Sigapna Kepolisian Newak Kasus Pembunuhan di Cikopak Purwakarta
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
Pihak Kepolisian sapoé éta mah
langsung newak kasus pembunuhan di
mobil Avanza warna hideung plat nopol T 1143 AG di gang Pondok Pesantren Nurul
Hidayah, Jalan Alternatif Cikopak, Desa Mulyamekar, Kecamatan Babakancikao,
Purwakarta, Kamis (6/8/2020). Nu buktina dijero mobil aya saurang lalaki nu
pinuh ditembak.
Hasil tina
panalungtikan pihak pulisi nu muka plat nomér yén nomor polisi T 1143 AG éta
téh nomer mobil palsu. Tapi mobil avansa hideung éta téh plat nomer B 1170 VKH. Nepika ditingal tina pengecekan pajak
di sistem samsat, mobil éta téh warna hideug. Sedengkeun nomor polisi T 1143 AG éta mobil warna bodas.
Kasatlantas
Polres Purwakarta, AKP Zanuar Cahyo Wibowo, pihakna ngabenerkeun yén memang
pelat nomor mobil éta téh palsu, malah nu sabenern nopol B 1170 VKH.
Nepika diturunkeun warta ieu téh, aparat kepolisian Sat Reskrim Polres Purwakarta can bisa méré katerangan nu leuwih jelas kasus ieu téh.
Ditempat nu
béda, hasil tina koordinasi sareng kepolisian nu lainna, siang tadi jam 12.40
WIB di jalan TOL KM 125 arah Jalur Bandung 8 urang katangkep dijero mobil
Avanza hideung mobil plat nomer D 1074 XI nu indikasina ungkara diluhur. Sapertos
témbong dina gambar.***
0 Response to "Sigapna Kepolisian Newak Kasus Pembunuhan di Cikopak Purwakarta"
Posting Komentar