WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sariak Layung



SARIAK LAYUNG

Kang Yoga

 

Sok hoyong ngembatkeun kawaaS 

Ati tingtim mancegkeun rasA

Rancingas rasa geus jolédaR

Ihtiar jalan longkéwang baktI

Asmaraloka can panggih laksananA

Kahayang ngembatkeun lamunan rasa ngagalaksaK

 

Lampah binarung tawakaL   

Asih, asah, asuh miraga sukma na jiwA

Yakin diri panineungan lir lagu sapu nyéré pegat simpaY  

Udagan can ka dongkang tapi waktu kudu mituhU

Nutup taun asa deukeut ka pajarataN

Galindeng  dangding kamelang mipindingan kalbu ratuG

 

@Hidroyan

Purwakarta.291220.22:28

#TatanéndiBaléAtikan.

 

 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sariak Layung "

Posting Komentar