WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kartini HY Ciamis Bebenah Organisasi Jeung Nata Program

 Kartini HY Ciamis Bebenah Organisasi Jeung Nata Program



CIAMIS - www.wartasundaonline.com

Asalna mah ukur beungkeutan silaturahmi,pikeun ngarojong H.Herdiat-Yana D Putra dina enggoning Pilkada mangsa katukang. Tapi,ku remen ngariung nyawalakaeun kagiatan,boh widang  sosial oge aub beberesih lingkungan,jeung hiburan, nya antukna diwangun Komunitas Kartini HY Kabupaten Ciamis,tilu tahun katukang.

Satutas H.Herdiat Sunarya jeung Yana D Putra,kapilih jadi Bupati Kabupaten Ciamis, ieu komunitas Kartini HY,beuki gesit dina ngalaksanakeun programna. Kumpul ngariung,silaturahmi antara pengurus jeung anggota. Tukeur pikiran dina enggoning ilubiung aub ngamajukeun daerahna. Widang sosial,lian ngabantu anggota nu udur oge mantuan boh korban banjir oge longsor di wilayah kabupaten Ciamis. Teu kitu tukeur pikiran dina,wira usaha na. Silih bayong diantara pangurus jeung anggota.

Anyar keneh,masrahkeun bantuan sagalarupa nu ditampung ku pangurus ti anggota jeung pangurusna. Tuluy marangkat,masrahkeun bantuan ka korban banjir jeung longsor di Kacamatan Banjarsari jeung Kacamatan Banjaranyar. Sarumanget nataku.

“Dinten kemis (12/11-2020),tos gempungan,nyawalakeun program jeung nandeskeun kapengurusan Kartini HY.Alhamdulilah sarumanget keneh”,cek Ketua Komunitas Kartini HY Kabupaten Ciamis,Hj.Yeti Rosyety anu dienyakeun ku pangurus sejenna ka penulis,Kamis (12/11-2020),satutas acara gempungan di Saung Bambu, samping Islamic Center Ciamis,Kelurahan Kertasari,kacamatan Ciamis.

Ceuk Wakil Ketua Kartini HY,Anneu Suzana,Alhamdulilah tepi ka kiwari komunitas Kartini HY masih kompak.Guyub dina ngalaksanakaeun programna.Dina gempungan eta nyawalakeun pikeun arah oraganisasi kahareupna. Ngabebenah jang sekretariat jeung managemenna oge nata struktur pengurus. Nya tos kabangun,kapengurusan Kartini HY Kabupaten Ciamis. kabeh sapuk,pikeun babarengan ngamajukeun ieu organisasi.

Ari geus sapuk mah,kabentukna pengurusna,tangtu tinggal nyampurnakeun legalitasna.Ngarah papayung hukumna jentre.Kaaku jeung kadaftar di Kesbangpol Kabupaten Ciamis. Dina ngelola organisasi oge moal hamham deui.”Piduana tisadayana”,cek Anneu Suzana deui. Anneu,minangka dipikolot ku sarerea dimana,Ketua aya halangan atawa keur gering teu bisa ngahadiran. Biantara oge remen ngawakilan Ketua.

Ari cek Hj.Yeti Rosyety, ngarasa bungah komunitasna nu tug ka kiwari solid. Bisa keneh kumpul ngariung dina nyawalakeun program Kartini HY. Sakumaha pamianganana dibentuk tilu tahun katukang,ieu komunitas teh lain ukur pikeun ngarojong suksesna Herdiat-Yana. Alatan,ngarah puguh arahna,nya tina ririungan jadi komunitas Kartini HY. Ieu komunitas lain ngarojong sawaktu nyalonkeun Bupati Herdiat Yana,tapi milu aub dina pangwangunan lingkungan,satutas Herdiat Yana dibenum jadi Bupati Ciamis..

Ketua Kartini HY,Yeti Rosyety jeung Wakil Ketua Anneu Suzana,nganuhunkeun ka sakumna nu hadir geus nyisihkeun waktuna,pikeun tukeur pikiran.Nyaruakeun,tekadna pikeun ngamajukeun Kartini HY kahareupna.”Hatur nuhun”,pokna mungkas obrolan.***

D.RUHIMAT


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kartini HY Ciamis Bebenah Organisasi Jeung Nata Program"

Posting Komentar