SUKARELAWAN TRIKORA/DWIKORA
SUKARELAWAN
“Mapag Hari Pahlawan, keur para pahlawan anu pandeuri. Pitulung
Alloh SWT tadi téa sudah suratan, dina tanggal 27 Nopember 2019 sagala
persyaratan-persyaratan TRIKORA/DWIKORA téh car lancar rés bérés ta ieu, hasil
perjuangan téh. Hal ieu sakabéhna berkat ti Alloh SWT, ogé gawé bareng nu
rancagé antara stake holder, hususnna ti kantor MINVET, nyaéta KAPTEN HÉRYAWAN,
KAPTEN WAWAN jeung SERDA SAEPUL.”
L |
ain ria jeung sajabana
dicaritakeun téh, ieu mah bané baé nya’ah ka generasi penerus, tadi téa urang
sami-sami ngeusian kamerdikaan, dina widangna masing-masing, ogé itung-itung
studi banding baé ceuk istilah wakil-wakil rakyat mah, nu lima taun ogé acan
digarawéna téh, geus anprah (usul) ménta arsip alias pangsiun, teu nyakola
banget.
Teu karasa
umur téh geus kepala dalapan, asa cikénéh mah asup ka SR genep taun tamat taun
1953. Asup ka SGB opat taun tamat taun 1957. Asup ka SGA tamat taun 1960.
Sataun ogé
henteu cicing diimah téh, kurunyung surat tugas, dibenum jadi guru SR taun 1961, di Muara Walungan Citarum (SR Muara
Gémbong). Kabupatén Bekasi alam harita mah karek 13 kecamatan.
Ari basa nu
dipaké téh bahasa Batawi campur Sunda, campur Jawa Réang. Nyokot gajih ka
Jakarta/Tanjung Priuk jalanna téh, maké parahu, terus ka kantor di Cikarang,
tilu bulan sakali, kacipta nya!
Ngan satau gé
henteu jadi guru SR téh, ditarik ka Kantor
Inprasarlub (PDK) kacamatan, da kakurangan pagawé cenah. Ari kuring da
prajurit téa nurut wé kabeneran bujangan kénéh harita mah. Ceuk legegna mah ti fungsional ka struktural, teu nyekrup, teu nanaon da tugas éta mah.
Atuh datang
pangheulana, balik pangpandeurina. Lamun dina jaman kiwari kitu bérés meureun
ieu Muspida jeung Muspida Plus téh, Dinas dan Dinas Vertikal téh, jararauh boa
KPK ogé bisa-bisa moal aya boa, tadi téa da jalujur.
Éta diluhur bieu kajadian taun 1961-an. Taun 1963-an aya panggilan PERTIWI, nyaéta kudu ngarebut IRIAN BARAT (PAPUA ku ayeuna mah) ti penjajah Belanda. Nya kuring asup jadi SUKARELAWAN alias SUKWAN téa.
Teu ujug-ujug
dikirimkeun ka perbatasan, tapi pendidikan dasar kemiliteran heula di DODIK II
PANGALENGAN, lilana opat bulan, salaku anggota ABRI, ANGKATAN DARAT bagian INFANTRI.
Puguh baé deui-deui henteu nyekrup anu tadina ÉLMU BUMI, ÉLMU HAYAT, hayoh diganti ku nyonyo’o bedil perang, saperti GEREN, KAREL GUSTAF, SMR MADSEN, MORTIL 5, GARANAT TANGAN, geus puguh PESTOL mah. Pokona sarupaning ka SOLDADUAN wéh, geus puguh ari Peraturan Disiplin Tentara mah, ka buuk-buuk apan kudu digundul, teu cara PNS/ASN jalabrig siga sayang heulang.
Saterusna dina
hal ieu mol dicaritakeun sagemlengna da rahasia tentara. Caritana pertengahan
1963-an tengah peuting kuring saparakanca diterjunkeun dibumi CENDRAWASIH IRIAN
BARAT téa, wewengkon pedalaman MERAUKE.
Lima poé lima
peuting gugulayunan dina tangkal dileuweung geledegan IRIAN BARAT. Kumaha turun
jeung sajabana, kapaksa tali parasit disambung-sambung. Datang ka handap embel
samet beuheung, can gangguan sasatoan, saperti léntah, oray, buaya jeung
réa-réa deui.
Didieu,
tentara maraotna téh lain ku pelor-pelor teuing, tapi ku alam ogé sasatoan. Ari
tentara kiwari mah ti mimiti asup nepi ka pangsiun téh iraha boa perang, komo
PNS mah, tadi téa... jalabrig nu aya.
Bérés tugas
TRIKORA diteruskeun kana tugas DWIKORA, nyaéta waktu Indonésia konfrontasi jeung MALAYA, kiwari
MALAYSIA, Bung Karno jeung Tengku Abdurahman, GANYANG MALAYA.
Dileuweung geledegan
deui baé tugas téh, nyaéta dipedalaman KALIMANTAN TIMUR, ngawates jeung
KALIMANTAN UTARA (Kaltara), ti taun 1964 – 1966 ieu ogé moal dicaritakeun sagemblengna,
tadi téa rahasia tentara. Kasimpulan alam harita, INDONÉSIA BARAT, jeung INDONÉSIA
TENGAH komo INDONÉSIA TIMUR mah, jauh pisan bédana téh.
