Dedikasina Pelatih Pencak Silat Mekarkeun Kelatnas Perisai Diri Cabang Kabupatén Kuningan
Dedikasina Pelatih Pencak Silat
Mekarkeun Kelatnas Perisai Diri Cabang Kabupatén Kuningan
Kabupatén Kuningan – www.wartasundaonline.com,
P |
encak
Silat, minangka seni beladiri asli Indonésia nu geus diangken ku Dunia alias
ku Unesco. Ngan teu gampang kitu waé dina ngawanohkeun ka
masarakat téh. Hususna ka para nonoman era milneal,
malahan ayeuna mahabuna
beladiri bangsa deungeun.
Katerangan Poto : Syamsun Munir Alam beserta Istri Nita
Agustiyan, S.Pd.*
Dina hal ieu mah, di Kuningan ku ngawanohkeun pencak silat téh dialpukahan
ku Syamsun Munir Alam nu boga
tekad pikeun ngamekarkeun pencak silat kalayan daria.
Inyana salahsaurang nu aya dina
beungkeutan Keluarga Silat Nasional Indonesia Perisai Diri di Kabupatén
Kuningan ngokojoan timimiti ti tanggal 28 November 2008 sawatara katukang.
Keluarga Silat Nasional
Indonesia Perisai Diri atawa nu disingkat KELATNAS Indonésia Perisai
nyaéta bagian tina 10 perguruan
historis IPSI nu diaranan Kelatnas Perisai Diri.
Kelatnas Perisai Diri didegkeun ku Raden Mas Soebandiman Dirdjoatmodjotanggal 2 Juli 1955 di Kota Surabaya, Provinsi Jawa Timur. R.M.
Soebandiman Dirdjoatmodjo atawa dikenal Pak Dirdjo nyaéta putra cikal ti R.M. Pakoe
Soedirdjo, buyutna ti
Sri Paduka Paku Alam II.
Nanjeurkeun ajén-inajén Kelatnas Perisai Diri éstuning ku sabar
tur dedikasi-na. Kiwari Kelatnas Perisai geus mekar kalayan
dipikaresep ku barudak rumaja katut paranonoman di sakuliaheun Kabupatén Kuningan poma
sakola-sakolana ogé yén Kelatnas Perisai Diri jadi salasahiji ekstrakurikuler di tiap sakolana. Kitu ceuk Syamsun Munir Alam ka www.wartasundaonline.com sawatara waktu
katukang dibumina.
Katerangan Poto : Pelatih
Pencak Silat Syamsun
jeung
Anggota KELATNAS Perisai Diri Kabupatén Kuningan,
Jawa Barat.*
Dina umurna nincak kana
12 taun (28 November 2020) Kelatnas Perisai Diri Cabang Kabupatén Kuningan sok
mihalekeun jargon TOHAGA
(TerOrgranisir Harmonis dan AGAmis).
Kukituna harepan Syamsun, “Kahareupna mugia Kelatnas Perisai Diri Kabupatén Kuningan leuwih mekar tur
tiasa jadi bagian tina pelestarian
budaya Indonésia
hususna Pencak Silat nyoko kana Perda Guberur Jawa Barat,” pokna.***
0 Response to "Dedikasina Pelatih Pencak Silat Mekarkeun Kelatnas Perisai Diri Cabang Kabupatén Kuningan"
Posting Komentar