Carpon : BELUT SILUMAN
BELUT SILUMAN
ku: Agus Mulyana
Sisinarieun peuting téh karasana haneuteun. Bulan mabra nyaangan lembur. Angin ngahiliwir mawa hawa haneut kana awak. Tangkal caringin di tungtung lembur, nu biasana geueuman, ayeuna katempo hégar semu marahmay.
Jam satengah satu peuting, mulang ngobor belut ti sawah Citamiang, laju mapay susukan nepi ka Pasircaringin. Leumpang senang, kawantu beubeunangan mucekil. Émbér palastik wadah belut, méh satengahna kaeusi. Taksiran, moal kurang ti 3 kilo beubeunangan belut peuting ayeuna.
Indit bada magrib, mapay sawah meunang nganglér tukangeun imah. Parat nepi ka sawah Citamiang, nu sohor loba belutna.
Keur indit mah teu karasa capé, katungkulkeun ku rasa resep loba belut kalaluar tina liangna. Ngan, ayeuna mangsana mulang karasa seunggah. Ti Pasircaringin ka imah téh moal kurang ti 7 kilométer. Jaba jalanna nanjak. Ari rék mapay deui galengan rada nguriling. Antukna milih jalan désa nu motong ka lembur.
Keur jongjon leumpang, kadéngé sora motor tukangeun. Reg, ngarandeg heula. Susuganan wawuh jeung nyorangan, rék milu balik. Geus deukeut, tétéla nyorangan. Singhoréng Kang Uho, tatangga lembur nu kakara mulang kuli ti Bandung.
(Aya terasanana)
Panasaran caritana nyambung
BalasHapus