Hiji Deui Pajuang Islam di Purwakarta Tilar Dunya
WANAYASA – Warta Sunda Onliné,
Jagat Purwakarta reumbay cimata, poma Santri jeung santriwan, para Ulama,
katut alumni Pondok Pesantren
Al-Hikamussalafiyah Cipulus, Kecamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta leungiteun panutanna. Dina
hal ieu mah, poé Senen, ping 3 Agustus 2020, jam 10.25 minangka ibarna Abah
Cipulus (KH. Adang Badruddin) tilar dunya ninggalkeun
urang sadayana.
Ibarna éta téh janten ibar anu panungtungan Abah Cipulus dina ngibarkeun
panji-panji widang agama ka balaréa. Jasa-jasana dina ngajomantarakeun ka
Islaman teu leupas ti wejangan-wejangan Abah nu welas asih ka para santrina.
Kitu ditetelakeun ku M. Nugeraha Alumni Ponpos Al-Hikamussalafiyah Cipulus, Kecamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta ka Warta Sunda Onliné,
nu kiwari keur neruskeun ngobong di Mamang Abdul Mujib Cilalawi.
“Nguping ibar Abah asa ku dirundung duka nu gedé, keur mah terakhir tepag lima taun katukang nalika diwuruk ku Abah ngeunaan bag-bagan Agama Islam. Mugia élmu anjeunna (KH. Adang Badruddin) tiasa di amalkeun ku sim kuring diwewengkonna,” pokna Nugeraha.
Lain halna ceuk Keluarga Besar
Kantor Kementrian Agama (Kemenag) Kabupatén Purwakarta ogé ngiring sungkawa ku wafatna KH Adang Badruddin (Abah Cipulus), nampi béja ngantunkeun.
"Pihakna ngiring sungkawa ka KH Abah Adang Badruddin, mugia amal ibadah anjeuna, ditarima
ku Allah SWT sarta ditempatkeun di sisi-Na," Pokna Tedi.
Tedi ogé nambihkeun ka nu dikantunkeunna, mugia keluargana, sing dipaparin kasobaran tur dipasihan katabahan.
"Innalillahi
wainnailaihi raji’un. Warga Purwakarta ngeclak cimata ku ngantunkeunna Abah Cipulus, tangtu leungiteun pajuang Islam
di tatar Purwakarta nu konsisten dina ngabela kaagamaan,” pokna Kepala Kemanag.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun yén
KH Adang Badruddin ngarupakeun Ketua Umum Forum Silaturahmi Guru Ngaji
Nusantara (FSGN Nusantara) tilar dunya dina yuswa 77 tahun, poé Senen
(3/8/2020), jam 10.00 WIB.***
0 Response to "Hiji Deui Pajuang Islam di Purwakarta Tilar Dunya"
Posting Komentar