WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Guru SDN 2 Kémbangkuning Jatiluhur Dianteur ku ORTU Dina Nerapkeun PJJ


JATILUHUR - Warta Sunda Onliné,

P

JJ di Jatiluhur tetep nerapkeun Protokolér Kaséhatan antara juru atik katut siswana dina diajar during jeung luring, dina kaayaan sasalad covid-19. Salasahijina di SDN 2 Kémbangkuning sistem pembelajaranna sapertos kitu.

 

Teu jauh béda jeung sakola nu séjén dina nerapkeun Pembelajaran Jarak Jauh (PJJ) atawa Belajar di Rumah (BJR). Kituna ogé Sakola nu caket sareng Korwil IV Jatiluhur-Sukasari di Gugus 2 Industri. Saur Kepala SDN 2 Kémbangkuning Kecamatan Jatiluhur Kabupatén Purwakarta, Lilis Nurjanah, S.Pd ka Warta Sunda Onliné, ngabenerkeun ungkara diluhur éta téh. Malihan, sistem pembelajaranna téh tiap kelas dibagi sababaraha kelompok, saperti hiji kelompok siswana 5 urang dipandu ku guru wali kelas masing-masing imah warga (home visit) luyu sareng kelopok luring jeung during di imah warga.

Tina laporan juru atik ka sim kuring pembelajaran ieu, resep-teu resep kulantaran kaayaan sasalad covid-19 ieu, pihak orang tua siswa sami waé milu aub dina ngabantos sakola. Malahan tempat KBM na ogé digilir diimah warga, nepika guru nu teu terang bumi salahsahiji muridna dijajapkeun ka lokasi. Kitu nirukeun salasaurang guru dilapangan dina nerapkeun PJJ di imah warga.


“Proses pembelajaran BJR ieu nu pang tebihna mah di Tanggul Kyat Eligen, nilik jarak tempuh ti sakola nu kalintang lumayan tebih,” pokna Ibu Lilis.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, jumlah siswana ngan 135 urang sarta 11 urang rengrengan juru atik kalebet pasapon tur guru honorér sareng kepala sekolah tetep nerapkeun sistem protokolér kaséhatanna dina KBM di masarakat.*** 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Guru SDN 2 Kémbangkuning Jatiluhur Dianteur ku ORTU Dina Nerapkeun PJJ"

Posting Komentar