Hujan Tadi soré : Motor jeung Mobil Huhujanan Lir Ibaratkeun Bebek Muru Cai.
Kondisi patalimarga banjir di jalan Ipik Gandamanah parapatan Kp. Rawasari Kelurahan Munjul Jaya Kecamatan/Kabupatén Purwakarta.*
Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
Soré ieu, jam 15.25 WIB (13/9/2020) Kota Purwakarta diguyur hujan. Malah mandar nepika banjir sagala di jalan Ipik Gandamanah parapatan Kp. Rawasari Kelurahan Munjul Jaya Kecamatan/Kabupatén Purwakarta.
Antukna patalimarga di wewengkon Kelurahan Munjul Jaya sabudeureunna, cai ngeuyeumbeu, pon kitu deui motor jeung mobil huhujanan lir ibaratkeun bebek muru cai. Kitu ceuk Erwin ditepikeun ka Warta Sunda Onliné.
Hujan soré éta mah berkah. Kulantaran geus sababaraha bulan dina kaayaan sasalad covid-19, halodo panjang. Mugia hujan di Kecamatan Kota Purwakarta, di kecamatan séjénna ogé kagilir hujan.
Lain hakna ceuk Mang Barna, (45) warga Kp./Désa Malangnengah Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta nguping diwargina hujan di Kecamatan Purwakarta, ngadu'akeun sangkan hujan dilemburna, kulantaran balong jeung sawah kahalodoan, poma deui sumur-sumur warga mah, sami mawon sumurna saraat.***
0 Response to "Hujan Tadi soré : Motor jeung Mobil Huhujanan Lir Ibaratkeun Bebek Muru Cai."
Posting Komentar