Nu Dipiati di Sukasari - Yasana : Darajat Tisnawijaya
Carpon Cinta
Nu Dipiati di Sukasari
Yasana : Darajat
Tisnawijaya
T |
eu, teu sangka, dina umur anu geus kapala
dalapan, masih kénéh aya garapan nu aya hubungannana keur kapentingan jenuk balaréa.
Tadi téa sudah suratan ogé yang diatas
sana némpoeun jeung butuheun kana eksistensi
kuring. Dina haté sukur ari kitu mah, da kalolobaanana mah apan pribadi-pribadina anu totorojolan
hayang kapaké téh. Belaan maké duit éta téh, mani héjo pisan, ceuk
legegna mah ku hayang-hayangna “di playna
téh”. Geus puguh ari keuna kana naon anu disebut PAW-PAW-an mah atawa pergantian antar waktu mah, éta téh dina
sagala widang.
Anu lucu mah patih goah (pamajikan), Pa... cenah,
mani halimpu sorana téh. Lamun dina musik mah do=C, birama 4/4, tempo Andante. Éta
téh dina simpena peuting, biasa ceuk nu ngora mah sabari “together-togetheran” cenah.
Geus kolot
Bapa téh, meugeus tong aktif dina rupa-rupa kagiatan. Bikeun ka anu ngarora,
ongkohna geus waktuna alih generasi cenah. Éta téh bari jeung ngasongkeun cai
kopi jeung jinggona, aéh jeung jisamsuna.
Ngahuleng sajongjonan, encer juga otak elu ceuk urang Bekasi mah, dina haté. Naha Pa kalah ka ngahuleng? Ceuk patih goah. Lain buru-buru ngajawab, kalah ka suruput nguyup cikopi terus ngomong : “Mah... panasnya cikopi ini sepanas hatiku, cekeng téh.” Gandeng cenah bari ngaléos.
Dipikir
dibulak-balik, ceuk legegna mah “reference”,
ah Insya Alloh rék dikeureuyeuh baé, itung-itung sampeureun engké jaga,
meungpeung jagjag kénéh.
Geus kitu
kuduna meureun, dua puluh taun menikmati
masa-masa duduk manis “tina ini Budi,
ogé tina Veteran Pembela Kemerdekaan
TRI KORA dan DWI KORA,” hayoh aya tugas teuing timana nyahona, nyaéta jadi BIRO HANKAM di Déwan Harian Cabang Badan
Pembudayaan Kejuangan 45 Kabupatén Purwakarta periodeu 2020 – 2025.
Seuri haté
mah, tapi tadi téa, batur ogé leuwih némpo dina sagalana meureun nu sifatna Universal. Atuh pribadi ogé sadar, yén
ompong sagalana kuring téh. Sanajan kitu, tapi demi ngeusian kamerdikaan mah
dina widangna masing-masing téa, hayu banget,
apa adanya, siap dina sagalana, ceuk
Pramuka mah disiplin berani dan setia.
Kulantaran
tadi téa, siap dina sagalana, kulantaran tadi téa, mantan soldadu sugan, éh
meunang tugas téh katempat anu pangjauhna, jaba umur pangkolotna di DHC téh,
era banget lamun ingkar jangji téh,
pang-pangna ku SAPTA MARGA, ku SUMPAH PRAJURIT ogé ku DASA DHARMA, sanajan geus arsip alias
pangsiun tadi téa.
“Masih dina
simpena peuting, kamana téa Pa tugas téh?” Ceuk patih goah. Teu buru-buru
dijawab, kalah ka narikkan lagu “DONT FORGET TO REMEMBER”, ku THE BIGEES téa... Mang karunyakeun ti
dituna mah, puguhan baheula, ka Irian
Barat, ka Kalimantan Utara, nu
kiwari tinggal waasna, ligar dina panineungan. Barang rék dijawab, patih goah
geus aya di kamar.
Anu ngaranna Kecamatan Sukasari téh Kabupatén Purwakarta pang sisina.
