WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

#Salasa_Pangling_KJC - Cacakan Nempel

 


#Salasa_Pangling_KJC

Tema     : Hirup
Genre    : Fiksi
Judul     : Cacakan Nempel
Penulis  : Anto Sukanto

Pangling ku titingalian kantor téh! Geuning geus hampir 4 bulan tara luhak-lohok ka kantor téh! 

Pedah ku kasibukan mikiran pangharepan nu can kalaksana. Mun tinimu tangtu kalinglap ku titingalian.

Luhak-lohok ka kantor sok isin nepungannana. Bisi kasebutna aya pangabutuh.

Padahal hayang ka kantor éta téh loba pitaroseun nu pakuat-pakait kana program. Ngan ku asa hoream we... rék ngadongdon téh!

Poé Senen, aya ibar jeung sobat di kantor éta. Dalah ku kuring téh dijangjikeun tepung nepungan dikantorna téh.

Poé Salasa, pabeubeurang amprok di buruan kantorna téh. 

"Aéh, asa ku kalinglap kantor sobat téh! Da geus 4 bulan, tara silaturahmi." Kitu gerentes haté saacan nepungan sobat 

Amprok jeung nu jangjian téh. Teu kungsi lila ngobrol ngalér ngidul. Sajongjonan dina obrolan téh, bari ku merhatikeun kondisi buruan kantor ku asa kalinglap. 

Katingal leuit ngajugrug diburuan hareupeun kantor. Gigireunna bréh injuk nu ditumpuk rek pibakaleun olaheun keur mamanis buruan kantor. Malahan dua ngajugrug nangtung nu disusun kana beusi nu dianyam.



Bréh tangkal katapang nu makbrak ngiuhan buruan kantor. Katingali nempelna benalu dina tangkal katapang. Di deukeutan jeung di sidik-sidik, ari sing horéng kémbang angkrék nempel dina tangkal katapang. Sanajan nempel éta angrék, ku Kakawasaan Ciptaan Alloh teu burung hirup we kémbang Anggrék téh . Malahan nambihan éndahna éta buruan kantor.

Komo mun buruan kantor haréjo ku saniskara kekembangan, tangtu matak betah nu ngadon namu. Jigana mun seug kadieu deui 4 bulan ka hareup, tangtu tetempoanana bakal leuwih hegar. 

Saperti témbong dina poto, lain agul ku poto. Tapi ku hayang poto Selfi heula kana kémbang Anggrék. 


Disdik Purwakarta,  15 September 2020

Tag PJ Admin

Asep Eri
Ratna Ning
Kang Rudi



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "#Salasa_Pangling_KJC - Cacakan Nempel"

Posting Komentar