WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin

 



PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,

Sapuluh imah milik warga Kampung Cisarua RW.02 RT.013 sarta RT.14 Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (26/9/2020) keuna kamusibahan angin puting beliung, nu ngabalukarkeun imah warga ancur. Dina hal ieu mah teu aya korban jiwa tina musibah éta, lantaran wargana aya dilaluar imah.

 


Kajadian angin gedé éta datangna ti beulah kidul kira-kira 16.00 WIB. Musibah éta ngabalukarkeu kenteng-kenteng imah tur kai-kai penyanggah imahna ogé kabawa ngapung teu kuat nahan angin. "Kajadian lumangsung aya kana 10 menitan," kitu ceuk Sopandi (68) warga setempat ka Warta Sunda Nusantara, poé Ahad (27/9/2020).

 


Nurutkeun sumber, yén imah warga ancur akibat angin puting beliung éta diantrana imah 1. Bapa Sudirman kamar jeung dapur roboh, 2. Bapa Uud kentengna haliber, 3. Bapa Asép hateup dapur kabawa ngapung, 4. Bapa Denih ogé hateup imah katut kentengna ka bawa ngapung, 5. Bapa Tupiadi asbes kentengna ka bawa ngapung, 6. ema Aisah hateup kenteng hiber, 7. Bapa H Karma hateup kenteng ogé ka baw ngapung, 8. Bapa H Odin teu jauh béda, 9. ema Amay mah hateup asbesna ka bawa ngapung sarta 10. Bapa Hendi témbok kamar hateupna roboh.

 

Tina panalungtikan ka lakosi poé Ahad (27/9/2020), warga katut Babinsa Désa Sukamulya, Anggota Damkar, Karang Taruna, LSM Kompak, BPBD Kecamatan Tegalwaru, Komunitas Sinteg milu aub ngalaksanakeun kagiatan bakti sosial ku mangrupa bebersih ruruntuk imah ogé baria masang kenteng nu kamusibaha angin puting beliung nu kajadian poé saptu téa.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "10 Imah Warga di Kp. Cisarua Désa Sukamulya, Tegalwaru Kabawa Angin"

Posting Komentar