Reueus Ka Budaya Sorangan
Reueus Ka Budaya Sorangan
Cep Dodod: Di jaman kiwari mung sakedik nonoman Sunda nu wawuh ka budayana nya mang?
Mang Warsun: Be'ne'r ,cep!
Cep Dodod: Kedah aya conto ti pupuhu ogé panginten
Mang Warsun: Mantan Bupati Purwakarta, kang Dedi Mulyadi. Teu bosen-bosen ngajak masarakat, pikeun ngarumat budaya urang sangkan teu kakikis ku budaya luar.
Cep Dodod: Oh muhun, anjeuna biasa ngangge iket nya mang?
Mang Warsun: Makuta Wangsa, nyaéta nu biasa diangge ku raja-raja Sunda di jaman karajaan. Sing saha waé nu ngangge Makuta Wangsa, kudu ngamalkeun Panca Dharma.
Cep Dodod: Naon Panca Darma téh mang?
Mang Warsun: Panca Darma hartina Lima awal kahirupan. Diantarana: 1. Apal jeung hormat ka Purwadaksina, 2. Nurut kana hukum jeung aturan, 3. Boga élmu teu meunang bodo, 4. Ngaagungkeun sanghiyang tunggal (gusti Allah SWT), nu ka 5. Padmungkas nyaéta bakti ka lemah cai.***
0 Response to "Reueus Ka Budaya Sorangan"
Posting Komentar