Di INDONÉSIA
TENGAH jeung TIMUR mah lamun aya kapal laut berlabuh téh, anu pangheulana ditanyakeun
téh, bawa apa kapal?. Lamun bawa
béras, saprovinsi masarakatna téh
barungaheun. Tapi lamun mawa nu séjén misalna tekstil jeung sajabana, ih da
maronyong wé persis aseupan butut anu geus jalabrig pinuh ku ramat lancah téa.
Bérés ngalaksanakeun
DWIKORA di KODAM IX MULAWARMAN téa, kabeneran harita téh LIKWIDASI, kembali ke
induk pasukan semula, aya surat ti EMA. Amanatna téh “Eureun cenah di Héjo téh”,
Ema geus kolot. Gawé jadi UMAR BAKRI deui, rék di SR/SD, rék di SMP, rék di
SMA, ku Ema mo burung dikojayan cenah. Maklum alam harita mah béda jeung
kiwari, kiwari mah aya OTDA-OTDAAN sagala, kumaha aing, kerajaan-kerajaan kecil
téa. Jawaban kuring tetep hayang jadi GURU SR/SD baé, padahal harita téh lamun
tetep di Héjo pangkat téh geus PERWIRA.
Satutasna
ngalaksanakeun DWIKORA téa taun 1966, kuring balik deui ka kantor Inprasarlub
di Kabupatén Bekasi. Taun 1970-an pindah gawé téh ka Kabupatén Purwakarta. Ngajar
di SD Lapang Pori/Pekan Olahraga Republik Indonésia isuk-isuk, beurangna di 5
SMA, SMAN 1, SMA PGRI 1, SMA Pasundan, SMAN 1 Sukatani jeung SMK Muhamadiyah. Ngajar
NON-FORMAL PRAMUKA jeung PMR, FORMAL na FISIKA jeung KIMIA (Téma Musik jeung
Karawitan), nepika taun 2000.
Ti taun 1970-an kénéh, tiap lima taun sakali kuring ku komandan ditawaran jadi Kepala SD, ditolak baé. Alésan rupa-rupa (moal dicaritakeun didieu da rahasiah perusahaan).
Dina taun 1995
mah kuring dipaksa ku komandan sina jadi Penilik Kebudayaan, Penelik Generasi
Muda, Penilik Olahraga, jeung Penilik Masyarakat, sabab ti GURU ogé bisa kanu
kitu mah, kajaba Penilik TK/SD, kudu ngaliwatan jadi Kepala SD heula. Nya kuring
milih jadi Penilik Kebudayaan.
Cekeng téh,
heug jadi penilik tapi moal maké DUIT da teu gableg... Naaaa da éta mah, ari
testing penilik lulus, ari BISLUIT/SK Pensiun datang, jero haté ceuk Aing ogé
embung, teu tulus... tadi téa sudah suratan.
Ti taun 2000
pangsiun téh tina salaku GURU SD téa nepika kiwari. Tanggal 29 Nopember 2000,
dina baligho dikantor KODIM 0619 PURWAKARTA aya pangumuman, kepada mantan-mantan TRIKORA/DWIKORA dan
SEROJA kudu ngumpulkeun data-data, piagam-piagam dan lain sebagainya cenah.
Kuring atoh
kacida, deker wéh digarap, dikirimkeun ka KODIM. Sataun, lima taun, nepika
tujuh belas taun euweuh waé beritana, bahkan hilang cenah. Salaku prajurit
kuring ambek tapi seuri, ITULAH INDONÉSIA...
Geus kitu kuduna
meureun, kulantaran rajin trampil end happy, deker deui digarap da aya arsip téa. Otomatis waragad nambahan, da éta waé
ngarental mobil ogé nepika 27 kali.
Pitulung Alloh
SWT tadi téa sudah suratan, dina
tanggal 27 Nopember 2019 sagala persyaratan-persyaratan TRIKORA/DWIKORA téh car lancar rés bérés ta ieu, hasil
perjuangan téh. Hal ieu sakabéhna berkat ti Alloh SWT, ogé gawé bareng nu
rancagé antara stake holder, hususnna ti kantor MINVET, nyaéta KAPTEN HÉRYAWAN,
KAPTEN WAWAN jeung SERDA SAEPUL.
Saterusna kuring
meunang piagam Tanda Kehormatan ti MENTERI PERTAHANAN DAN KEAMANAN RI, nyaéta
mangrupa TANDA KEHORMATAN VETERAN PEMBELA KEMERDEKAAN RI (TRIKORA/DWIKORA). Teu
cukup ku kitu sakaligus deuih meunang KARIPNA, lazimna pangsiunan baé nu tiap
bulan dicokot di BRI, teu, teu ATM-ATM-man, da teu kadeuleu, mendingan maké
rekening BANK waé itung-itung reunian baé
atawa together-an.
