Carpon : “GETETE” Ku : Darajat Tisnawijaya
Carpon :
“GETETE”
Ku : Darajat Tisnawijaya
"....Lucuna ari anak buah kuring guru-guru téa, teuing kumaha, jiga anu ngartikeun saban kuring keur paduduaan, komo keur ngahuapan mah..."
R |
umah tangga kuring jeung manéhna
téh cukup lila, layeut, ceuk batur mah nurub cupu cenah. Sok sanajan kaayaan
ekonomi mah bisa disebut pas-pasan. Lain bobohongan, maklum kuring mah pagawé
leutik, kasang tukang salaku kepala sekolah di hiji SD. Anu leuwih reueus deui
mah pamajikan pisan, teu aya aral subaha téh, rido bari jeung weleh ngingiclik
baé kaditu-kadieu téh, ceuk budak ngora mah meureun “lengket kayak nomer HP”. Nyaéta
ogé ari sautak-saeutik mah gangguan tehnik téh aya, maklum pasipatan manusa anu
kurang sampurna téa.
Geus puguh ari
arogoannana anak buah mah, boh sacara pribadi boh sacara dines. Maklum kaanak
buah téh kuring mah terbuka, blak-blakan dina sagala rupa téh. Sering pisan
lamun anak buah teu hadir kuring sok ngeusian kelas, maksudna mah nyelangan
ngajar. Dicaritakeun lain
nanaon, pedah wé inget kana tanggungjawab jeung kadisiplinan baé. Da naon deui
atuh di alam dunya mah, pikeun kuring kitu ogé, itung-itung hayang pepelakan baé anu hadé
pikeun sampeureun engké jaga.
Dina hiji
waktu, guru kelas 4 teu datang, malah teu béja teu carita. Sedengkeun ari guru
kelas 4 téh nyaéta guru tidak tetap alias honorér alias GTT téa. Budak kénéh
alias gadis, rajin pisan dina sagala pagawéan téh. Malah anu anéh téh teu
dipiceun sasieur jeung pamajikan téh, éstuning kawas jambé dibeulah dua.
Harita kelas 4
téh ku kuring tadi téa nyelangan ngajar, nyaéta dina pelajaran kasenian/ngawih.
Deker baé kuring téh ngajar, ongkoh tambah cangkeul, kabeneran kuring rinéh, maklum goréng-goréng ogé kuring téh
pingpinan. Sihoréng salila dua jam pelajaran kasenian téh, anak buah kuring GTT
téa téh aya, ngan sigana arek asup ngajar téh kagokeun, béh dituna dijalanna macet meureun.
Sabot kitu
Bapa Pengawas sumping, saterusna anu narima Bapa Pengawas téh nya anak buah
kuring anu GTT téa, anu héjo kénéh pangalamanana. Geus kitu kuduna meureun, Bapa
Pengawas téh ngalér-ngidul sagala ditanyakeun, nepika hal-hal pribadina ogé
tetelepek ditanyakeun, bari jeung over
akting sagala, maklum Bapa Pengawas téh duda tur beunghar. Nyaho sotéh guru
kelas 4 GTT téa laporan, bari ceurik sabada Bapa Pengawas mulih. Tidituna mah
mangadu meureun, bakating ku geus teu asa-asa téa ka kuring.
Samulihna Bapa
Pengawas, kuring jeung anak buah nyaéta guru-guru katut penjaga, rapat leutik heula. Ngabahas naon-naon
anu didugikeun ku Bapa Pengawas, kayaning ngeunaan pentingna
dunya atikan, komo dina era globalisasi, pang-pangna dina nyanghareupan
kurikulum anu anyar cekeng téh.
Rengsé ngayakeun
rapat, anak buah marulang ngan penjaga baé anu pangpandeurina balik téh. Da kitu
meureun geus ilahar ari penjaga mah, datang pangheulana balik pangpandeurina
dimana-mana ogé. Sakapeung mah sok era ku penjaga téh, mun sakabéh PNS
pangpangna para pajabat, disiplinna kawas penjaga, sigana beres meureun ieu NKRI
téh, moal, moal aya anu dicérék ku KPK, moal-moal acan aya
KPK ogé da tadi téa disiplin.
