WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ketua Kampung Angklung Mandiri,Alimudin Pikeun Nata Kampung Angklung Butuh Waragad Rp.3,5 milyar

 Ketua Kampung Angklung Mandiri,Alimudin

Pikeun Nata Kampung Angklung Butuh Waragad Rp.3,5 milyar

CIAMIS - wartasundaonline.com

 Panonpoe meletek ti beulah wetan, Salasa (27/10-2020) penulis, geus aya di Kampung Angklung. Perenahna di Kampung Nempel, Dusun Linggamanik RW 07 Desa Panyingkiran,Kecamatan Ciamis. Di saban buruan imah, katohyan wargana keur nyusun angklung.

 Pacabakanana,aya nu keur neukteuk awi, nyusun, ngumbahan, napelkeun hoe,mariasi angklung,nyetelkeun nada.”Nembe ngadamel deui angklung. Da tisadek Covid-19,mah libur. Pemasaranana sepi, Kasekat ku protokoler covid”,cek sababaraha urang pengrajin angklung di Kampung Nempel,Salasa (27/10-2020). Nya ti sasih September mah leleng kahalu deui,pokna deui.

 “Alhamdulilah nembe jalan deui,kanggo nohonan pesenan proyek DAK Kabupaten sareng persiapan ngayaan ka Kementrian”, tembal Alimudin (53) Ketua Kampung Angklung Mandiri Salasa (27/10-2020),di imahna kampung Nempel RT 02 RW 07 Desa Panyingkiran,Kecamatan Ciamis,kabupaten Ciamis. Cenah,mun tea teu katulungan ku pangayaan proyek DAK Kabupaten mah,jigana warga ngalanggurna manjang.


 Nurutkeun Alimudin, dirina ngarasa reugreug alatan legalitas Kampung Angklung sapuratina geus katarima. Eta legalitas teh,katarima 14 Juli 2020. Jadi  papayung na Yayasan Kampung Angklung Mandiri,Notaris Ira Herawati SH.MKN,Akta No.2. Ayana legalitas,ngokolakeun Kampung Angklung beuki saged.Sok komo,kiwari meunang rojongan ti Camat Kecamatan Ciamis, Drs.H.Dede Hermawan MM,baris ngabantu diasupkeun kana anggaran musrenbang kecamatan. 



 Cek Alimudin nu katelah dipanggil Kang Mumu teh, Camat Ciamis nembrakeun rek milu ngarojong Kampung Angklung basa aya tamu ti Dirjen Kepurbakalaan dan pelestarian kebudayaan daerah. Anu ngalonggok jeung nalungtik nyieun tur kasenian angklungna. Alatan produksi Angklung ti Kampung Angklung teh geus jadi tujuan pesenan boh pangusaha wisata nu aya di Bali,Bandung,jakarta,oge ti propinsi sejenna. “Mun tea sababaraha tahun katukang Ciamis sok pesen ti Bandung Angklung teh,kiwari mah urang kota Bandung nu pesen ka Kampung Angklung Ciamis. Mumu geus lila,sok nambahan barang nohonan angklung nu pesen ti Saung Ujo.”Ti payun mah remen,nampi pesenan ti Saung Ujo”,cek Mumu deui.

 Kampung Angklung,lain wae nohonan pangusaha wisata,proyek,jrr,tapi,remen jadi tujuan wisata turis.Boh turis lokal oge turis asing. Turis lain wae disuguhan,ku pangrajin nu keur anteng nyusun nyieun angklung,tapi ngarasakeun endahna alam atawa lembur Angklung,nu dipasieup ku sora angklung nu ditabuh ku palaku seni Angklung. Sora angklung,matak tibelat jeung betah ulin ka Kampung Angklung.

 Ngan hanjakal,acan aya nu daria dina enggoning nata Wisata Kampung Angklung.Padahal seg ditata,tangtu aya jang PAD Desa oge Kabupaten. Kakara,program Yayasan Kampung Angklung Mandiri,nu baris nata. “Waragad pikeun nata Wisata Kampung Angklung teh butuh Rp 3,5 milyar”, cek Kang Mumu,nu geus 30 tahun leuwih jadi pengrajin angklung.

