MULANG
MULANG
Ku : Asép Éri
Bangun lewang, panonna neuteup langit peuting ... haténa ngageri peurih, sono micangcam bulan nu teu daék datang, sedengkeun langit kawas ngahajakeun, bangun alum diharudum méga hideung, nganti cangra nu sumebar na sela-sela kalakay tangkal huni gigireun émpang, bulan angger tonggoy teu daék nembongan, kalah udatna bangun hayang leupas dina kungkungan untuyan méga.
"Hihihihiiiiii ... sora seuri humandeuar meupeuskeun simpè, awak ngagebay lalaunan turun ngoléang hampang jiga kapas, bangun lungsé nyampai na dahan, leungeunna nyaliksikan buuk ngarewig pinuh ku japah, suku ucang anggé laju ngalayang turun, nyangkorah handapeun tangkal huni di juru émpang.
Sakedapan birihil seuri diganti bangingik nyeri, sakolepat katembong berebey cimatana nu herang juuh, pipi konéas robah dina bodas sepa jadi beureum lamokot getih. Lir kahudang nyeri panonna burial buncelik basa inget deui lampah baheula lir pilm hideung bodas kahirupan nu salila ieu datang ngalangkang, pilih genti nyuat-nyuat lampah nukang, bréh atra lalakon hirupna basa jumeneng dialam dunya.
"Mana duit? Salakina ngajéwang buuk manéhna, baham bau alkohol bari ngacacang ... teu euih-euih "Aing moal poho hasil manéh peuting ieu! Manéh mah tinggal tuturkeun kahayang salaki! Montong salah tapsir! Aing ogé nyeri ningali manéh ditumpakan gunta ganti lalaki! Aing tetap Ai Lap Yu ka Kamu! Salakina humandeuar bari baham kebek ku bau arak, "Awas Cintakuh prak sajah layanan kabéh lalaki nepi ka manéh ngabangké! Ngan inget! Oténg! Oténg! Oténg! Huwahahahahaa ... Hidup oténg! Ngabarakatak laju ngaleis bari leumpang babangkieungan bari jeung leungeun kénca teu leupas nyekék botol minuman.
Nongtoréng kénéh dina ceuli omongan salaki nu tega ngajual dirina, tapi da kumaha? Kur bisa bati rambisak bari nahan nyeri haté, sebagai awéwé lemah ... jaba nahan nyeri palangkakan bati ngalayanan nafsu bejad lalaki, "Tos teu kiat Gusti ....
Ukur bisa meredih ngadunga ti awak pinuh kokotor jeung leleda bari rambisak. Kungsi harita méhméhan luas ... geus masagi pokona sagala rupa nu nyambung ka salaki ku manéhna dipupus, niat geus panceg rék ninggalkeun manéhna! Tapi aya waé akal lalaki keur ngahalangan pipisahan, gedé kenéh duriat tea, sing nyaah ka anak tea, tapi angger lamun paséa gedé wani nepi ka nyiksa madaksa, béak karep nganyenyeri, nyuat-nyuat deui lalakon heubeul, "Nga-ungkluk mah ngeunah! Duit gampang! Teu kudu loba kaluar késang! Kuli ngarambét mah sabedug lohor paling sabaraha beubeunangan? Buka tiung manéh! Awak manéh jeung Aing geus kagok lidig ku dosa!
"Rék néangan nahaon deui? teugeug.
Meunggeus! Ti semet ayeuna tong loba alesan hayang hirup bener! Aing rék leuwih ngajejeléh jeung nyiksa manéh lamun manéh teu nurut ka Aing!
Bro-broan ngabélaan pangabutuh salaki, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, kesang ka bujur-bujur, ngajual harga diri ka unggal lalaki tapi dibales ku kanyeri, pamus-tunganana mah ukur nyangking kingkin, nampa togéncang. Kurumuy rasa kaduhung, ronghéap lara hanjakal.
Burileng. Kanyeri ati mingkin ngajadi, ngéléhkeun peurihna nadi.
"Hapunten, Mamah nya Néng .... Hapunten ...," haténa norowéco, nyambat hiji buah haté nu napel némbongan. Teuteup deudeuh ti buah haté nu teu tuah teu dosa nambahan angkeubna rasa.
Giler, panonna nojo langit. Miharep cangra nu ngempray. Tapi méga jiga nu embung miduli. Keukeuh mindingan.
"Hampura Mamah geuliiisss ..... harewosna kingkin, Mamah mulang nya Néng, jimaaat ... Mamah teu kiat nandangan lara
Burileng, létah ngelél panon buncelik ngaleupaskeun nyawa kapaksa tina raga ... kulapés, awak nyangsang nyangsaya tanpa daksa, beuheung dieurad tambang.
Jempling sakedapan ... Sedeng bulan teu embol-embol.
0 Response to "MULANG"
Posting Komentar