WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PEPERENIAN URANG SUNDA




 *PEPERENIAN*

Ku: Qisantang


Jatining RASA RUMASA


Ciren manusa nu  diwaris *kajembaran rasa*,  

bakal katiten mapaésan kahirupan ku sumiratna cahaya kamulyaan ngadangiang ngubeng dirina.


Saliring dumadi

bakal apal kana *Titis jeung Tulisna*.


T i t i s,  anu  ngajadi wujud  (manusa).

T u l i s, anu  ngajadi sipat  (kamanusaan).


Hirupna binarung rasa-rumasa jeung ka-Élingan. 


Eling kana kadar diri *Dihin jeung Pinasti*.            

Dihin : kayakinan

Pinasti : papasten ti Gusti Ilahi Robbi anu mastikeun kapastian mutlak.


Mibanda *Rasa jeung Rumasa*

-Rasa anu katarima,

-Rumasa  panarimaan.


Hirupna pastina tinemu  kaparigelan keur nanjeurkeun diri, perceka nyungsi tapak jeung lacak geusan lajuninglaku pilalakoneun kahareup.


T a p a k :  alam nu geus di sorang,

L a c a k :  alam panyungsian  pilalakoneun.


Yén diri tetep  nyoreang alam katukang geusan nyawang narawang ka alam anu bakal disorang, tinangtu  bakal ngahasilkeun tetengger sangkan merenah lumampah moal nyasar.  Anu ngandung harti bakal salamet nya diri.

  

Silokana bihari ngancik di kiwari, sukma bisa nganjang ka alam pagéto (supagi), pameulina nyaeta *ta'amunnafsi* (renungkan diri) nyungsi *cupu manik batin* dina leuwi diri,  tapa *ngojayan aura jiwa* dina sagara rasa..

insyaAlloh...

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PEPERENIAN URANG SUNDA"

Posting Komentar