WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KMD Virtual Munggaran di Purwakarta Sakaligus Istrénan Sako Ma'arif NU

  

Istrénan Sako Ma’arif Nadhatul Ulama (NU) sarta Pembukaan KMD Virtual Sa-Purwakarta tempatna di MA Al-Irfan Jatiluhur, Purwakarta.* 
Laporan  Anto Sukanto

JATILUHUR – Warta Sunda Onliné,

M

asih dina kaayaan suasana pandemi Covid-19, sagala kagiatan tangtu rada kahambat saperti halna kagiatan kepanduan nu dibungkus ku kagiatan Kursus Mahir Dasar (KMD) jeung Istrénan Sako Ma’arif Nadhatul Ulama (NU) nepi ka disiasati ku virtual, sangkan tetep lumangsung. Lantaran kagiatan éta téh geus dianggalna saméméh covid-19 datang. Tungtungna pihak panatacalagara ngalumangsungkeun acara sacara virtual.



     “Ngan tetep nyuhun arahan ti pihak Kwartir Cabang (Kwarcab) nepi ka ayeuna lumangsung KMD Sacara Virtual ti ping 24 September dugika 30 September 2020.” Kitu ceuk Ketua Panatacalagara KMD Virtual 2020, Abad Badrudin ka Warta Sunda Onliné via whattApp, Salasa (29/9/2020).

Nurutkeun Abad, yén acara nu saperti kitu téh dibuka langsung ku Sekretaris Kwarcab Purwakarta, Kak. Wahyu Wibiesono. “Dina arahanna yén KMD téh dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan tur dibekelan kaélmuan kepramukaan.” Kitu basa nirukeun omongan Kak Wibi.



Malahan kagiatan KMD sacara virtual éta dibagi 6 (genep) zona nu ngawengku diantarana : Zona 1 : Purwakarta – Pasawahan, Zona 2 : Campaka, Cibatu, Babakancikao sarta Bungursari. Zona 3 : Wanayasa, Pondoksalam jeung Kiarapedes. Zona 4 : Darangdan – Bojong. Zona 5 : Pléréd, Maniis, Sukatani jeung Tegalwaru. Sarta Zona 6 : Jatiluhur – Sukasari. Lian ti éta materi nu dipasihannana nganggo sacara virtual.

Dina kagiatan KMD Virtual éta, panatacalagara gawé bareng sareng Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta.



Ditempat anu béda Kepala Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta, Kak Tri Kurniati, nyebutkeun yén hiji-hijina acara KMD sacara Virtual sa-Jawa Barat dipitembeyan di Kabupatén Purwakarta. Ngamangpaatkeun situasi Covid-19 ku ngalumangungkeun KMD Virtual 2020 sarta isténan Satuan Komunitas Al-Ma'arif NU Purwakarta.



Kak Tri, leuwih ngajelaskeun kana teknis KMD Virtual, saperti halna KMD téh sacara During jeung Luring. Ngan KMD nu Daring mah dibagi 6 zona nya éta Zona 1 : Purwakarta – Pasawahan, Zona 2 : Campaka, Cibatu, Babakancikao sarta Bungursari. Zona 3 : Wanayasa, Pondoksalam jeung Kiarapedes. Zona 4 : Darangdan – Bojong. Zona 5 : Pléréd, Maniis, Sukatani jeung Tegalwaru. Sarta Zona 6 : Jatiluhur – Sukasari.

Sedengkeun dina during mah dipandu ku 7 urang nu ngawengku diantarana Pinsus : Kak Yani, Pelatih Siaga : Kak IKa sareng Heri. Pelatih Penggalang : Kak Ade Suhayat sareng Kak Tri Kurniati. Sarta Pelatih Penegak : Kak Hedi sareng Kak Narkum.

Disagedengeun éta, yén Pelatih Luring diantarana Pelatih Siaga : Kak IKa sareng Heri, Pelatih Penggalang Ka Sukiman, Kak Nurul sarta Kak Amir. Pelatih Penegak : Kak Hedi, Uhan, Sapudin, Yantika Dewi, Ardi Qurnaén, Didin Saépudin, sarta Kak Uyat.

Dina hal ieu mah materina umum nu ditepikeun sarua jeung nu biasa, ngan nu ngabentenkeunana mah, tina during mah pamilo dipoto luyu sareng arahan pelatih, saterasna 2 – 3 poé diteras kana Luring langkung diefektikeun deui, sabab KMD kedah seueur praktek, nyatana dina luring (tatap muka).

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén pamilon nu milu aub kana éta kagiatan téh aya kana 50 urang nu diwatés ku panitia sarta tetep ngajalankeun protokolér kaséhatan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KMD Virtual Munggaran di Purwakarta Sakaligus Istrénan Sako Ma'arif NU"

Posting Komentar