WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

AYA NAON PGRI ADU RENYOM JEUNG YPLP DIKTI PGRI KARAWANG???

 

Katerangan poto :
Témbong dina poto ti kénca Ketua PGRI Karawang Drs. Nandang Mulyana. Ti katuhu : Drs. Undang Sukarta, M.M. (Ketua YPLP PGRI DIKTI Karawang sakaligus salaku Wakil Ketua 1 PD II PGRI Karawang).*

KARAWANG – Warta Sunda Onliné,

P

ersatun Guru Republik Indonésia (PGRI) Kabupatén Karawang, poé kamari, Kemis (17/9/2020) ngayakeun gempungan jeung pangurus inti dina raraga pikeun nyawalakeun pakuat-pakait programna. Acara éta lumangsung tempatna di Gedung PGRI Kabupatén Karawang Jalan Husni Hamid Kecamatan Karawang Barat Kabupatén Karawang.

"PGRI Karawang rék muka perguruan tinggi, ayeuna keur diadurenyomkeun heula!!!"

Dina hal ieu, pihakna nepika ngondang YPLP DIKTI PGRI Karawang adu renyom pikeun nyawalakeun program kerja kapangurusan PGRI Karawang Periode 2020-2025. Kitu nu kasaurn Ketua  PGRI Karawang, Drs. Nandang Mulyana ka Warta Sunda Onliné sabada rapat kerja di sekretariatna.

 

Inyana nyeubutkeun yén kiwari keur nyawalakeun rék muka sakola paguron luhur nu diaranan IKIP PGRI Karawang. Malah mandar nepika gawé bareng jeung pihak Yayasan Pembina Lembaga Pendidikan (YPLP) DIKTI PGRI Karawang, nu tujuanna anak-anak guru sakola di paguron luhur sangkan jucung kahareupna.

 Pihakna ogé ngajelaskeun yén dina gempungan sareng pihak YPLP DIKTI PGRI Karawang nu ngawengku YPLP Dikmen Pendidikan Menengah ti mimiti SMP/MTs katut SMK/SMA ogé YPLP Dikti Perguruan tinggi pikeun ngarumuskeun sangkan ngawujudna IKIP PGRI Karawang dina nyiapkeun SDM na anu kompeten. Pokna pupuhu PGRI Karawang, Drs. Nandang Mulyana.

Dina kasempetan éta ogé, Ketua YPLP PGRI Karawang Drs. Undang Sukarta, M.M. ku karancagéan pihak PGRI Karawang nu rék gawujudkeun sakola pagurun luhur éta, ngiring bingah. Lantaran anak-anak guruna diarahkeun karuliah di IKIP PGRI Karawang, pon kitu deui lain mung saukur anak guru nu diutamakeun téh, masarakat umum ogé bisa milu ngarasakeun sakola di paguron luhur nu rencanana ayana IKIP PGRI Karawang.

“Tangtu langkung anteb anak-anak guruna pikeun neuleuman élmu kaguruan di IKIP PGRI Karawang,” pokna Undang Sukarta.*** (Very)

 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "AYA NAON PGRI ADU RENYOM JEUNG YPLP DIKTI PGRI KARAWANG???"

Posting Komentar