Guru Honor Di Karawang rék Meunang BSU ti Pusat
Sekretaris Forum Guru Honor Karawang Novia Purna Irawan.*
KARAWANG, Warta Sunda Onliné,
Béja guru honor rék kenging bantuan subsidi upah (BSU) ti pamaréntah pusat gedéna Rp. 600 ribu per bulan, bantuan éta rék dpasihkeun salila genep bulan. Mang hanjakalkeun tepika kiwari , mekanisme pemberian bantuan can jelas.
Sekretaris Forum Guru Honor Karawang Novia Purna Irawan, pihakna ngaku can apal rencana ayana bantuan ka guru honor ti kementerian. Namung ibar éta matak pikabungaheun para guru honor. “Sim kuring teu apal ibar nu saperti kitu téh. Tapi mun leres mah, mudah-mudahan realisasi,” pokna, ka Radar Karawang, Salasa (25/8).
Novia ogé perwakilan guru di SDN Karangpawitan III, sasalad pandemi Covid-19 ieu téh, kabéh guru honor di Karawang kenging tambahan penghasilan tina dana PMMS. “Malahan kakarék kamaru cairna tilu bulan. Sedengkeun nominalna béda-béda jeung nu babakti nu geus lila,” pokna.
Disagedengeun éta, saur Novia, mun aya bantuan ti pamaréntah, inyana miharep honor K2 bisa leuwih diprioritaskeun, tina hal kasejahteraan atawa tina proses perekrutan PPPK. “Kulantaran honor K2 geus loba di PHP ku pamaréntah pusat. Harita pernah dijangjikeun rék diangkat PNS, tapi hasilna nihil,” pokna deui.***
A.Mugian/Geri.
0 Response to "Guru Honor Di Karawang rék Meunang BSU ti Pusat"
Posting Komentar