SANISKARA MILANGKALA KABUPATÉN KARAWANG DIPAGELARKEUN
KARAWANG - Warta Sunda Onliné,
Dina raraga miéling Kabupatén
Karawang ka-387 taun 2020 ieu, tangtu béda jeung taun-taun katukang, kulantaran masih
kénéh ayana sasalad Covid-19. Taun-taun katukang mah Hari Jadi dipagelar ku
ayana saniskarr kagiatan ogé ritual tradisi, tapi taun ayeuna mah acarana
sedernaha.
Sekda Kab. Karawang H. Acép Jamhuri netelakeun, dina situasi sasalad Covid-19, panitia rék ngawatesan kagiata miéling Kabupatén Karawang di lingkungan Pemkab sareng warga masarakat ku cara nerapkeun protokolér kaséhatan.
Téma nu
diangkat Hari Jadi ka-387 taun ieu,
nyaéta "Rempug
Jukung Sabilulungan Ngawangun Kota Pangkal Perjuangan", Inyana ogé ngajelaskeun
téma ieu nu ngandung harti yén sakabéh stake holdér
kudu gawé rancagé pikeun ngawujudkeun Karawang leuwih hadé.
"Tina hasil diskusi jeung rapat persiapan
HUT Karawang sawatara
waktu katukang sapuk téma
éta. Sok sanajan ayeuna Karawang
mapag pilkada, tapi warga masarakat
kudu tetep solid jeung bajuang babarengan pikeun ngawangun Karawang," pokna Sekda ka awak média, Salasa (8/9/2020) isuk.
Saniskara
miéling Hari Jadi, pokna Sekda, “Opat poé kagiatan dilumangsungkeun ti mimiti Pengajian jeung Do’a Bersama di
Masjid Agung Syech Quro Karawang lumangsung, Saptu,
12 September 2020 jam 08.00
WIB. Poma pengajian ieu sacara virtual.
Pon kitu
deui, jama’ahna nu datang ka
masjid ogé diwatesan sagkan teu nimbulkeun karumunan."
Salajengnaa poé Ahad, ping 13
September, 2020 jam 19.00 WIB dilaksanakeun
Tawasul Budaya jeung Ziarah di Makam Bupati Pertama
Karawang Adipati Singaperbangsa di Manggung Jaya, Kecamatan Cilamaya Kulon.
"Tangtuna tetep nerapkeun
protokolér kaséhatan
jeung ngajaga
jarak salila di aréa
makam," ngeceskeun.
Sedengkeun dina poé Senen, ping 14 September 2020 Agustus 2020 jam
08.00 WIB, dimagelarkeun Apel Besar HUT Karawang di Halaman Plaza Pemda dilajengkeun Rapat Paripurna DPRD Karawang jam
10.00 WIB.
"Tamu ondanganana ogé diwatesan tanpa ngurangan
makna jeung tradisi nu geus biasa,"
tambahna. Ogé teu hilap puncakna
HUT Karawang dipungkas ku
kagiatan Mancing Bersama poé,
Saptu ping 19 September
2020 ti mimiti jam 07.00 WIB. Kagiatan mancing
éta digelar di genep titik irigasi nyaéta ti mimiti Perumahan Bintang Alam, Kecamatan Telukjambe Timur,
Kecamatan Rengasdengklok, Cilamaya Wétan, Purwasari, Telukjambé
Timur jeung Majalaya.
"Pemkab nyadiakeun
5 ton lauk keur kagiatan
mancing haratis. Soal protokol kaséhatan,
keur mancing mah teu perlu berkerumun. Pamilon bisa
milari tempat nu kira-kira
cocok jeung haté poma tetep jaga
jarak tur tetep maké
masker," saur Sekda
mungkas.
Sumber ti
Diskominfo Kabupatén Karawang
0 Response to "SANISKARA MILANGKALA KABUPATÉN KARAWANG DIPAGELARKEUN"
Posting Komentar