WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Purwakarta Ngaresmikeun Sakola Satu Atap Imbas Proyek Kereta Cepat Jakarta-Bandung

  

Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika nalika ngaresmikeun unit bangunan sekolah, di Désa Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, Rebu (2/9/2020).*

"Imbas tina proyek strategis nasional Kereta Cepat Jakarta-Bandung, Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngaresmikeun unit bangunan Sekolah Satu Atap (Satap) Taman Kanak-kanak (TK), Sekolah Dasar (SD), Sekolah Menengah Pertama(SMP) nu parantos direlokasi saméméhna di Désa Malangnengah Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta."

MALANGNENGAH – Warta Sunda Onliné,

Imbas tina proyek strategis nasional Kereta Cepat Jakarta-Bandung, Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngaresmikeun unit bangunan Sekolah Satu Atap (Satap) Taman Kanak-kanak (TK), Sekolah Dasar (SD), Sekolah Menengah Pertama(SMP) nu parantos direlokasi saméméhna di Désa Malangnengah Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta.

Inyana negeskeun, ku ieu ngarupakeun komitmen ti PT. KCIC , PT. BSBI jeung PT. WIKA, pikeun ngarelokasi sakola nu keuna imbas tina pangwangunan proyek nasional éta.

"Ayeuna bangunan sakolana representatif tibatan unit sakola saméméhna," pokna Anne nalika ngaresmikeun unit bangunan sekolah, di Désa Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, Rebu (2/9/2020).



Pihakna, ngeceskeun yén bangunan éta rék di jadikeun standar pikeun sakola lain sangkan jadi standar nu sarua tina saniskara fasilitas nu aya.

"Dipiharep tiasa janten motifasi ka barudak didik keur dialajar leuwih giat deuiPakut-pakait jeung masa pembelajaran suasana pandemi Covid-19, sementawis pemkab rék ningalaki situasi jeung kaayaan zona, mun seug geus zona hijau, pihakna rék ngupayakeun kagiatan belajar kana tatap muka," pokna.

Lain halna ceuk Direktur HR, LA dan Aset Puspita Anggraeni PT. KCIC, pihakna ngamimitia proses kana pangwangunan dina bulan Desember kamarisarta rengsé sababaraha bulan.

"Pihakna ngamimitia ahir taun kamari, dina bulan Juli sawatara katukang geus beres proses pangwangunan sakola satu atap ieusarta geus nyerenkeun ka pemkab. Memang geus luyu sareng rencana, pihakna nyiapkeun unit sekola ieu saméméh masa pandemi berestapi kanyataanna mah, lain sual. Nu satadina hoyong nepika dianggo langsung kubarudak sakarola nganggo sakola unit anyar.," Pokna.

Pihakna hayang nunjukeun, yén proyek KCIC ieu sabenernleuwih ningkat tina fasilitas nu aya keur masarakat. Tina total 2 unit sakola di Jawa Barat nu keuna rimbas proyek kereta cepat ieu.

"Di Purwakarta mah ngan saukur 1 (hiji) sakola nu di relokasi. Mun ngawangun anyar mah sesahtapi kulantaran ieu mah mindahkeun akibat ayana pembangunan kereta cepat ieu, relokasi sakola éta bisa jalan tur lancar," tambahna.

Inyana nuturkeun, anapon fasilitas pikeun penunjang di aréa sakola etasaperti fasilitas belajar, fasilitas olah raga.

"Lian ti éta, keur ruang terbuka hijauna keur ngakomodir sakabéh kagiatan, sarta bisa jadi percontohan keur sakola nu lainna di Purwakarta," pokna. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bupati Purwakarta Ngaresmikeun Sakola Satu Atap Imbas Proyek Kereta Cepat Jakarta-Bandung"

Posting Komentar