Beulah kalér Kabupatén Karawang.
Beulah kulon Kabupatén Bogor, beulah
kidul Kabupatén Cianjur. Sukasari
téh hiji kecamatan anu désana téh ngan ukur lima désa. Kacipta ti kampung ka
kampung téh jarauh pisan. Tapi ari dibandingkeun jeung tempat tugas kuring
bareto mah nya mending di Sukasari.
Ti Jatiluhur
ka Sukasari téh nyaéta ka Ciririp, dina parahu téh kana dua jaman. Mayarna Rp.
50.000,- saurangna. Tapi pukul 12.00 WIB kasorénakeun mah euweuh nu daraékeun,
sabab ombak jeung anginna gedé. Teu bisa ngobrol da gandeng ku sora mesin
parahu. Untung ayeuna mah aya jalan darat, bisa ku kolt buntung baralanja ka
Purwakarta téh. Saurangna Rp. 35.000,- tapi ngan sakali-kalina tiap poéna. Ari
mobil jeung motor pribadina mah lumrah loba kawas daérah-daérah séjénna mah.
Saumur nyunyuhun
ieu sirah, karék dua kali ka Sukasari téh, tiheula mah ulin biasa baé jeung
Babinsa, teu mancén tugas ti nagara. Betah keur kuring mah, SMP jeung SMA/SMK
geus aya. Pamandangan teu eleh ku daérah-daérah séjénna, kitu deui SDM-SDM na
sarua jeung daérah-daérah séjénna.
Anu leuwih
untung dina mancén tugas ka Sukasari téh kuring dibaturan ku awak média alias wartawan. Urang sebut waé Kiwarta,
éta Kiwarta téh merangkap Girang Serat
di DHC BPK 45 téh, puguh wé nyekrup pisan jeung kaayaan dinés téh.
Kangaranan
awak média ulah salah, kapan dan dimana
saja, pada moment apapun, sangat dan
sangan dominan sekali, geus puguhan ari piawai mah. Kudua kutilu kauntungan keur kuring mah. Tadi téa
kumaha pepelakan jelema mah. Pada embung tugas ka Sukasari dina meeting téh, jauh téa, teu terang téa,
komo lamun dibanjut ka perbatasan sigana téh kumaha boa, kaciri komuflasena téh.
Teu
kacaturkeun dina jalanna, anu jelas mah tilu jam perjalanan, bujur aki-aki dina
jok motor jeung Kiwarta téa, kacipta nya?
Datang ka
tempat anu dijugjug, tadi téa dasar wartawan sagalana piawai, langsung ditarima
ku sesepuh di éta wewengkon. Jeung pihak muspika mah moal dicaritakeun didieu,
sabab rahasia perusahaan éta mah.
Ngobrol ngalér
ngidul jeung sesepuh tadi téa, bari jeung dibarengan ku sempal guyon anu
sifatna teu ngabosenkeun, jauh kana atawa tina ragab jeung hal-hal negatif séjénna,
éstuning pikabetaheun.
Teu sangka,
geuningan kehidupan dan penghidupan
nu asli mah ayana téh di lembur. Teu, teu dibungkus, ceuk urang kota mah tidak dikemas ku hal-hal anu komuflase
tadi téa. Éstuning saujratna, apa adanya,
murni téa, ceuk Pramuka mah suci dalam pikiran perkataan dan perbuatan,
jauh pisan kana eksen téh.
Keur
ngeunah-ngeunah ngobrol, torojol téh aya wanoja nyuguhan, deungeunna éstuning
serba alami, seupan sampeu, seupan hui, seupan cau teu tinggaleun cikopi
hideung mah. Bérés ngasorkeun susuguh, naha atuh ari solongkrong téh
ngasongkeun leungeun. Nepangkeun abdi Rosilawatie cenah. Teu sangka di kampung bau
lisung aya ngaran nu sakitu alusna, sarua jeung alumni SASTRA FRANCIS, nu disebut patih
goah téa alias ninina barudak.
