militer (BODM – ayeuna
Koramil). Sajaba dilatih kamilitéran, dipercaya nyekel bedil organik urut
Perang Dunya I (1914-1949). Samodél “Lee Enfield”, atawa “Steyyer”. Harita, TNI
ngagunakeun senjata “Garrand”, “Karel Gustaf”, “Thomson” jeung “Brend”.
Nya OPR ieu nu gedé jasana mantuan TNI ngalaksanakeun “Pager Bitis”
(Maret-Juni 1962). Nyaéta gerakan ngepungan gunung padumukan “gorombolan”,
pikeun megatkeun transportasi jeung komodasi DI/TII. Nepi ka maranéhna
béakeun bahan pangan. Réa anggota DI/TII nyerah lantaran kalaparan. Pungkasanana,
ku ditéwakna Kartosuwiryo téa.
Kaamanan pulih sabihara sabihari. OPR dibubarkeun. Janggelek
“Pertahanan Sipil” (Hansip), nu engkéna (2014) dibubarkeun deui, diganti
ku “Linmas” (Perlindungan Masyarakat).
Meureun lantaran pangalaman “béla nagara” kitu, basa taun1964-1965, aya
instruksi “Wajib Latih” (Wala), teu hésé ngarékrut warga. Komo bari dibéré
saragem kaos. Dibarung ku ngawih rupa-rupa. Di antarana lagu mars “Maju
Sukarelawan” karya komponis Sudharnoto :
Bulat semangat tekad kita/Barisan sukarelawan Indonesia/Berpegang
sangkur/Siap bertempur/Tiap tantangan kita lawan pantang mundur//
Héy!/Awas imperialis durhaka/Pasukan rakyat kita kuat perkasa/Ini dadaku,
mana dadamu/Kalau menyerang kita lawan jadi abu//
Ayolah kawan/Buruh tani, pemuda dan angkatan kita/Maju melawan/Siap senjata
dan cukupkan sandang pangan/Pastilah menang, pastilah menang/
Pasti menang revolusi Empat Lima//
Sihoréng “Wala” téh ditataharkeun keur calon sukarelawan” nu baris
“ngaganyang” Malaysia (nu ku Presiden Sukarno harita, dianggap “boneka”
proyek kolonialis-imperialis Inggris).”Wala” ogé dianggap salah sahiji prakték
palaksanaan “Nasakom” (Nasionalis, Agama, Komunis) di désa-désa. Atuh sajaba ti
latihan baris berbaris, P3K, bongkar pasang senjata, anggota “Wala” ogé kudu
milu “indoktrinasi” ngeunaan ideologi nagara, ti mimiti Pancasila, Manipol,
Usdek, jeung nu pangpentingna Nasakom.
Ger kajadian “Gerakan 30 September 1965” (G-30-S). Partai Komunis Indonesia
(PKI) dituding dalang dina éta uru-ara nu nimbulkeun korban jiwa genep
jendral TNI AD. Atuh sakabéh “produk” politik nu “bau-bau” PKI, dileungitkeun.
Kaasup “Wala”. Réa anggota “Wala” dipanggil ka Kodim atawa Koramil. Dipariksa
soal hubungan jeung PKI, jeung “G-30-S”. Utamana di désa-désa nu Kuwuna anggota
PKI. Sawaréh kapaksa ditahan mangbulan-bulan.
Untung, para tokoh parpol Islam (NU, PSII, Perti) nu aya di organisasi
“Front Nasional"” bébéakan ngabéla. Ngajelaskeun duduk perkara WALA
sabenerna. Sihoréng di sawatara tempat, anggota “Wala” ditulis tonggong”
minangka anggota PKI. Nu ngarora dianggap “Pemuda Rakyat” (PR), nu karolot
dianggap “Barisan Tani Indonesia” (BTI). Ibu-ibu anggota “Wala” ampir kabéh
dianggap anggota “Gerakan Wanita Nasional Indonesia” (Gerwani).
Satengahing isu-isu nguniangna PKI, dikuatan ku rencana pamaréntah rék
ménta hampura ka korban tina ayana “G-30-S”, sarta mahabuna deui nu ngagunakeun
simbul-simbul PKI (lambang “Palu Arit”) , boh susulumputan, boh
terang-terangan, alusna mah rencana “wajib béla negara” ditimbang-timbang deui.
Bisi ngaléok kawas kasus “Wala” taun 1965.***
Nyutat tina : http://majalahsundahits.blogspot.com/2016/08/wajib-bela-nagara.html
0 Response to "WAJIB BELA NEGARA"
Posting Komentar