15 Sapi di Kurbankeun ku Santri-santriwati Al-Muhajirin
PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,
Poéan Idul Adha 1441 H/2020 ping 31 Juli 220, kaleresan Juma'ah barokah masih dina kaayaan sasalad covid-19, tangtu idul kurban ayeuna béda jeung ti taun-taun katukang.
Biasana, Idul Adha identik jeung meuncit hewani kurban. Saperti nu dilaksanakeun di pondok pesantren Al Muhajirin Purwakarta, proses tina meuncit hewan kurban di ponpes Al Muhajirin teu leupas nerapkeun protokolér kaséhatan.
Lian tina kagiatan meuncit sato kurban luyu sareng protokolér kaséhatan téh, Ponpes nu jumlah rebuan santri ogé magelarkeun sholat Ied tetep kana anjuran pamaréntah ngeunaan pencegahan dan penanggulangan Covid-19.
Sabada sholat Ied, jajaran pangurus ponpes Al Muhajirin geus nyiapkein 15 sapi keur dijadikeun hewan kurban dina poéan hari raya Idul Adha ieu.
Pimpinan Ponpes Al Muhajirin, KH. Abun Bunyamin ngeceskeun, yén tradisi kurban ieu geus jadi tradisi Ponpes Al Muhajirin ti mimiti ngafegna Ponpes ieu, satiap Idul Adha dongkap. Malah mandar hewan kurban nu kakumpul minangka hasil tina infak shodaqoh para santrina ogé bantuan di gubernur Jawa Barat.
"Alhamdulillah taun ieu, ponpes Al Muhajirin bisa motong 15 ekor sapi salasahijina ti bantuan pa Gubernur Jawa Barat," pokna KH. Abun ka awak média, Juma'ah (31/07/2020).
Saur KH. Abun, para santri arikhlas masihan infak shodaqoh kanggo kurban, ieu téh tangtos dina diri santri geus ngabentuk karakter santri anu welas asih. Samalah, engkéna daging kurban éta dibagikan ka sakuliaheun wewengkon pondok, nyaéta ka keluarga besar sarta masarakat.
"Kituna ogé, daging kurban dibagikan ku para santri nu saméméhna tos ditugaskeun ku cara sistem door to door ka bumina di sakuliaheun ponpes," pokna.
Lian dibagikeun cara door to door, tambah KH. Abun, ogé masarakat datang langsung ka pondok.
Kukituna KH. Abun Bunyamin peupeujeuh, yén karakter iklas dina diri santri, tangtos kaikhlasanna teu jedah dirsgukeun deui, malihan janten pikareueuseun nu janten sepuhna sewang-sewangan. Luyu sareng katauladanan Nabi Ibrahim As.***
0 Response to "15 Sapi di Kurbankeun ku Santri-santriwati Al-Muhajirin"
Posting Komentar