Teu karasa jam
geus nuduhkeun tabuh 15.00 WIB, lila pisan geuning kuring cumeluk nyorangan di
kantor téh. Maké jeung mukaan biodata Si GTT téa sagala, nepika sababaraha kali diilo, padahal manéhna
téh geus lila ngajarna téh. Geus kitu kuduna meureun, teuing aya rasa nanahaon, sakali deui
disebut anyar da geus lila ngajarna téh. Ngan jelas ari umurna mah jauh pisan
jeung kuring téh, bédana ogé 35 taun. Ari nu hayang seurina mah lamun kuring
dikantor nyorangan, teu bosen-bosen éta biodata téh dibukaan deui. Malah dina hiji waktu mah ampir-ampiran
kaeraan ku guru-guru téh, ngan berkah aya ide, gancang ditutupan ku map séjén,
heuheuy deudeuh, asa era mikirian kalakuan mangsa harita.
Geus kitu
kuduna meureun, dina umur kuring nincak kana 58 taunnan, pamajikan téh dipundut
ku Nu Kawasa, alatan katarajang jantung ceuk dokter mah. Mangkaning tadi téa,
keur reugreug pageuh rumah tangga, kari-kari sakaligus ditinggalkeun. Kacipta kumaha
sedihna kuring jaman harita dina sagalana, katambah-tambah nepika harita kuring
téh acan dibere pisan turunan.
Teu karasa
waktu nyerelek, kuring angger ngalaksanakeun tugas sakumaha biasa, pon kitu deui
guru-guru katut penjaga.
Dina hiji
waktu GTT anak buah kuring téa gering, malah nepika diopname sagala. Ari kuring
da salaku komandan téa, unggal poé ngalongokan ka rumah sakit téh, katambah-tambah
manéhna téh geus yatim piatu. Saha deui iwal ti kuring ogé guru-guru anu
mikanya’ahna téh.
Lucuna ari
anak buah kuring guru-guru téa, teuing kumaha, jiga anu ngartikeun saban kuring
keur paduduaan, komo keur ngahuapan mah, sok nyaringkah, alesanana rupa-rupa,
maklum S1 malah S2 anak buah téh. Tapi ari palebah pamitan téh deui-deui lucu,
mani kompak persis anu keur rampak sekar.
Pareng dina
hiji waktu pisapoéun deui balik ti rumah sakit, bét aya rasa anu béda
sajeroning ngobrol téh. Lain wungkul mapagahan anu aya patalina jeung kadinesan,
tapi leuwih jauh ngobrol kana masalah pribadi sagala. Meureun ceuk barudak
ngora kiwari mah “mengeluarkan isi hati
ungkapan rasa”, curhat téa. Teu kalis bari jeung luak-lieuk sieun aya nu
ngintip, geus puguh haruwas-harewos mah. Mana komo basa keur ngedalkeun naon
anu disebut eusi haté, yén ...... kuring téh nya’ah kamanéhna téh, tresna,
jeung sajabana wéh. Éta téh bari jeung teu karasa cipanon murubut, inget ka
sijenak anu sakitu belana basa keur masih aya dikieuna. Ditambahan ku rasa era,
sieun ditolak cinta tur ku anak buah pisan. Ari teu dikedalkeun bisi ku
Pengawas manten, jaba pengawas mah beunghar deui, pangkat jeung jabatanna, ogé
golongannana leuwih luhur, ari arek kikieun piraku baé.
Dina simpena
peuting di rumah sakit téa harita, teu disangka-sangka anak buah kuring anu
masih kénéh ngora téa téh ngaharewos : “Upami Bapa nya’ah ka abdi, sing
sapertos Bapa nya’ah ka Ibu almarhumah, istri Bapa cenah.” Mangga téh teuing
badé iraha-iraha ogé abdi badé ditikah ku Bapa, da saleresna abdi ogé .... teu
kebat manéhna neruskeun caritaannana, ngan anu jelas mah gabrug baé kukuring
ditangkeup, dikeukeupan, bari rasa pinuh ku kabungah ngadengé caritaan nyi
mojang GTT téa.
Teu karasa pas
umur kuring nincak kana 60 taun, dina harti sakedeung deui kana pangsiun,
kuring ngalaman nyorang deui ka bale nyungcung jeung manéhna GTT anak buah
kuring, guru kelas 4 téa.***
0 Response to "Carpon : “GETETE” Ku : Darajat Tisnawijaya"
Posting Komentar