Pitutur : SILOKA
SILOKA
Ku : Entis Dedi
Saur sepuh kapungkur cenah "Ulah Sok Nyebarkeun Taleus Ateul", éta kalimah mangrupakeun paribasa dina Bahasa Sunda. Naon sababna Taleus Ateul ulah disebarkeun atawa ulah dipiara, kusabab taleus ateul leuwih loba madorotna tibatan manfaatna, lamun geutahna keuna kana awak matak renyem arateul.
Tapi kunaon ayeuna Taleus Ateul malah pada néangan tur dipajang di imah-imah gédong. Mungkin ieu mangrupakeun #siloka, bisa jadi ku jaman ayeuna loba jalma anu alus lahiriyahna, tapi kurang mangfaatna, malah jadi pangeusi gédong-gédong nu aya di pamaréntahanna. Antukna nagara lain maju, malah jadi runyem ku timbulna perpecahan jeung perselisihan.***
0 Response to "Pitutur : SILOKA"
Posting Komentar