Keur mah
eukeur tibarang nyuguhan ogé geus bengong kuring téh, katambah-tambah
disampeurkeun pisan, cacakan kuring téh TOP
(Tua Ompong Péot), nya heueuh teu puguh
rarasaan, ngadaregdeg jeung sajabana.
Sajeroning
nampanan leungeunna téh, ieu pikiran kumalayang ka jaman keur ngora. Tadi téa,
ieu meureun CLBK (Cinta Lama Bersemi Kembali) téh. Teu sadar,
nyaho-nyaho Kiwarta nepak kana leungeun, atos tong lami-lami teuing Kang cenah.
Atuh ngagurubug lain heuheureuyan duanana ogé, bari éta téh di depan publik, heuy deuh, maksud téh dihareupeun
kolotna.
Untung Kiwarta
téa piawai, acara téh lumangsung teu aya gangguan naon-naon. Ngan dina haté
kieu : “Kiwarta, nomer sabaraha sapatu?” masih kénéh dina jero haté, opat puluh
lawan dalapan puluh mah... idéal cekeng téh. Nyaho kitu téh Kiwarta téa
nanyakeun ka indungna, basa api-api rék ka toilet. Keur sakitu kalina, piawai
pisan Kiwarta manéh mah, mudah-mudahan waé boh anjeun komo kuring,
dipanjangkeun umur, améh jadi urang Sukasari, anjiir...
Beres tadi téa
ngobrol, diteruskeun kana ciri sabumi cara sadésa, nyaéta
disuguhan tuang. Keur mah eukeur lapar, puguh wéh ceuk urang Bekasi mah lagi ujan diberi tudung. Sangu bodas, seputih kulit Nyi mojang téa, heuy deuh, dasar, bari serba
hararaneut. Goréng nila, pais nila, cobek nila, maklum daérahna. Sambelna?
Sambel suuk, lalabna? “jengkol ngora”.
Teu pararuguh
sajeroning dahar téh, ku bisa-bisana Kiwarta téa, diuk téh ngarendeng jeung anu
geulis téa, malah paadu tuur sagala da dina samak dahar téh, deui-deui dina
haté : “Nuhun Kiwarta, ceuk barudak pontrén mah ajiip...
Anu jadi
bingung mah, panggih téh munggaran pisan. Katurug-turug sabada dahar téh, maké
heug Si Eneng téh ngajak ka papilyun, jero haté deui : “Ieu pasti skénario
Kiwarta”.
Sanajan dina
waktu anu samporet, Si Eneng ngaharewos : “Pa... cenah, bari carinakdak, maapin Eneng, kalau bisa jangan tinggalkan Eneng.” Ari kuring, tadi téa, palebah
anu kitu patut mah kecil. Cekeng téh: “Neng
jangan, sekali lagi jangan simpan tangismu, sebab masih ada senyum yang manis
dan abadi di bibirmu.” Na... ari gabrug téh nangkeup ka kuring. Leres éta
téh Pa? Cenah. Dijawab deui ku kuring: “Neng, aya jalan kaluarna upami eneng
nangis, nyaéta ngusir cisoca ku jalan ngabagéakeun séahna angin, nanging upami
tetep kedah nangis “Wear a smile and wolk in the sun,”
cekeng téh.
Deui deui Si
Eneng nangkeup malah kalah ka tipepereket, siga embung leupas...
Kang hayu
urang wangsul, Kiwarta ngagorowok, teu wanieun ari nyampeurkeun mah, ngahargaan
meureun da ka kolot.
Antara anu
tipepereket jeung anu ngagorowok, disebut duet da lain, komo rampak sekar mah,
naon atuh? Paling-paling, kudu kumaha?
Ieu téh sebab
akibat tina “Jengkol ngora”, pohon paktor wé kana “Nu dipiati di Sukasari”.***
Nu dipiati di sukasari,matak sehat keur nu maca.ceuk urang bekasi mah heddeeed lah
BalasHapus