Méh baé
kaliwat, tadi téa méméh pangsiun sagala dipigawé, lain PAW-PAW-an / Pergantian
Antar Wakktu, tapi nu diatas sana perlueun jeung nempoeun sugan. Kayaning dikantor
DINAS PENDIDIKAN, Pengurus PMI, Pelatih Pembina PRAMUKA anu pamungkas mah Pengurus
Déwan Harian Cabang Badan Pembudayaan Kejuangan 45 (DHC BPK 45) Kabupatén
Purwakarta BIRO HANKAM periodeu 2020 – 2025.
Dina umur anu
geus magrib masih kénéh bisa ngabaktikeun diri ka bangsa jeung nagara, tadi téa
keur conto nu alusna pikeun generasi muda téa. Ogé tadi téa abong-abong resep
kana KEPANDUAN / KEPRAMUKAAN hiji diantarana kudu hemat cermat dan bersahaja cenah.
Éta wéh padumukan
téh dijalan PRAMUKA pisan, hésé apan batur mah. Katuliskeun jurig, da tadi téa hemat cermat, nepika ompong sagalana,
teuing lamun jujur teuing sugan. Éta wéh
imah ogé ti kikirik nepi ka jadi anjing, ti ngungkuak tepi ka ngungkueuk,
éstuning ngontrak jeung ngontrak baé. Bari mindeng MUTASI éta téh, da diusir
téa, da teu kabaray jeung sajabana
wéh, duh diri.
Dina hal ieu
lain hirup royal lain, éstuning ceuk rumus para pelatih pembina pramuka mah anu
dina dadana pinuh ku rupa-rupa kaléng nanahaon mah, kieu : sudah suratan, beunghar tadina, meunang warisan, bisa usahana, béh
dituna ditambahan ku korupsi, muja jeung togel. Lain, sakali deui lain
royal tadi téa sudah suratan meureun ompong salagana. Da ari digawé mah rumasa
prajurit téa, datang pangheulana balik pangpandeurina téh lain bobohongan.
Darajat Tisnawijaya kenging layang pangajen ti Kwarnas 2019 PANCAWARSA
UTAMA.*
Atuh dina taun 2019 keur HUT PRAMUKA SA-JABAR di Kabupaten BOGOR, kuring meunang Hadiah ti KWARNAS ngaranna téh PANCAWARSA UTAMA, éta téh sa-Indonésia ngan hiji-hijina kuring téa. Dina 27 Nopember 2019 tadi téa Tanda Kehormatan Veteran Pembela Kemerdekan TRIKORA/DWIKORA ti MENHANKAM, ieu ogé sa-Indonésia ngan kuring doang.
Nepi ka di
Kantor KODIM mah kuring ceurik ngagukguk. Teu arék kitu kumaha, lima puluh genep taun kalarung kuring
saparakanca bajoang, kari-kari kiwari aya penghargaan ti nagara anu mangrupa
surat salambar, duit tiap bulan nu jumlahna Rp. 1.813.000,- Dina hal ieu Kepala
Dinas Pendidikan ogé Kemenag Kabupatén Purwakarta ogé aruningaeun da kuring
laporan, katambah duanana murid pisan, lucu nya?
Pamungkas ti
kuring : ”Dina hal ieu kieu-kieu ogé kuring téh jelema sésa perang, sésa pelor,
mangkaning tadi téa sa-Indonésia téh ngan hiji-hijina téa, sabab babaturan mah
geus kamarana boa, ceuk urang Bekasih mah pada
pulang kagak balik lagi”, tah nu matak ngagukguk dikantor KODIM téh.
Pertanyaanana :
1. Bukan betul salah, bukan menjodohkan, bukan pilihan ganda, tetapi essey.
2. Kuring téh dina taun 2019 téh bener-bener ngajaga nama baik Purwakarta
Istimewa/Wibawa Karta Raharja, sakaligus GEMAH RIPAH REPEH RAPIH/JAWA BARAT. Kumaha tanggapan ti BUPATI
PURWAKARTA ogé ti GUBERNUR JAWA BARAT, dina hal ieu ti Rd. Hj. Anne Ratna
Mustika, SE katut ti RIDWAN KAMIL???
Nepika wayah
keiu teu kadengé naon-naon. Malah dina HUT
GERAKAN PRAMUKA ka-59 taun 2020 Tingkat Kabupatén Purwakarta ogé di Maya
Datar teu di taro teu di takon, boro-boro diondang, komo méré imah type 60 mah.
Reference : Boro-boro ngundeur asih anu ngarangkulan, kalayan dipasieuk ku manggih
imut dina lahunan, nu jelas mah ahirna kiwari tinggal waasna, ligar dina
panineungan.
Abong-abong ka nu sukarela, abong-abong kanu sésa perang,
abong-abong kanu sésa pelor, abong-abong kanu ompong sagalana, duh diri... ***
Pasisian Jatiluhur, 20 Oktober
2020
Darajat Tisnawijaya
“Mapag Hari Pahlawan, keur para
pahlawan anu pandeuri”.*
0 Response to "SUKARELAWAN TRIKORA/DWIKORA"
Posting Komentar