VIRAL : JANDA BOLONG HARGANA UNDAK RATUSAN JUTA
JANDA BOLONG
"Tanaman hias, Mang, ngaranna janda bolong, cenah. Éta hargana nepi ka ratusan juta."
"Lah, dagoan wé sababaraha bulan deui. Dedengekeun ku ente, saha baé nu katipu juta-juta."
"Kumaha kitu, Mang?"
"Ti baheula gé kitu bangsa urang mah. Usum anthurium, ramé néangan anthurium. Usum cacing sutra, ramé ngaringu cacing. Ka toke-toke kungsi diramekeun apan. Ahirna mah, jarempé sorangan."
"Kitu nya, Mang?"
"Enya kitu, komo ayeuna keur usum kieu, biasana sok muncul nu araneh téh hehehe." ***
Seratan Kang Budi Rahayu Tamsyah.
0 Response to "VIRAL : JANDA BOLONG HARGANA UNDAK RATUSAN JUTA"
Posting Komentar