Mang Warsun : Miéling Kamerdikaan
Miéling Kamerdikaan
Cép Dodod: Numutkeun Kasauran bupati Purwakarta, Ambu Anne Ratna Mustika. Nyebatkeun yén dina raraga miéling kamerdikaan RI nu ka 75 taun ieu teu kedah hajat rongkah.
Mang Warsun: Be'ne'r pisan teu meunang kaleuleuwihan. Kajaba ayeuna nuju usum korona.
Cep Dodod: Muhun mang, bilih patalepa panyawat korona. Hususna akibat ruang riung.
Mang Warsun: Mending tafakur, tasyakur, tadakur, ogé ngisi kamerdikaan ieu ku jalan nu dipikaridho ku Gusti Alloh.
Cep Dodod: Leres pisan mang
Mang Warsun: Harenghéng cép, di 75 taun bangsa urang merdeka. Pangangguran, PHK, ogé korupsi rembel dimana-mana.***
0 Response to "Mang Warsun : Miéling Kamerdikaan"
Posting Komentar