  Di Kampung Angklung aya pengrajin angklung 100 urang. Awewe,lalaki ancrub. Oge ngabina pengrajin di luar desana,saperti di Kacamatan Rajadesa,Desa Sukaharja jeung Andapraja. Kecamatan Cijeungjing Desa Kertaharja,Kecamatan Cimaragas jeung Banjarsari.Kabeh,produksinya ditampung di Kampung Angklung. Kang Mumu oge remen mere materi praktek nyieun angklung jeung nabeuhna. Saperti ka Madura,Bogor dilingkungan Unipersitas Pendidikan Indonesia (UPI) cabang Tasikmalaya,Karawang,Bekasi jeung daerah sejenna.

 Ari Kang Mumu,kaparigelan nyieun angklung tur nabeuhna ti urang Kota Banjar.Keur mah manehna urang Banjar nu kabandang rumahtangga jeung urang Nempel. Eta lulusan STM Bina Putra Banjar teh,mimiti nyieun angklung tahun 90-an.Asalna tatanggana hare-hare. Sanggeus ningali Kang Mumu,bulak balik masarkeun angklung ka pasar lokal,antukna katajieun. Neretep hayang diajar nyieun angklung.Nya Kang Mumu nepakeun elmuna.

 Tahun 2014,lembur Nempel diajukeun ka Pemkab Jadi Destinasi Wisata Ciamis Kampung Angklung. Nya Tahun 2016 diaku,tur meunang penghargaan ti Gubernur Jawa Barat,pelopor pemberdayaan masyarakat. Ti harita Kampung Angklung teu reureuh pesenan,sok komo waktu Konferensi Asia Afrika (KAA) di Bandung pesenan loba pisan. Kang Mumu oge boga perusahaan sorangan “Panji Mekar”.

 Bahan baku,ngaleuyah keneh.Bubuhan sentra tangkal awi. Jeung kungsi dibudidayakeun.Bahan jang angklung mah conggona. Awitali nu pangajina Rp.700,-saleunjeur congo. Awi hideungna ti Cipatujah Kabupaten Tasikmalaya,sacongo Rp 3 rebu. Ari hoe ti Cirebon,sabeungkeutna Rp.150 rebu. Tahun 2019 pangayaan rekanan omsetna Rp 1 Milyar leuwih. Tahun 2020,mah teu hojay da musibah Covid-19.

 Angklung nu diproduksina,sarinande,cindramata,ngan hiji dua oktap. Angklung arumba nepi ka 5 oktap. Hargana ti Rp 100 rebu tug Rp.7 juta. Sabulannna rata-rata 800 set angklung Cindramata jeung 10 angklung arumba. “Tapi,pesenan sakumaha oge ditadah. Bahan baku mah siap jeung pengrajinna oge nambahan”,cek Kang Mumu deui.

 Program nu baris dikembangkeun di Kampung Angklung,cek Kang Mumu,gerbang tos dibangun,jalan ditata,direncanakeun aya sanggar,lapangan pikeun mintonkeun kaulinan tradisional sunda saperti lomba bakiak,gatrik,jrrd. Disanggar,baris dipintonkeun,rupa-rupa kasenian nu aya di Ciamis. Oge tempat paranti nginep turis. Eta ngawangun Kampung Angklung teh tangtu teu sakaligus,tapi aya tahapan anggaran. Ayeuna oge keur dikeureuyeuh waragad ti Kang Mumu,saayana dilarapkeun. Lahanna,geus aya. Mun tea kurang,bisa meredih ka warga. majuna kampung Angklung tangtu baris nyerep pagawe nu leuwih loba. Oge pendapatan sarerea. Tinggal meunang pangrojong ti Pemkab Ciamis,Gubernur Jawa Barat tug Kementrian nu pakaitna.**D.RUHIMAT 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ketua Kampung Angklung Mandiri,Alimudin Pikeun Nata Kampung Angklung Butuh Waragad Rp.3,5 milyar"

Posting Komentar