WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Upacara Virtual Gerakan Pramuka ka-59



PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,

Miéling Gerakan Pramuka nu biasa dipagelarkeun ping 14 Agustus, taun ayeuna mah lumangsung Salasa, ping 25 Agustus 2020 di puseurkeun di Maya Datar  Kabupaten Purwakarta, acara nu kalintang sederhana nyaéta magelarkeun Upacara Virtual sacara zoom meeting nu disiarkeun langsung ka kwarran masing-masing.



Dina hal ieu mah, Gerakan Pramuka Kwarran Sukatani milu aub miéling Gerakan Pramuka ka 59 ku cara nongton bareng nu ngagunakeun zoom meeting di kantor Kecamatan Sukatani.



Acara nu dihadiran ti unsur Mabiran Sukatani, Kwarran Sukatani, Mabigus Se-Kwarran Sukatani, Pamong Saka, Jeung DKR Sukatani.

Pupuhu nomer dua Kwarran Sukatani, Adé Suhayat, (Sekretaris Kwarran), "Acara upacara virtual Gerakan Pramuka ka-59, sacara sederhana nongton biantara jeung tawis soca nu disiarkeun sacara virtual saperti pembacaan Masihan tawis soca Tanda Penghargaan Pancawarsa jeung Nampi Penghargaan Dharma Bhakti. Pembacaan éta nu dibewarakeun ku Sekretaris Kwarcab, Ka. Wibisono.



Sedengkeun di Kwarran Sukatani nyaéta (Adé Suhayat, S.Pd layang pangajen Pancawarsa VI, sarta Narkum, S.Ag,. M.Pd.I layang pamgajen Pancawarsa II, sareng nu Nampi Penghargaan Dharma Bhakti Ka Pusdiklatcab (Ka. Tri), Ka Qurnaén, Sapudin, Ka Uyat Suhayat jeung penghargaan nu séjénna.***








Subscribe to receive free email updates: