WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PCNU PURWAKARTA DIBAGÉAKEUN DINA HARI SANTRI 2020

PCNU PURWAKARTA DIBAGÉAKEUN DINA HARI SANTRI 2020

Ketua PCNU Kabupaten Purwakarta, Drs. Bahir Muklis, M.Pd nalika muka acara  LombaBaca Maulid Al-Barzanji di Lembaga Pengembangan Profesi Pendidik Indonésia Purwakarta, poé Salasa, (20/10/2020).*


PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,

D ina raraga mapag poé Santri Sa-Indonésia 2020, ping 22 Oktober 2020. Pamarentah Kabupaten Purwakarta magelarkeun saniskara kagiatan. Taun ayeuna mah Pemkab gawé bareng jeung PCNU Kabupatén Purwakarta dina magelarkeunana. Hiji diantarana Lomba Baca Maulid Al-Barzanji tempatna di Lembaga Pengembangan Profesi Pendidik Indonésia Purwakarta, poé Salasa, (20/10/2020). 

"Sok sanajan kaayaan masih kénéh sasalad Covid-19, tapi pihak Pemkab Purwakarta ngalumangsungkeun kagiatan tetep nerapkeun protokolér kaséhatan. Saperti Lomba Baca Maulid Al-Barzanji para pamilonna carana virtual di masing-masing tempat. Kitu ceuk Ketua Lesbumi NU Kabupaten Purwakarta, Abah Aéf Saéfulloh, S.Pd.I ka Warta Sunda Onliné di lokasi acara.

Ketua Panitia jeung Ketua Lesbumi PCNU Purwakarta.*


Malah mandar Lembaga Seni Budaya Muslimin Indonésia (LESBUMI) ieu téh gaduh pancen ti pihak PCNU Purwakarta pikeun ngokolakeun Lomba Baca Maulid Al-Barzanji nu tempatna di LKPPPI Purwakarta.

Taun ayeuna mah Hari Santri 2020 témana : “Santri Sehat Indonesia Kuat”, luyu sareng harepan Kementrian Agama (Kemenag) RI. Di Purwakarta mah kagiatan Hari Santri 2020 gawé bareng antara Pemkab, Kemanag jeung PCNU.

Tim pameunteun keur ngajurian virtual Lomba Baca Maulid Al-Barzanji.*

Acara virtual Lomba Baca Maulid Al-Barzanji sa-Purwakarta eta teh dihadiran ti Kasubag TU Kemenag Purwakarta, Kasubag Kesra Pemda Purwakarta sareng PCNU Kabupatén Purwakarta.

Diantara nara sumber éta, Kasubag TU Kemenag Purwakarta dina biantarana nyebutkeun yén ieu rutin dilaksanakeun tiap taunna, lantaran ayana Keputusan Présiden Nomor 22 Tahun 2015 dengan menetapkannya pada setiap tanggal 22 Oktober ku Présiden Jokowi. “jadi kagiatan ieu téh resmi unggal taun dilaksanakeun. Saperti taun ayeuna lumangsung sapoé jeput,” pokna Ketua Lesbumi NU Kabupatén Purwakarta.

Ketua PCNU Kabupaten Purwakarta, Drs. Bahir Muklis, M.Pd dina peupeujeuhna acara ieu téh miharep ka Lesbumi NU Kabupatén Purwakarta lain saukur dibentuk tapi bisa ngahasilkeun kagiatan saperti halna ayeuna nu keur lumangsung virtual Lomba Baca Maulid Al-Barzanji sa-Purwakarta.

Acara nu saperti kitu téh dina ngagali potensi para santri seni kaagamaan nu salila ieu can ka ekspose ngeunaan maca Solawat Al-Barzanji. Ari para santri tina kamampuhan lagam, macana ogé aralus, ku kituna di lombakeun téh dorongan dina lomba Solawat Al-Barzanji. Komo ayeuna geus beda jaman. Ayeuna jaman serba canggih, para santri teh ditungtut kudu bisa nguasaan IT,” pokna Pa Bahir.

Nurutkeun data nu kumpulkeun ku redaksi kagiatan diapungkeun ku Channel YouTube Kebudayaan Purwakarta. Acara lumangsung kalayan lancar tur sagetna Ketua Panatacalagara nu dipupuhuan ku Very Sukma F, M.Pd.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PCNU PURWAKARTA DIBAGÉAKEUN DINA HARI SANTRI 2020"

Posting Komentar