SAUNG TALAHAB DAMPAR PALUPUH
SAUNG TALAHAB DAMPAR PALUPUH
Hateup tina injuk, kiray, sirap, sigana geus loba diparaké mapaésan saung kiwari. Tapi kolot urang Sunda baheula sok ngagunakeun awi. Nya disebutna talahab. Awi téh dibeulah dua, disusun nangkarak jeung nangkub silih tutupan dina seselana sangkan cihujan teu asup. Atuh dadampar saung ogé dijieun tina awi, dicacag tuluy dibeulah dibukakeun. Disebutna palupuh atawa talupuh.
Alhamdulillah, najan teu saalus jeung teu sanyeni saung di villa, saung sakola sisi sawah téh geus réngsé. Lumayan keur niis, ngararasakeun hiliwirna angin bari muka laptop atawa maca buku. Ulah sotéh dipaké balak genep. Da éta mah tempatna di kolong saung.***
Agus Mulyana
0 Response to "SAUNG TALAHAB DAMPAR PALUPUH"
Posting Komentar