Novel Sunda : Rungkun Tresna di Patenggeng
Rungkun Tresna di Patenggeng
Ku : Ratna Ning
Nangtung di datar Patenggeng. Sisi walungan Ciasem. Nu ngangkrong caina celong.
Lir celongna soca Rengganis.
Sapeuting jeput ceurik bari nyamuni. Nyumputkeun beueus cisoca bari lumpat nyéngcangkeun diri.
Baheula, mun seug pundung diseukseukan ema, panyumputan téh sok los ka imah uyut. Saung panggung tina awi, tepasna ku papan nu geus leucir.
Uyut nu sok teu weléh seuri bari ngabulaéh nyeupah. Sepuh kayungyun nu langka loba geuhgeuy jeung carékna.
Ingetan Anis kumalayang, nuuskeun cileungcang nu nyangkrung. Haté Anis asa kabeberah mun ras jaman baheula. Najan geus dedel ku lampah pait tur peuheur, tapi aya udat udat tresna nu ngaitkeun saban katineung.
"Geus dahar encan Nyi?" Uyut sok ngaluarkeun pananya nu sarua mun Rengganis nyampeurkeun ka imahna.
Rengganis gideug. Kop kana wadah seupaheun. Nilepkeun seureuh, nyemplékeun gambir, diteundeun di tungtung tilepan seureuh. Lédak apu di luhurna, tuluy dipintel-pintel. Belewek, tuluy digayem. Karasa haneut, pait jeung peuheur. Sok meureudeuy.
"Pait seupah téh Yut. Naha uyut bet beuki?" Ngomong kitu téh sok bari angger digayem dienyem enyem. Meureudeuy deui. Lila-lila biwir ngabulaéh beureum. Aya campur rasa haseum. Ngabirigidig. Uyut sok ngehkey nempo pamolah Rengganis.
"Naaa rupa-rupa waé ari Nyai..."ngomong kitu leungeunna ngodok pesak kutang bodas nu geus semu harideung balas ku cetian. Goréhél duit satalén.
"Jug, meuli pais oncom atawa seupan waluh kaituh ka warung ma Uti, geura dahar" Rengganis curinghak. Giak nyiduhkeun seupah nu geus ngabulaéh, Nampa duit salawé pérak ti uyut. Deregdeg lumpat ka warung ma Uti. Namper pisan na ingetan Anis, naon waé pangeusi warung ma Uti nu mangrupa jajanan warung jaman harita. Kulub waluh sagedé gedé hulu orok, nu tara kungsi ngagateng lila dina luhur piring dagangan.
Urab waluh, pais oncom, comro, misro, gegeplak, koya, es bongbon si kojek jeung rujak kangkung jeung salada. Ukur sakitu jeung tara lila. Teu kungsi tengah poé, dagangan ngemplong kari wadahna. Teu rék kitu kumaha, keur mah murah jabaning sok méré emboh.
Méh unggal poé, mun balik sakola, sok nyampeurkeun Uyut. Da sok tuluy dititah dahar, sangu liwet jeung pais oncom nu surawungna maro.
Kitu tèh keur Uyut misah di imah panggung. Saung awi nu palupuhna papan leucir, genah tiis mun dipaké gogolèran.
Saprak Uyut diajak pindah ku uwa, tara iyeuh unggal poé.
"Tah si Nongnong, budak demés téh rék nanaonan kadieu? Ngolo uyut meureun nya? Ngoloan waé nini-nini, digawé hayang duit mah. Pangepélkeun uwa, ké dibéré mapuluh pérak!"
Kangaranan budak leutik, ari dibibita ku buruh mah pasti giak. Rengganis teu jauh béda. Sok tuluy cakah cikih sapanuduh. Ngalépor ngepél. Kituna téh mun nitah tara anggeus hiji. Ieu jingjing itu bawa. Ngepél anggeus, nuduh deui panitah séjénna. Nyeuseuh téa, ngalicin téa, ngumbah piring tepi ka béak waktuna.
"Jug geura balik. Tah bawa deungeun sangu!" Uwa ngasongkeun mangkok palastik. Eusina tumis kulit saciringkil. Rengganis ngahuleng, nungguan buruhan anu teu sok waé.
Kitu pamolah uwa, beuki ngomong, sok popoyok, cedihan, mun nitah kudu pok torolong jeung tara sahiji. Ngaburudul jiga hujan jeung baladna. Tapi kana buruh, sok hararésé.
"Kedul si nongnong mah di titah ku kolot téh. Padahal tara ieuh dibongkoran ku buruhan..." sok kitu ngadagangkeun suan ka tatangga.
Rengganis teu paduli, sok ngabandel tara ieuh didéngé. Bongan tara diburuhan.
Rengganis wanoja wedalan kampung. Lain teureuh ménak. Anak bulu taneuh. Bapana sok kuli sagala rupa. Kuli macul, kuli bangunan, kuli ngangon paparoan jeung dulurna nu mampuh. Ema kawilang ti kulawarga nyampak. Aki pangsiunan tentara nu kungsi ngilu perang jaman revolusi. Sawah kebon upluk aplak. Beunghar lembur lubak libuk hasil tatanén.
Nyambung
0 Response to "Novel Sunda : Rungkun Tresna di Patenggeng"
Posting Komentar